Selasa, 26 April 2011

Dongéng Dipirig Sit Uncuing

ilustrasi carpon toni
Karya  Toni Lesmana

BADA isa. Sora Sit Uncuing nitir. Muntir. Bangun anu rék ngamimitian dongéng mongkléng sapanjang peuting jempling.

Nastiti ngalangeu dina jandéng Dipirig Sit Uncuing la. Buukna nu panjang dirumbaykeun. Hideung meles lir pulas langit peuting harita. Usik kaangi angin. Kalan kalan mindingan pameunteu nu anteng neuteup meredong. Kelemeng kebon anu brasna ka makam. Ti belah dinya sigana jebulna manuk hideung leutik anu ayeuna gulak gelik. Nastiti mémérés  buuk. Sit Uncuing. Asa disuhunan, asa dina tangkal jambu tukangeun imah, asa dina rungkun malati di pakarangan. Asa ningker sabudeureun. Asa dina lelembutanana. Asa dina kalbuna.

Sit Uncuing salangit jempling, Nastiti! Kitu haréwos angin nu lunda léndé kana ceulina. Nastiti ngarénghap. Nyeuseup ketir, nyeuseup amis nu narétés dina hawa. Naon nu gumalindeng peuting ieu. Apan taya bédana jeung sora nu geugeut mépéndé manéhna welasan taun katukang. Saban peuting. Wirahma nu ieu. Nu kieu kieu kénéh.

"N ng, ulah sok ameng dina jandéla wengi wengi! Pamali! Bisi aya jurig nyiliwuri! Kadieu mending ogé cuang ngadongéng.," Nembrés k neh dina ingetan Nastiti. Ninina. Enin, Nastiti nyebutna. Baheula salawasna nyaram mun pareng ngadaweung nampeu kana jandéla, peuting peuting. Harita mah bélaan nyéréd korsi, tuluy ditaékan ari hayang ulin na jandéla t h. Sabada nyaram. Ninina ngajak unggah kana ranjang. Laju ngadongéng. Paduduaan. Salawasna paduduaan. Ngadongéng. Sangkuriang. Lutung Kasarung. Salaka Domas. Rengganis. Ramayana. Mahabarata. Bubuhan guru. Ninina apalan pisan kana saban dongéng. Unggal peuting ngadongéng. Bari dipirig Sit Uncuing. Nya, wirahma Sit Uncuing anu tuluy namper dina lelembutanana. Ari caritana mah ukur kokolébatan.

"Geuning manuk téh teu liren liren, Nin?" Kalan kalan Nastiti sok megat nu keur ngamalirkeun kalimah jeung ciciptaan.

"Atuh, ke dongéngna ngiring lirén, Eulis." Kitu t mbal Ninina. Heureuy, Ngusapan  buukna nu harita ogé geus dipanjangkeun.

"Iraha lirénna atuh, Nin?"

"Salamina ogé bakal teras ngahariring, Eulis, salami aya kénéh dongéng kanggo didongéngkeun.

Kunaon kitu? Sieun?" cek Ninina laju nangkeup. Ngeukeupan pageuh.

"Henteu, Nin. Malih asa diréncangan. Sok halimpu tambih wengi mah." Cek Nastiti hiji peuting méméh manéhna api api reup. Enya. Sok tambah halimpu. Padahal apan manuk éta ku batur baturna di sakola mah pada mikangéwa, mikasieun. Mun pareng aya disada dina tangkal nangka tonggoheun sakola og  sok pada malédogan. Ditalénggoran ku batu.

"Baid!Baiiiid! Nyingkah siaaaah! Nyingkaaah!!!" Tinggorowok. Tingbelewer. Padahal naon salahna manuk. Pilakadar manuk. Manuk anu dibéré kaleuwihan bisa ngawih. Disada. Hayangeun disada. Hayangeun ngawih. Hayangeun cacarita. Atuh naon b dana jeung pacikrak anu sok dilaleugeut.

Dikurungan. Dipikanyaah. Dinangna néngné Nastiti sok mangwatirkeun mun pareng batur baturna ngusir nu keur humariring, nyingkahkeun nu keur cacarita. Sarua watirna jeung n njo pacikrak anu dikerem dina kurung leutik.

Nastiti ogé kungsi mireng Ninina nyieuh nyieuh nu keur anteng m p nd . Kitu téh lamun dina panyangka Ninina, manéhna geus tibra. Saméméhna nutupkeun jandéla, sok kapireng kalimah nu méh sarua jeung kalimah batur baturna. Ngan ari Ninina mah kekecapanana bangun leubeut kanyaah. Taya sari sari nyingkahkeun.

 "Baid! Jempling atuh, jempling! Incu kami bisi nyaring. Jempling atuh, jempling. Sina ngimpi katumbiri. Baid! Can wancina, lain wancina. Jempling atuh, jempling! Indungna geus dibawa mulang. Budakna keun sina mekar heula. Jempling atuh, jempling. Ieu kami pek wé bawa.," kitu anu sok kadéngé ku Nastiti. Tuluy nutupkeun jandéla. Leumpang deui kana ranjang. Lalaunan. Pék nyium tarangna, rerencepan kaluar ti kamar. Panto nutup teu nyora. Bangun anu hariwang ngagareuwahkeun anu tibra. Padahal Nastiti ukur peureum hayam. Teu lila oge jandéla geus muka deui. Sarta manéhna ngalangeu neuteup bulan jeung b ntang. Nit nan langit nu jempling. Ngemitan pamirig anu ngajak muntir.

" nin., " Kiwari Nastiti ngahar wos sorangan. Teuteupna anteng kana kelemeng kebon. Bangun hayang ngahontal makam.

Aya cika cika. Kumariceup. Eunteup kana jand la. Kiceup nu bangun mawa tangara. Mawa isarah ti nagri nu mongkléng. Ramo ramo Nastiti ngiser laun bangun rek ngusap nu laju hiber. Hiber. Ngalices. Eunteup dina ranjang. Dina laptop.

"Kuku nu maot ari cika cika téh." kitu nu ngurunyung deui tina katineung. Nastiti teu bisa negeskeun beja ti saha. Ngan kitu anu napel. Mangsa jaman ngabungbang di buruan. Nganganti Wijayakusumah mekar.

Cika cika betah dina laptop.

Nastiti ngaléngkah ninggalkeun jand la. Mareuman lampu kamar. Kebat ngahurungkeun lampu luhureun méja. Lima watt pulas héjo. Bangun hayang ngahirupkeun kiceup cika cika nu anteng kumelip, lir sakeclak bentang di langit anu lukutan. Cika cika lir merulkeun mangpirang sesemplékan dongéng dongéng. Bet aya kalangkang Dayang Sumbi anu guligah mangsa Sangkuriang hayang nyaho jirim bapa. Aya purbasari anu ditundung ku Purbararang, cuang cieung di leuweung ganggong. Aya Déwi Asri nu nganganti Mundinglaya mulang ti jabaning langit. Aya Rengganis kumalayang tina méga kana méga. Dewi Amba nu perlaya. Sinta imut dina durukan. Drupadi dirangsadan.  Apan ku Ninina dongéng jeung dongéng sok dicaruk. Kalan kalan saban tokohna sok ditepungkeun lebah hiji talaga. Talaga warna warni. Diriungkeun. Silih tepikeun gerentes. Sina gumulung. Nastiti tara ieuh barang geureuh. Sabab nu matak pogot mah apan pamirigna. Pamirig lir asih anu tuluy muntir sapanjang nyaring, nguliwed kana impian.

Gék kana korsi. Nyeungeut roko.

Sit Uncuing salamping ati Nastiti! Kitu cek angin nu nebak haseup.
Nastiti jeung cika cika. Aranteng nafakuran kalimah Sit Uncuing. Kawih nu tuluy ngemprung jeroeun kamar. Bangun panghiap hiap ngajak lumampah, Ngajak lunta. Kamana boa. Boa kamana. Kana meredong pangmongkl ngna. 

Sora panto ngolotrak.

"ih, ari Enéng kalah mopoék. Atos geura ulah sok kaleleban. Bébaskeun. Supados Enin imut di kalanggengan. Ari nguluwut waé mah, atuh, nu ngantunkeun ogé ngiring nguluwut. Anggur urang ngariung geura. Tuh, nuju balakécrakan. Hayu, Néng." Aya nu ngaronghéap. Bibina. Ngaléngkah nyetrékeun lampu kamar. Bray. Nastiti ngeureuceum. Siga nu kagentakkeun.

"Ah, mangga, Bi. Wios di dieu heula wé. Sakantenan bébérés. Apan  njing bad  ka kota deui." Nastiti ngar nghap. Mareuman roko.

"Geuning. Atuh waka angkat deui. Di lembur heula mending ogé."

"Tos lami teuing, Bi."

"Nya ari kitu mah. Mun tos bérés mah. Ngariung geura. Mungpung aya si Uwa tuh." Bibina ngaléos deui. Meundeutkeun panto. Nastiti saukur unggeuk. Cek pangrasana taya gunana milu ruang riung ogé. Ti baheula ogé man hna kasingsalkeun. Teu sirikna harayang nyingkahkeun. Tara aya nu huap hiap. Boa indungna ogé baheula dikitukeun. Saukur kanyaah ninina anu salawasna ngamalir bari wening. Tina kanyaah nini ogé kungsi ngeclak hiji cimata nu ngagenclang ku kahariwang. Majar Nastiti ti leutik mula katerap panyakit anu katépaan ku indungna ti samet dikakandung. Aids. Panyakit anu maragatkeun ogé kahirupan indungna. Harita Ninina nyarita bari pegat pegat, dina hiji peuting anu bécrék ku hariring Sit Uncuing. Ninina nyuuh dina bantal gigireun Nastiti. Ngeclakkeun rusiah papastén. Rusiah nu matak manéhna disingsalkeun ti kulawarga séjénna. Apan ti harita ogé Nastiti apal kana papastén sorangan. Heug, geuning Ninina bet miheulaan.

Nastiti ngotéténg. Neangan cika cika anu tadi kagareuwahkeun. Nu ngawih teu waé ngampih tuluy manting kaangin angin. Ulah ngampih! Kitu cek gerentes Nastiti. Ukur itungan jam anu nyésa di kamar ieu. Geus saged. Panceg. Moal rék mulang deui ka imah ieu. Naon deui. Ninina apan geus euweuh. Ukur Ninina ti baheula ogé anu haat. Mulang ge pasti sakadar nambaheun raheut katineung.

Muka laptop. Dihurungkeun. Bray foto ninina maké kabaya, di kacamata, huisna geuning mani katenjo cahayaan kiwari mah. Sabréhan mah siga keureut beungeut Déwi Sartika. Baheula Nastiti mindeng ngingimpleng dina saban dongéng téh, nya Ninina anu ngajanggélék ngalalakon dina saban carita.

Foto ninina nu jadi wallpaper diteuteup bari beueus.   

"Enéng sing mekar di dayeuh. Sing jadi sambuang keur saréréa nu deukeut jeung Enéng. Keun ari lembur mah ulah jadi beungbeurat. Sok sing lampar mekar na lalampahan. Omat ulah sok ngarasula. Da gurat hirup mah geus aya nu nangtukeun. Najan sadetik ari jadi mangfaat keur batur tangtuna leuwih hadé batan puluh puluh taun jadi bangbaluh. Sing hégar. Lain miceun, enéng. Apan hirup kudu dilampahkeun. Di lembur mah sakadar ngawujud ngungun. Dipikageuleuh ku dulur dulur. Tong salempang, kanyaah nini bakal tuluy langgeng. Langgeng, Enéng. Naon nu nyangkaruk dina hirup enéng, ulah jadi bangbaluh. Keun sidem jadi rusiah. Ulah betus sangkan Enéng teu diapilain di pangumbaraan. Ulah jadi ceuceub kanu jadi indung, bongan ngawaris panyakit. Ulah ngupat bapa nu jadi marga lantaran. Da meureun geus kieu kuduna muji syukur hirup jang hidep." Kitu Ninina nyarita basa rék mangkat ka dayeuh . Harita apan sapoé sabada rusiah papastén dikeclakkeun di kamar ieu. Nini laju jadi girimis sapopoé tuluy silantangan di téras. Gupayna bet kumolébat mani atra. Kabaya nu éta, kacamata anu éta, huis anu éta. Harita nahan nahan kasedih jeung kapeurih, hayang hégar lebah ngawalan lumampah. Teu hayang juuh ku umur jeung papastén. Tapi teu wasa nahan nu laju nyalangkrung kudu pajauh jeung ninina. Umur umur kitu da teu ngaboga boga, tapi paanggang jeung ninina, sarua jeung ngajauhan hirup. Kacipta waé paroman dulur dulurna anu bangun sugema jeung mupuas poé éta téh, matak teu hayang deui lumampah dina panénjo maranéhna. Harita gelik Sit Uncuing bet nyeples pisan wirahmana jeung peuting ieu. Ketirna, amisna.

Nastiti nyuuh dina bantal gigireun laptop, taya bédana jeung nyuuhna ninina poé harita. Juuh teu kaampeuh. Mudal sagalana. Kaangseu waé seungit buuk Ninina, haneut usap ramona, liuh paneuteupna, halimpu sorana, kamalir dongéng dongéngna. Hésé disieuhkeun da puguh geus namper. Sok jadi ubar kasono mun pareng cuang cieung di dayeuh hayang mulang kana lahunan Ninina.  Najan enya di dayeuh kaparengkeun gumulung jeung rupaning aktivis pergerakan anu salawasna loba kasibukan, apan teu disasangka salila ngumbara téh bet kalah ancrub kana dunya tulas tulis, jadi wartawan freelance sarta ngandelkeun hirup ti dinya. Gumulung jeung rupaning organisasi pergerakan. Hirup dipasrahkeun jang tulas tulis jeung organisasi. Naon deui apan saukur nganti papastén. Lamun kasono ka ninina geus ngaronghéap h s  mangpalérkeunana.

Sit uncuing asa eunteup kana ranjang, cika cika asa minuhan kasur.
Sit uncuing saampar dada, Nastiti! Kitu gerentes angin kana keretegna anu tambah beueus.
Nastiti nyegruk. Ngabudalkeun sagalana. Sanggeus rada rerep. Kebat bébérés barang barang kana tas gandong. Panungtungan laptop. Anu salila sila diteuteup heula méméh dipareuman bari gumeleter. Moal diengkékeun deui, cek pikirna. Mending ayeuna, batan kudu raheut deui nenjo urat kacua dulur dulurna.

"Pileuleuyan, Nini, pileuleuyan. Ayeuna nu nganteur lumampah ukur sit uncuing, pamirig abadi mapag papastén. Pileuleuyan, Nini. Papagkeun enéng ku imut. Hiji mangsa, hiji mangsa." Nastiti muteran kamar, bangun hayang ngusapkeun kalimahna kasaban jeungkal tembok kamar. Panungtungan lebah jandéla, tas dikaluarkeun tiheula. Lalaunan Nastiti naék kana jandéla. Ati ati ngajleng. Jen ngajanteng sabada tas rap kana tonggong. Ngajanteng neuteup kana suhunan, kana kelemeng tatangkalan sarta ka jauhna ka lelebah makam. Bangun hayang ngajaring sit uncuing, ngajiret papastén.

Rerencepan bari beueus, Nastiti ngaléngkah ka jalan désa nu bakal nepungkeun manéhna jeung jalan gedé. Dipirig Sit Uncuing. Dipirig Sit Uncuing lebah peuting jempling, lebah ati nu ngaririncik .*
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...