Selasa, 26 April 2011

Hiji peuting manehna ngarang carita cinta

 Ku : narazaruddin Azhar

Hiji peuting manehna ngarang carita cinta. Deui-deui carita cinta.

Kamarna jempling tengah peuting, memeh kadenge sora mesin ketik manehna terektek-terektek tring. Dina tungtung huleng karihut tarang. Di luar taya kajadian nanaon nu aheng. Tapi manehna nuliskeun angin nu ngahiliwir nebak kana buuk hiji wanoja nu kacida endahna. Basa ngareret sareretan ka buruan imahna tina jandela nu ngahaja dibuka aya hiji pasosore nu kacida pisan bengrasna nu dina simpena ngadadak rajeg tangkal camara nu jiga geus puluhan taun tumuwuh dina jero taneuh tur poe ieu pisan sakabehna marucunghul pikeun latar eta wanoja nu nangtung neuteup manehna. Ramo-ramona ngarandeg luhureun mesin ketik. Ret deui. Eta wanoja imut.

Manehna sadar yen manehna keur nulis hiji carita cinta. Jadi teu cukup ku imut wungkul. Eta wanoja kudu bari jeung ngagupaykeun ramo-ramona nu lalancip lir pucuk eurih, nu kacida lemesna sabot patarema jeung ramo-ramona nu kiwari keur mencetan tut mesin ketik. Terektekterektekterektek tring sorolok, dina jajaran nu ka sakitu dina lambaran kertas teuing kasabaraha lambarna –lian ti nu geus nyayang na wadah runtah, eta wanoja teh geus diuk gigireunana.

Handapeun tangkal camara nahun. Batu lempar. Walungan gumenclang herang ngamalir alon ka kalerkeun. Taya tiktek arloji. Mangsa lumangsung di luar linggeran waktu.

Manehna nulis. Bengras langit semu beureum. Daun-daun camara lir nu usik saperluna da angin nu keur sumedeng laweun bangunna teh leuwih resep nebak kana amis cau eta wanoja. Apal keneh, amis cau nu eta pisan nu kungsi diusap ku tungtung ramo teh. Halis eta pisan nu kungsi diusap ku biwirna teh. Bulu panonna nu sanajan teu carentik jiga dina rumpaka lagu heubeul, tapi sampurna mapaes sapasang panonna nu kungsi peureum hayam dina dadana bareto, basa manehna dina hiji peuting ngahariringkeun puisi ngeunaan amis cau, halis, bulu panon katut panon ngenclong nu manehna.

Lila taya nu nyarita. Paguneman nu ngagelek dina dada ku hese pisan kedalna. Tapi manehna ngarasa yen teu sakabeh carita cinta kudu make paguneman nu verbal sajalantrahna. Leuwih hade sina gunem rencep sidem heula dina dada. Leuwih payus mun kasono nu mokaha teh ditataran heula kalayan lantip ku sababaraha katerangan nu diraeh ku kalimah puitis. Atawa ku usikna leungeun nu geterna nyaliara tepi kana mamaras rasa sabot ramo patarema bari patukeur teuteup kadeudeuh. Kuduna. Tapi teu kuat oge. Manehna ahirna miheulaan nyarita;

“Teuing ku heubeul waktu ngawasa urang dina anggang dina hiji lalakon nu
Manehna ngarandeg. Kop kana tip-ex, kalimah nu cikeneh ditulis dicoret deui, ditiupan rada lila, terus ditimpah ku kalimah anyar.

“Ku lawas atuh urang teu tepung. Lawung remen ukur dina pangimpian,” sora karasa teu tatag. Manehna imut teleb bari mageuhan ranggeuman dina ramo kuring nu ngadadak ilang tanaga. Kahayang mah da langsung ngagabrug awakna, ngagalentorkeun kakangen katut sakabeh guligah nu heubeul maseuk katingtrim dina angen dina batin.

“Wayahna, jungjunan. Pan urang keur ngalalakon…” tembalna alon.
“Lalakon urang

Manehna ngarandeg deui. Kop deui kana tip-ex, kalimah nu cikeneh ditulis dicoret deui, ditiupan rada lila. Leng ngahuleng. Mikiran kecap jungjunan na kalimah nu cikeneh. Teu kudu make jungjunan. Biasana mun ngobrol teh tara make kecap-kecap kitu.
Cikopi tiis. Jarum coklat. Salse.
“Wayahna. Pan urang keur ngalalakon…” tembalna alon.

Kuring unggeuk. Tangkal camara seah ku angin nu datang ti jauhna. Nu datang sapandeurieun manehna nu kiwari ngajirim hareupeun kuring. Katembong pangling, manehna, dina hariring nu kapireng deui ngawisaya.
Lila taya sora. Nu kedal ukur rupa-rupa napas dina panjang-pondokna nu beda-beda. Tepung renghap jeung simpena. Kereteg rea nu miheulaan ingkah memeh dipokkeun. Ngelos deui. Dada.

Teuteup manehna nyaliarakeun wanci nu sok remen diimpleng moal kapimilik deui. Manehna geus ampir sampurna jadi wujud monumen nu permanen na implengan saban peuting. Tungtung lalakon liar lir peurah oray na saurat-urat insomnia nu nyiksa usik-malik sakabehna. Dina pabeulitna anggang antara korsi nu nadah ambeyen nahun jeung parapatan jalan, juru-juru pab, kafe, juru-juru dunya nu eta-etana tempat pangacian ngelun awor jeung haseup kintel roko rebuan batang katut budah bir na eureuleu teurab nu kaimpleng lestreng lir birit peuting. Lagu-lagu digalindengkeun para biduan nu katembong saropan pisan memeh ngagitekkeun bujur tur nembongkeun kutang neuhneur warna-warni.

Kuring keur nungguan manehna nu ceuk angkeuhan bakal datang tina rerenghat peuting, imut teleb mupus longkewang lengkah katukang-tukang. Manehna. Nyeborkeun harepan anyar na tempat di mana ipukan impian meh teu kapuluk sirungna sanggeus katiga heubeul ngagahgarkeun lelembutan.
Kitu nyah? Terus kumaha deui?

Yeah. Asa mending keneh nyieun carita detektip ieu teh. Nu ceuk nu maca pirameeun. Memangna rek aya nu maca kitu? Yeah. Judulna we sing alus, nu ngahudang kapanasaran. Jiga beunangna Ahmad Bakri atawa Duduh Durahman. Atawa nulis carita jiga karya Godi Suwarna, Deden Abdul Aziz, Darpan (nu ayeuna teu make Ariawinangun), Budi Darma, Seno Gumira Ajidarma, Milan Kundera, Gabriel Garcia Marquez, Anton Chekhov, Kurt Vonnegut, Paulo Coelho, Kafka, Camilo Jose Cela, Gogol, Jorge Luis Borges, Bharati Mukherjee, Yasunari Kawabata, Naguib Mahfouz, Heinrich Boll, JRR Tolkien, Albert Camus, John Steinbeck, Pramudya Ananta Toer, jeung para pangarang sejen nu bukuna ngabaris di kamar, nu remen nimbulkeun rasa timburu. Mugia aranjeunna aya dina panangtayungan sareng kaasih Alloh salawasna. Amin.
Cikopi tiis. Jarum coklat. Simpe.
Teruskeun entong ieu teh?
Cikopi tiis. Jarum coklat. Simpe.
Sora mesin ketikna nerektek deui.

Skenario saha nu keur dilakonan? Gusti Alloh imut. Kakawasaanana nu tan wates wangen geus nepungkeun deui kuring jeung manehna.

Kuring leumpang duaan ninggalkeun leuweung camara. Teu pacekel leungeun lumrahna rumaja nu keur kasmaran. Geus beda jaman. Manehna ngahariring gigireun. Lagu nu lawas ukur kareungeu dina seah angin sareupna, atawa na jempling janari leutik sabot leumpang sorangan ngitung reana kalangkang nu remen ngalelewaan.

Duaan ngagupaykeun leungeun males gupayna gapura kota nu jiga ngahaja diwangun puluhan taun katukang ukur keur ngabageakeun kuring duaan burit ieu. Toko-toko mimiti baranang. Jalma-jalma dina kariweuh jeung karineh sewang-sewang milu ngawarnaan gunemna kapireu duaan. Manehna ngajak asup ka hiji kafe.
Can aya sasaha lian ti pagawe di dinya. Kakara buka. Unggeuk pangbagea. Musik tina sidi Cassiopea.

Diuk milih rada juru, ditingker ku kasimpe sejen nu ngoleab tina poster Ritchi Blackmore, Jim Morisson jeung Janis Joplin. Cassiopea taya posterna. Simpena nyoara tina komposisi piano, gitar jeung perkusi. Anjeun nyebut sababaraha ngaran inuman, tapi nu dipilih ukur hiji, keur kuring.
Manehna neuteup. Kabaca na panonna.

“Sabaraha lila nu dipikabutuh ku anjeun, waktu pikeun ngimpleng datangna kuring?”
Saabad, jigana. Dua abad, meureun. Leuwih ti sakitu. Nu karasa.

“Lain teu hayang saendeng-endeng. Kuring kudu milih wanci nu lantip sangkan mun tepung teu karasa cawerang da leungiteun sari kaendahanana…”

Salawasna endah, kuduna. Jiga nu karasa. Nyiksa.

“Pan kuring geus dibere tempat ku anjeun, na sajak nu sok remen digalantangkeun.”

Kuring seuri. Ras inget kana kalakuan. Maca sajak di statsion. Di terminal. Di shelter-shelter. Sabot kesel nungguan manehna datang.

Mojang nu dikaos bodas datang mawa bir. Kuring ngaharewos hayang dipangmuterkeun lagu lawas. Manehna unggeuk, satuju.
When evening falls
She’ll run to me
Like whispered dreams
Your eyes can’t see


Manehna seuri.
Buukna digelungkeun. Tembong pundukna umyang. Apaleun nu keur dilamun.
“Masih keneh aya tapak biwir anjeun. Teu kapupus da teu weleh karasa. Samalah naon nu ku anjeun kungsi diharewoskeun, masih keneh nantrat na ingetan…”
Cinta?
Anjeun gideug.

“Leuwih ti nu ku batur sok disebut cinta. Kuring nyebutna ajal nu kacida endahna.”
Kuring ngaheheh. Roko nu tinggal sabatang deui dipesat tina bungkusna, diseungeut, bungkusna disakuan deui.

Kunaon anjeun resep pisan nyebut ajal. Jeung naha hirup kudu ditutungguan ajal. Hayang hirup sabatae, anggang tina leokna simpe.

Budah bir dina tikoro. Calacah roko murag kana tuur. Nu marudah lir nu ngagero. Ngarecah kasono sesa umur. Na hate.

Kunaon seuri?

“Tibatan ceurik. Barina ge taya nu kudu dipicangcam pan?”

Ku kuring leungeunna dihontal. Diranggeum luhur meja. Lemes. Ramo nu manehna nu sok remen digalentoran memeh sare, na ranjang cebrek janari leutik. Ramo-ramo nu remen ngusikkeun hate, dina jajaran aksara mesin ketik. Manehna sumur nu taya saatna ditimba saban renghapan. Pikeun mangrebu carita nu dipiharep maseuhan hiji kayakinan. Cinta. Ajal. Cinta atawa ajal? Ku raket pisan atuh duanana, ngarengkolan ieu sukma.

Simpe. Manehna masih keneh melong hareupeun. Riuk beungeutna angger sakapeung sok teu pikahartieun. Mun rek pamit. Mun rek deui-deui ngaleungit tina tetenjoan.

Kafe-kafe terus tumuwuh dina subuh pangjauhna. Lalakon bareto. Meja-meja bar nu kungsi kaunggahan angger nyaliarakeun hangitna alkohol na biwir gelas wates kangen. Peron jeung bangku statsion. Beungeut-beungeut nu apilain. Kalan-kalan kaliwatan koridor rumah sakit. Sora dampal nu ngaweuhan. Sora brankar. Sora penyanyi kutang neuhneur warna-warni. Parapatan jalan. Sakabeh carita taya nu bisa disebutkeun bener-bener anggeus.

Manehna ngiles. Mulang deui kana cikopi tiis. Jarum coklat nu pamungkas. Episode panjang cinta platonis.
 
We believed we’d catch the rainbow
Ride the wind to the sun
Sail away on ship of wonder


Manehna nangtung. Babatek. Bujurna beuki panas. Melong keretas. Jajaran buku lir nu tingkecewis. Sababaraha lambar keretas jeung nu masih keneh aya na mesin ketik dicokot. Teu dibaca deui da sababaraha detik ti ayeuna pasti baris aya nu maca, manehna.

Muka lomari, dijerona geus ngahunyud kertas nu sarupa jeung nu dicekelna. Hunyudan nahun kaambeu hapeukna. Nu anyar diteundeun na tumpukan pangluhurna. Kabehanana carita keur manehna.
Manehna?

Manehna jeung manehna terus melong eunteung. Silih pelong. Melong beungeut sorangan nu beuki cakueum. Taun sabaraha ayeuna?
 
But life’s not a wheel
With chains made of steel
So bless me, oh bless me, bless me*


*Lagu nu dicutat na ieu carita judulna Catch The Rainbow –
ti grup Rainbow, Ritchie Balckmore.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...