Senin, 01 November 2010

NGUSEP

SABENERNA teu pati resep kana ngusep teh. Teu resep malah. Duka da. Padahal pun aki mah jenatna (aki ti pun bapa), manukna tah kana usap-useup teh. Diulik malah ku anjeunna mah. Ti urusan jeujeur, eupan nepi ka kukumbul-kukumbul tara sambarangan make. Kudu maranti, cenah. Mana keur di balong, mana keur di walungan, mana keur di laut. Beda-beda. Di balong ge macem-macem. Kuma gede leutikna, jero henteuna. Kumaha jenis laukna deuih. Lah pokona mah kumplit we spesepikasina teh. Malah samemeh anjeunna brek udur mah –dugi ka pupusna, di bumina teh sok bari icalan alat-alat nguseup kenging damelanna.

Pun bapa ge, sanajan teu pati kokomoan teuing, resepeun kana nguseup teh. Babakuna mah ketang kana uras-urus laukna eta mah. Kana miarana. Ti baheula, karesepna ngan kana nyewa atawa ngagade balong. Sanajan asa can kaparengan kaala hasilna ge. Enya, maksud teh bisa ngajual bari kalayan boga bati. Rugi jeung rugi we. Mun teu alatan gemprah paraeh, aya nu maling atawa garing kasaatan. Padahal ari ngabibitan mah tuluy-tuluyan. Malah sok ngorbankeun sagala rupa. Ayeuna ge gawena teh ngan ulukutek we di balong. Kabeneran gaduh balong titinggal pun aki (nu ti pun biang ieu mah), di sisi walungan Cileueur. Mun ditaros obsesina teh ngan hiji: hayang ngabeton balong, cenah.

Tapi da teu nurun ka kuring mah. Teu resep we. Enya kana nguseup. Eta ge ketang teu ari cadu mah. Sakali-kali mah osok oge ula-ilu. Utamana mun dititah ku dunungan. Tuda geus sababaraha kali pareng boga dunungan resep nguseup. Dunungan tea... atuh pikiraneun. Babaturan deuih, sok remen ngarajak. Ongkoh geus jadi kabiasaan di kantor kuring mah mun aya nu meunang promosi atawa mutasi teh sok terus we ditaragih nguseupna. Kabeh daratang. Nya sakali-duakali mah kapaksa we milu. Tamba teu disebut kuper teuing. Da ari eupan jeung jeujeurna na mah tara kudu mawa ti imah ieuh.

Ngan nyaeta meureun ku teu bakat tea, tara we dibere meunang. Sanajan batur-batur haben ngangkat ge ari kuring mah paling copel ngan meunang tilu atawa opat siki. Eta ge nu laleutik. Heran puguh. Enya, sok padahal eupanna sarua, tempat na ge teu beda, da balongna eta-eta keneh. Naha batur meunang ari kuring henteu? Naha ari lauk sok pulah-pilih jelema mun rek ngahakan eupan kitu?

Jigana mah ku tara meunang tea nya tungtungna teu resep weh kana usap-useup teh. Nepi ka ayeuna. Nu matak basa dua minggu kamari aya beja dunungan hayang nguseup di daerah kuring, geuwat neangan alesan supaya teu jadi. Pangpangna bisi manehna kuciwa. Ongkoh barudak sarua deuih euweuh nu tabah kana perkara nguseup teh. Nya kapaksa bobol. Teu apal tempat nu alus, ceuk kuring ka si KTU. Untung manehna ngarti. Karunyaeun deuih, meureun. Bolay weh.

Tapi basa kamari barudak bebeja rek ngaruseup di Cirata mah, kuring rada obah pamadegan. Lain nanaon: teu kuat ku rudet. Rudet ku masalah nu geus sababaraha minggu ieu asa loba pisan daratang. Pikiraneun. Bari jeung can boga waktu jang ngalelerkeunana. Dipikir-pikir tibatan gering mikiran rurubed mending milu jeung barudak. Sugan we rada kabangbrangkeun.

Nya, gancangna carita, jadi weh kuring milu jeung barudak nguseup. Tempatna teu jauh. Ukur dua puluh menitan ti imah mah. Cenah mah ngaranna teh wewengkon Babakan Garut, masih bagean keneh waduk Cirata. Asupna ka kabupaten Cianjur. Jigana nu mimiti muka eta tempat teh urang Garut pangna dingaranan kitu ge.

Sabenerna taun katukang kungsi oge kuring jeung barudak nguseup di Cirata teh. Ngan harita mah niatna lain ngahajakeun nguseup wungkul, tapi piknik bari arisan ibu-ibu. Pedah bosen cenah unggal bulan di kantor bae. Sakali-sakali mah hayang diayakeun di luar. Nya nu dipilih teh Cirata. Salian teu pati jauh, oge bisa sakalian neangan lauk. Tapi lain Cirata nu ieu. Harita mah Cirata Purwakartana. Nu jalanna ka Cikalong. Tah, keur ibu-ibuna arisan bari balakecrakan, bapa-bapana ngaruseup.

Ari ayeuna mah beda. Niatna memang bener-bener rek nguseup. Nu matak nu arindit teh lalaki wungkul. Aya dalapan urang, katambah si Andri bungsuna Mantri. Alusna mah cenah indit teh nyubuh, ngarah jam genep geus bisa tagen di ditu. Ngan kusabab marake jam karet tea, rada kabeurangan. Tabuh satengah salapan karek nepi ka sisi situ. Sanggeus lima menit naek parahu, narepi we ka panguseupan.

Horeng di panguseupan teh geus sadia lima nepi ka genep rakit nu di luhurna dijieun saung-saung. Nya di eta saung nu ngaruseup teh nagenna. Basa kuring jeung barudak daratang, didinya geus nyampak sababaraha urang. Cenah mah aya diantarana nu geus dua poe di dinya. Hanjakal keur sepi, ceuk nu saurang.

Sanggeus milih rakit, nya langsung we nagen di posisi masing-masing. Nyaan tiis geuning. Meunang lauk leutik keur mimiti, tuluy kadituna nyamos. Nepi ka jam sabelas ngan nambahan dua siki deui. Sarua lauk leutik. Pas di gebluskeun kana korang langsung moncor deui. Tuda jaringna garede teuing. Ngalieuk ka batur, teu beda. Kesel, lapar, katambah mimiti karasa panas, direrema ku murak heula timbel. Geus kitu mah, nagen deui. Ari barudak tuluy ngacaprak silih poyokan bari tingirihil saleuseurian.

Nepi ka jam dua ngan nambah deui hiji nila sagede ramo, pleus tilu lauk leutik. Geus weh, kadituna mah euweuh nu noel-noel deui. Kesel nungguan, tuluyna mah ngagoler we luhureun rakit. Sakali-kali ngengklokan barudak nu tingcakakak. Ongkoh kalah tunduh. Jam satengah opat nu parahu nu neang datang. Tapi ceuk barudak engke wae jam lima, panasaran keneh cenah. Heug, ceuk kuring.

Tapi nepi ka jam lima angger wae. Tungtungna mah sapuk naraek. Basa beberes, kakarek engeuh sendal kuring euweuh sabeulah. Jigana ragrag tina rakit. Duka tuluy teuleum duka palid. Walhasil, balik nyeker. Untung Mantri haat mere sedal swalowna. Keun bae abdi mah nyandak sapatu, cenah.

Balik nguseup teu mawa lauk mah asa teu pantes. Ongkoh ki Oter mah diancam ku pamajikanna, mun teu mawa lauk tong balik cenah, tungguan we laut. Tungtungna mareuli dua kilo sewang ka bandar.

Di jalan, barudak nanya: “minggu enjing bade ngiring deui pa?”

Teu ah. Mending ngeblog! He...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...