Minggu, 21 November 2010

Salam

Carpon IBNU HIJAR APANDI
PERKARA salam nu beurat téh. Duka pédah ku teu biasa meu­reun. Komo sasalaman jeung nu sahandapeun mah. Ari di pagawéan, sasalaman téh bangun geus jadi kabiasaan. Boh ka sasama pagawé, boh ka dunungan. Euweuh na aturan­ana mah. Tapi asa teu genah cacarita mun teu sasalaman heula téh.
Ari nu sok pangheulana sosolong­krong, ilaharna mah nu sahan­dap­eun. Asa jarang atasan nyolongkrong ti heula. Kapiheulaan atawa dipiheu­laan tayohna mah. Éta gé taya na aturanana deuih.
Nya kitu kabiasaan gé. Najan keur aya kakagok dina pagawéan, ari kurunyung dunungan mah sabisa-bisa sok mentingkeun heula sasalaman. “Damang?” cekéng téh. Malah rengkuh leuwih ti rengkuh, malar dunungan bungaheun, kabeuli haténa.
Tapi duka kumaha, ari ka anak buah mah atawa ka nu pangkatna sahandapeun, beurat rék miheulaan sasalaman téh. Asa turun harkat tuda. Antukna ari anak buah teu sosolongkrong ti heula mah, tara sasalaman téh. Kajeun disebut degig gé.
Asa tumarumpang tuda, atasan nyalaman ka bawahan. Tapi sok rajeun bungah mun aya anak buah nu sosolong­krong. Komo mun bari leungeunna téh diantelkeun kana irung atawa tarangna. Asa jadi atasan téh. Sok rajeun ngarep-ngarep nu sosolongkrong. Kabeuli tah haté téh ku bawahan nu kitu mah.
Pareng jumaahan di pagawéan. Di masjid, hég diuk padeukeut jeung anak buah. Mun tas salat sunat, beurat rék sasalaman téh. kajeun teu sasalaman mun euweuh nu nyalaman ti heula mah. Atawa nunggu maranéhna ngasongkeun leungeun tiheula. Kakara pataréma leu­ngeun.
Kungsi ngobrol jeung Ki Sobat perkara sasalaman. Teu nyangka, cék manéhna mah horéng aya dina katerangan­ana, aya cék dina hadisna. Sasalaman téh lampah kacida hadéna, matak ngalubarkeun dosa. Komo keur nu pangheulana nyolongkrong mah.
Dipikir-pikir, enya mana kitu gé, sasalaman téh matak ngalubarkeun dosa. Buktina cara keur lebaran. Apan mun geus sasalaman ka itu ka ieu, asa lubar dosa téh. Najan cék rarasaan, asa teu sakabéhna boga dosa jeung nu disalaman téh.
Sok ras jaman keur leutik, di lembur. Inget ka Mang Iyo mun keur jumaahan. Tas salat sunat téh sok terus sasalaman, kabéh dipapay. Teu ukur ka nu gigireun, atawa hareupeun. Ti mimiti jajaran tukang parat nepi ka hareup, kolot budak taya nu kaliwat. Geus kitu, cong salat deui.
Sanggeus meunang katerangan ti Ki Sobat kitu, rada dipikiran perkara ngaheulakeun sasalaman téh. Mimitina mah sok ngabiasakeun manéh di masjid mun jumaahan. Hayangna mah cara Mang Iyo baheula di lembur. Tapi geuning hésé, ukur nepi ka nu gigireun wé, kénca katuhu. Éta gé asa tumarumpang baé rarasaan téh. Sakapeung sok balik deui kana kabiasaan sasari. Sasalaman sok nungguan nu miheulaan baé.
Komo mun geus aya di kantor deui mah. Hésé hayang miheulaan sasalaman ka anak buah téh. Duka pédah béda suasana, di masjid mah jelema téh satata. Ari di kator, dibéda-béda ku pangkat jeung jabatan. Tungtungna mah cara sasari deui baé, sasalaman ukur ka nu dianggap pen­ting, pangpangna ka dunungan.
Lain teu hayang ngaheulakeun sasalaman Ka sahanda­peun téh. Hayangna mah nataku. Mun nempo anak buah sasalaman jeung baturna, kumejot haté téh. Hayang siga maranéhna nu pangheulana ngasongkeun leungeun, bari dibarung ku imut jeung seuri tanda sono. Tapi weléh, hésé. Antukna leungeun téh sok asa gararéték, tampolana sok datang aral. Bari tipepereket, sok neunggeul-neunggeul­keun leungeun kana méja. Beuki lila haté asa beuki kasiksa.
Nepi ka hiji mangsa mah teu sadar. Bakat ku aral hayang bisa ti heula sasalaman jeung anak buah, teu karasa leungeun katuhu ngaheumbat, jedak, kana sisi méja tarik naker. Karasa leungeun téh nyanyautan. Lila nyerina téh, teu kalis ku diurutan. Nepi ka balik ngantor karasa kénéh. Dipaké nyetiran, tambah nyanyautan.
Isukna kalah tambah nyeri. Malah katempo bangun ngabareuhan. Ray poé-ray poé téh kalah tambah bukekeng. Geus diparam kocok mah, dibalseman mah, nepi ka beras kencur sagala. Keukeuh teu daék cageur. Pamajikan nyarankeun sangkan dipariksa ka dokter.
“Kabentur urat. Moal nanaon, engké gé bakal kempés deui.” Cék dokter bari nyodorkeun resep.
Reugreug geus kitu mah. Sanggeus meuli ubar ka apoték, tuluy balik. Teu diengkékeun deui, am, ubar téh didahar, aya kana opat rupana. Aya pél nu kudu didahar sapoé tilu kali. Aya ogé nu kudu didahar sapoé dua kali.
Rada mending meueusan geus dahar ubar mah. Tapi teu ujug-ujug cageur. Meunang tilu poé mah teu bisa digawé. Kapaksa ijin maké surat katerangan ti dokter. Tuda tong boro nyepeng setir, teu bisa nyepeng séndok-séndok acan.
Tilu poé ti tas dipariksa, angkanan téh bakal cageur sakumaha cék dokter. Nyerina karasa deui, malah asa nambahan. Kitu ogé bareuhna, asa beuki ngagedéan.
“Naha Pa, apan ukur tijedak kana méja, tapi mani nepi ka parna kitu?” cék pamajikan bari ngompréskeun cai haneut kana tonggong leungeun nu bareuh.
“Duka, Bapa gé teu ngarti,” cekéng téh. Teu dibéjakeun sabab musababna nepi ka tijedak mah. Teu wasa, éra.
“Énjing mah urang ka rumah sakit wé atuh, ngarah sakalian?” pamajikan méré saran.
“Ah, kieu-kieu waé maké kudu ka rumah sakit.” Témbal téh.
“Geuning éta ku dokter biasa mah teu cageur?” cék pamajikan deui.
Dipikir-pikir, aya benerna omongan pamajikan téh. Antukna kuring satuju. Manéhna tuluy nélépon ka kantor bébéja yén kuring can waka bisa digawé, rék uubar ka rumah sakit.
Teuing naon ari panyakitna mah. Sababaraha kali ditanyakeun, boh dokter boh pamajikan teu kungsi ngabé­jaan. Ngan nu puguh, kasakit beuki parna baé, bareuhna tambah ngagedéan, nyerina teu katulungan.
Sajeroning di rumah sakit, nu kapikir téh perkara sasalaman. Sok nyipta-nyipta sasalaman jeung anak buah di kantor. Sasalaman nu lain dapon paantel. Tapi nu lahir tina rasa kasono bari ihlas ngahargaan ka papada jalma.
Ras inget basa ditugaskeun ngilu diklat ku pausahaan. Diklat urusan bisnis. Lebah bahasan nu patali jeung bagbagan pemasaran, nyabit-nyabit perkara sasalaman. Réa rupana geuning sasalaman téh. Tapi nu harita dipedar mah sasalaman keur kapentingan usaha. Contona baé, tina sasalaman, bakal kapanggih karakter hiji-hijina jalma. Nu jujur, nu boga maksud goréng,  nu bisa diperuhkeun, nu gurat batu, jrrd.
Tokcér tah élmu téh, gedé pisan mangpaatna sajeroning ngalaksanankeun pancén pausahaan. Nu hatam diajarna mah moal tepi ka katipu ku omongan atawa paripolah jalma. Nya kusabab apal rupa-rupa sasalaman, éta élmu téh sok dipaké cara keur nutupan kagoréngan pribadi, atawa dipaké keur ngahontal tujuan. Antukna, sok pipilih ari sasalaman téh. Cék pikir, teu kabéh jalma kudu disalam­an, komo nu moal ngahasilkeun mah.
Tapi teu burung wé jadi bangbaluh. Komo sanggeus apal yén sasalaman téh lampah hadé, nu matak ngalubarkeun dosa. Nu kapikir téh taya deui, hayang geura cageur, mun geus cageur rek sasalaman,  pangpangna ka nu geus kadegigan. Hayang lubar dosa. Tapi duh, tong boro sasalaman, ngangkatkeun leungeun gé hésé.
Ti kantor rabul nu ngalayad. Rupa-rupa kadaharan ngajajar dina méja. Tapi teu bisa jadi ubar. Nu kacipta téh euweuh deui, hayang bisa sasalaman.
Kitu deui maranéhna, barang gok, saurang gé taya nu wani nyolongkrong ngajak sasalaman. Tuda rék wasa kumaha, nempo kaayaan leungeun sakieu bareuhna. Ukur ti kajauhan, bari nanyakeun kumaha-kumahana.
Batin beuki nalangsa. Cék rarasaan, meureun ieu téh alatan degig ka bawahan, embung tiheula sasalaman. Rumasa lebah dinyana mah. Lingsem ku pangkat jeung jabatan. Tapi ah, enya kitu alatan éta?
Teu karasa, geus saminggu di rumah sakit téh. Can aya kamajuan. Perkara kasakit naon-naonna gé teu jelas. Tapi merhatikeun pamajikan jeung nu ngalayad, katempo paromanna bangun sedih leuwih ti misti. Pamuluna baringung béda ti sasari. Mun nanyakeun ngeunaan kasakit ka pamajikan, ukur dijawab ku ceurik, bari teu bosen nyarita, sing sabar, Bapana. Cing seueur istigfar.
Jol, lanceuk ti lembur, mawa cai kana botol. Cenah ubar ti nu bisa. Cai nu meunang ngajampéan téh, sawaréh kudu diinum, sawaréh deui dibalurkeun.
“Mudah-mudahan aya pitulung Gusti. Sing loba istigfar,” cenah ngalelemu.
Kurunyung deui nu mawa cai. Ieu mah cai dua ti nu jarumaahan di kantor. Beg, haté téh, inget kana lalam­pahan, nu tara daék ngaheulakeun sasalaman.
“Mugi sing didamangkeun deui sabihara-sabihari. Sing tawekal, naon rupi panyakit tangtos aya landongna.” Cék nu mawa cai.
Beuki ngahelas waé haté téh. Geuning sakitu merha­tikeun­ana maranéhna téh. Hayang geura cageur ieu leugeun. Hayang geura sasalaman jeung maranéhna. Hayang geura lubar dosa.
Enya, cai du’a téh aya karasana. Haté nu teuas jadi leuleus, pikir tiis, awak hampang, diri sadrah, tumamprak kana kadar ti Pangéran. Mugia gering téh jadi panglubar dosa nu beuki dieu asa beuki narémbongan baé. Komo mun inget kana lalampahan nu  teu daék sasalaman.
Basa keur ngararaskeun kasakit nu karasana bangun aya kamajuan, torojol dokter diiring ku juru rawat. Mimitina mah biasa baé cacarita sakumaha biasana, caritaan nu matak ngahudang sumanget keur nu gering. Tapi teu lila manéhna nyarita, bangun ati-ati bari dibarung ku ngalelemu.
Asa kabéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Cék dokter, leungeun téh moal bisa dicageurkeun deui. Iwal ti kudu di… amputasi. Tobat! Sakedapan dunya asa poék, asa percaya asa henteu. Gusti, meureun —moal kaalaman deui sasalaman téh.
Dimuat dina majalah Cupumanik Maret 2008

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...