Minggu, 21 November 2010

Sapasang Soca Wanoja

SAKALI mangsa Malik bin Dinar kungsi nyaritakeun yén anjeunna nyaksian hiji wanoja di Mekah. Éta wanoja téh mibanda sapasang soca anu éndah, matak tingsariak lamun kabeneran paadu teuteup.

Harita éta wanoja téh nuju nangis, budal cisoca. Pada ngariung, pada ngahibur sangkan eureun nangisna. Tapi sanajan dikukumaha ogé, éta wanoja téh henteu eureun nangis, malah cisocana beuki bedah kaluar tina juru soca anu éndah téa. Dina kaayaan kitu, aya di hiji jalma anu nyarita ka éta wanoja, “Geulis, tos ulah nangis baé. Upami salira hayoh baé nangis, lami-lami éta soca anu sakitu éndahna téh bakal ilang kaéndahanana, malah boa bakal sirna…” kitu pokna.

Dina kaayaan masih kénéh nangis, éta wanoja ngawaler, “Upami abdi calon ahli surga, Alloh baris ngagentosan sapasang soca abdi ku nu langkung éndah. Pon kitu deui, upami abdi calon pangeusi naraka, mangka abdi bakal katibanan musibah anu lamgkung rohaka batan sakadar kaleungitan ieu sapasang soca…” réngsé ngawaler, éta wanoja nuluytkeun deui nangis. Teu nolih ka nu ngarérépéh, da mémang haténa nuju manteng ka Nu Maha Kawasa, menekung mundut pidu’a kasalametan dunya miwah akhérat.

Kacindekanna, éta wanoja téh nangis lantaran sieun ku Alloh SWT. Ari numutkeun dawuhan Nabi Muhammad Saw., aya dua soca anu moal kabeuleum seuneu naraka. Kahiji, soca anu nangis lantaran sieun ku Alloh. Kadua, soca anu tetep beunta dina raraga berjoang di jalan Alloh. Kilang kitu, éta wanoja henteu ujub ngarasa dirina bakal jadi ahli sawarga, sabab nétélakeun kamungkinan anu bakal kajadian upama anjeunna digebruskeun ka naraka.

Anu matak kataji tur narik kana ati, taya lian cara mikir éta wanoja anu réalis, henteu dijieun-jieun, tapi sabenerna mah kalintang jero. Cara mikirna, bisa diteuleuman tina jawaban anjeunna basa aya nu manglebarkeun sapasang socana anu sakitu éndah lantaran hayoh baé nangis. Tapi éta wanoja, sakali deui, henteu ngarasa lebar da boga pangrasa yén sagala rupina ogé kagungan Alloh Swt. Naha bet kudu lebar ku sapasang soca, upama kudu ruksak alatan miharep rido-Na? Lamun kitu mah, éta wanoja téh geus siap toh pati jiwa raga pikeun nanjeurkeun Islam. Taya karingrang atawa hariwang leungit kaéndahanana, sabab anjeunna geus pasrah sadrah ka Nu Maha Kawasa.

Perkara budal cisoca, jaman kiwari ogé loba wanoja anu babari budal cimata. Boh anu paturay jeung salaki atawa kulawargana, kaleungitan barang anu dipikacintana, diputuskeun ku lalaki nu dipikabogohna, lantaran henteu lulus ujian di sakolaan, jeung rupa-rupa kasangtukang séjén. Malah anu teu kua-kieu ogé bisa budal cisoca, contona aktris anu geus weruh ékting dina panggung atawa hareupeun kaméra. Hanjakal pisan, budal cisoca lebah dieu mah kalintang béda jeung budal cisocana hiji wanoja saperti anu  kasaksian ku Malik bin Dinar. Jadi, lamun kitu mah sanés palebah budal cisocana, tapi anu utama mah kasangtukang pangna cisoca bisa budal.

Anu leuwih utama pikeun lenyepaneun urang sadaya taya lian sikep éta wanoja, anu teu ngarasa gimir, henteu sieun leungit kaéndahanana dina raraga milari rido-Na. Sabenerna, boh wanoja komo lalaki, henteu kudu ngarasa sieun warugana jadi ruksak satungtung dipaké merjoangkeun Islam. Naon anu rék dipaké agul ku urang? Sakali mangsa geus cunduk waktu mulang ka alam kalanggengan, soca nu éndah atawa waruga anu sampulur bakal dibalitungkeun jeung laku-lampah salila kumelendang di alam dunya.

Heup, eureunan ngagul-ngagul kaéndahan waruga. Hayu urang tobat, mundut pangampura ka Nu Maha Kawasa. Pantengkeun batin urang tug dugi ka urang ngarasa sieun ku Alloh Swt. Upama nu mundut pangampura nepi ka budal cisoca, tangtu baé hadé. Tapi poma, dipahing ngabudalkeun “cisoca buhaya” payuneun Alloh Swt. Apan Alloh Maha Uninga, kalebet naon rupa anu nyangkaruk dina saban dada manusa.***

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...