Senin, 22 November 2010

Malawading

 Ku :Asep Idjudin

Tapak lacak di bubulak, sesa tina moho moro-moro buron, jadi tatapakan pangapungan malar bisa nepikeun talatah ku tungtung letah tina khotaman rosul, najan bentang celong matameong, keukeuh hayang katitipan jati, da puguh di sampalan aya maung jeung uncal, nu nyurungkuy tina kaulinan pikiraneun. Meuseuh ucap nu leumpeuh katejeh pur na Si Jelug, urut peuyeuh ngajaladri ku pangwelah jangjang japati pateuh. Padahal beureumna layung dina kalangkang tajug sisi balong, mawa rineh sesa pangduruk langit , nu ngahaleuang dina sora lagu maneuh tur matuh, sanajan ramo nu rumegang garing ngeukeuweuk bonggol kayakinan, murudul tina ranggeuyan potret lampah ,nu leuwih mahal tibatan inten.

Nepi ka lebah jojontor, lengkahna ngarandeg, kadenge aya nu ngageroan. “Ujang..tulungan nini..” Cenah, sora awewe semu ripuh. Direret, nini-nini ngarumpuyuk deukeut ruyuk, ngudupung katindihan suluh nu digandongna. Rikat manehna luncat nyampeurkeun, ngajungjungkeun hurunan suluhna. Rumanggieung nini-nini teh hudang. Gandongan suluhna dilaan, diecagkeun. Gek diuk dina batu. “Nuhun Ujang..muga Mahakawasa, maparin kabagjaan.”Pokna ngadoakeun.”Naha kawas nu nguyung? Aya pasualan naon, nu meungkeut diri?” Pokna deui,sanggeus reureuh sapanyeupahan.

“Numawi nini jisim teh, bingung teu manggih tungtung, susah lawas matak baluas. Salah lengkah, bet mengkol ngenca, tina asal tisoledat.”Jawabna bari gek manehna ge diuk.

“Jamakna jalma mah Ujang, salila aya nyawa, mo leupas tina susah jeung bungah, da eta banda manusa. Ngan meureun masing asak-asak nimbang, pan urang dibere akal pamilih. Dibere qalbu panglesu. Malahmandar nafsu teu ngaberung teuing, sok tuluy ngabarungsinang. Meupeus keuyang kana cangkang. Untung keneh teu nyalahkeun deungeun. Urang we nu sidik salah, da babandingan boga gudang kasalahan, dikukut saumur hirup.” Tembal Si Nini.”Na naon nu dipilampah teh? Kitu ge ketang, mun nini meunang nyaho. Sugan aya dina piruruhan, bongbolongan songek-songek wae mah. Sugan mangpaat keur Ujang,”

“Jisim teh rumaos, heureuy. Tadina kaemut moal nanaon.Tapi janten kalangenan, da batur mukakeun lawang. Cilakana, jisim nincak tanah kebon nu sanes hak, bari mipit buah amis pelak deungeun. Ari buah teh bangun atoh disogot digorogot, malah sering ngagupayan. Antukna jadi kabiasaan ngahenen dina puncak bagja semu. Tos ngabaju, nini. Kumaha nawa na. Raga ditawa, da sukma merenyeng, sukma ditawa, raga ngajaul. Pit deui pit deui, jadi asa teu dosa, asa biasa, asa babagian tina hirup. Sidik jisim bakal maturan batu, jadi suluh dina durukan meredong, bari moal paeh deui..”Pokna bari ngalimba.

“Subhanalloh..enya parna, Ujang. Kababuk ku dua ku tilu. Kerak pitempateunana. Bari kana papagon Ujang apal, Ujang wawuh. Hehe..mun awewe mah malawading, make pakean jeung sikep lalaki, tuluy resep ka wanoja. Tadina tina sieun jomlo. Kawas domba jalu tanduk ranggaek, tapi sok ngasin kana bujur jalu deui. Ngan mun mireng rasa Ujang, asa teu kudu pegat tina rohmat. Teu kudu buntu laku. Apan agung keneh pangampura-Na, batan gunungan dosa manusa. Asal Ujang jejem pakem dina ngeukeuweuk opat patokan..”
“Alhamdulillah, cing wartosan jisim, naon wae tihang nu opat teh,Nini !?” Pokna, ngorejat asa meunang harepan, lir monyet dibere taraje.

“Kudu gede wawanen, pikeun menta dihampura hak adami, panceg moal milampah deui, kaduhung geus wani milampah, jeung ngajauhan tangkal buah eta, jeung tangkal nu sejenna bari istigfar. Taya deui kajaba, iwal ti kitu. Kumaha Sanggup?” Nini nini teh mencrong seukeut tembus kana jajantung manehna. Tah eta pancen nu ngawengku ulah ngomong memeh leumpang, ulah dahar mun keur lapar, ulah nginum keur halabhab. Bangkong dikongkorong kujang, ka cai kundang cameti da kole. Kole dibuah hanggasa hirup teu nyaho di mangsa, paeh teu nyaho di pati. Jadi mangka hade wawayagon.

Teu ngadagoan jawaban, nini nini teh ngaleos neruskeun hanca leumpangna muru lembur, nu duka teuing di mana. Manehna ngarenghap. Jelengeng kana ceulina aya nu asup; Malawading. Enya mun teu wani cekel-deleg kana tihang nu opat tadi, manehna kawas domba jalu nu gede awak gede tanduk, tapi ngasin, ngaletakan bujur domba jalu sejen.

Basa ngarongheap dina punduk tanjakan tanah janah ,sesa mateahkeun umur, karasana cenah panon teh asa bureng. Paneuteup teu pati bengras, kahalangan lamad laku katukang-tukang nu ngabelegbeg. Da enya kabarengkos ku rorongo cangkorangbongkang, nu kakara lesot,lebah mapag pacueutan mangsa. Untung sakitu ge dibere keneh peperet, ngarah bisa neruskeun lengkah kana basisir karido, nu ukur tembong gelor jeung reup-bray, bari ngetit kawas cika-cika. Teu burung hatena ngagerentes, “Ya Alloh,dlolamna anfusana fa inlam taghfirlana wa tarhamna lanna kunanna minal khosiriin,” cenah. Lengkahna anteb, anca, tapi pasti. Meureun kasurung ku kayakinan yen nu kagungan mah mahapangampura. Najan kalan-kalan eta kayakinan teh sok karobeda ku bebence, kasangling ku inggis jeung boa. Kasawur kapaur nu nutug tina sampiung, murudul tuturubun, muru lulurung tujuh ngabandung, ka dalapan keur disorang. Nanceb dina jati nusa tigangpuluh tiga, bagawan sawidak lima. Katuruban ku mandepun,kapanggih di pasampangan, ku nu wawuh di semuna ku nu apal dijaksana. Saliwat ngabelesat ngahiung kana ceuli, pidawuh nu kagungan Ihya, apan sidik; nu pangdeukeutna ka manusa di ieu bumi teh, maot nu salawasna ngukuntit bari ngadodoho, lain indung-bapa atawa kulawarga. Nu pangjauhna keur manusa, nyaeta mangsa nu geus kaliwat, bakat ku jauh-jauhna, nepi ka teu bisa katincak deui, teu bisa kateang deui, taya patalimarga nu mampuh mawa. Nu panggedena keur manusa, nafsu, mun teu dikadalian,urang bakal jadi pangeusi naraka. Nu pangbeuratna keur manusa, amanat, boh ucapan, harta banda, atawa kalungguhan. Nu panghampangna keur manusa, ninggalkeun solat, lantaran kariweuh nu dijieun. Nu pangseukeutna keur manusa, letah, bisa ngajejewet hiji tatanan weweg. Nu panghesena keur manusa, nyaliksik diri. Nu pangbabarina keur manusa, meunteun , nyalahkeun, jeung ngomongkeun batur.

Manehna nyaho jeung yakin yen eta kabeh lain sisiwo, tapi janggelekan wujuding ayat,nu lumaku saendengna, ti mimiti dunya dijieun, nepi ka dunya ditilepan. Ayat nu lain kudu ditasarufkeun kana kanyataan, tapi kudu jadi padika neuleuman jeung ngungkulan kanyataan. Enya nu nyata-na ukur sakoteap, tapi akibatna napak, lain ukur dina hirup, tapi parat mawa ka gapura kasturi, atawa gedong peteng panutup poe, nu meredong ngebebela. Hate jeung pikirna sagambar, nu teu sarimbag teh, kahayang nu nyurungkuy teu katohyan. Bijilna tina rasamaneh, alias lalawora. Tah perkara nu teu pira ieu, nu ku manehna dicukcruk ka luhur gunung, ka lengkob caneom, ka padataran, ka basisir. Neangan parajisakti, gurumursid, ajengan jembar, nu sakira bakal bisa ngajawab panalek jeung kapanasarananana. Da bongan dirina teu walakaya.

“Pan kungsi dibejakeun lin, yen cilakana jalma, ku tilu perkara?” Ceuk lalaki tengah-tuwuh, nu sukuna borok, tukang baramaen. Basa diuk paduduaan, ngareureuhkeun cape, handapeun iuh-iuh kiara Payung, di basisir kidul.
“Subhanalloh. Lebeng Nun. Jisim teh hilap, ti saha sareng di mana.” Pokna, bari tarangna kerung, nginget-nginget mangsa ka tukang. Padahal geus nyaho jauh.
“Tina garba ilmiyah nu ngaguliweng jero dada, mangsa andika rumaja. Balik ti pondok reyod suku gunung Patuha. Mangsa lingsir ngulon,” Tembal eta lalaki, bari nunjuk kana dada manehna.”Harita, andika neangan cinyusu keur wudu, lebakkeun Sanghyangburuan.”

“Leres emut ayeuna mah, waktos jisim solat dina batu demprak, sisi wahangan. Nanging perkawis nu diharewoskeunana mah, lebeng keneh teu timu,”Jawabna. Belenyeh Si Lalaki teh imut, lalaunan leungeun katuhuna nyuplak dudukuy cetok, sok diteundeun dina lahunan. Breh tembong beungeutna nu beresih, teu kedewul kawas kalolobaan tukang baramaen. “Kieu geuning, cilakana jalma mun nincak tilu perkara; poho, bodo, jeung lalawora.” Omongna. “Keuna ka diri andika, disebut bodo, da ngarambah garba-garba paelmuan, sakalieun poho, bisa tafakur atawa tatanya. Tapi mun mucunghul sikep lalawora, tah eta mah rada hese dikadalian. Sabab teu sadar dibungkus ku heureuy, padahal eusina kumagungan. Beh ditu na kumalungkung, kumawani kumalancang, bari diusapan ku rasa, moal nanaon. Padahal mawa nanaon, jadi nanaon, matak nanaon. Geura pek wincik tah diri ku ati nu teu berewit.” Cenah. Bep teu ngomong. Beungeutna ngareret kana ombak nu umpalan tujuh susun, silih udag. Sora galurana kawas nu ngingkilikan binarung mupuas, dina wirahma nu angger. Ngadenge panitah Si Lalaki kitu, luk manehna tungkul, paneuteup nanceb kana bumi nu salawasna sabar, diidek dileyek, digeuleuhan dikeumeuhan. Bray tembong kawas aya nu nyurungkuy tina bumi. Pangrasula; Naha teu sabar dina nyanghareupan musibah? Naha teu sabar jeung tangoh dina nampa pangjurung kalbu nu gumede? Naha bet kudu tisoledat ku barang ceuhil, teu pira ukur heureuy? Naha rasa nu nyiliwuri teu ditanganan, kilangbara dibabandan? Sajuta naha, ngawasa dirina, mulen sukma jeung raga nepi ka hese usik. Kaduhung ngalanglaung, nuruban panenjo batin. Saha deui nu kudu disalahkeun, ari geus kieu, iwal ti dirina, hatena, otakna, jajantungna. Nu tungkul kamalinaan, panon poe geus saratus kali pindah. Rabeng pajurawetna curuk nu silih tunjuk jero dada, mawa baal kana rasa kana raga. Taya nu karasa ku awak. Taya tiris taya panas, taya lapar jeung halabhab, taya tunduh taya cenghar. Cimekblek arca manggala, ukur disimbutan angin. Tapi pangdengena mah atra keneh. Hiukna angin, jelegurna ombak, recetna kerak, tikukur nu ngabibis unggal isuk. Cekleukna bueuk mun peuting. Kabeh ge baroga pancen tina puseur taqwa. Cacakan teu boga hate teu boga otak, eta ombak angger satia ngajalankeun parentah, jutaan taun teu kungsi reureuh, ngaletakan jeung nyemboran basisir. Kiara dipapancen kudu ajeg, teu kungsi nyoledat condong sakitu dieundeuk-eundeuk ku angin. Panon poe, ngan kitu jeung kitu we, hirupna taya variasi, engke we eureunna teh mun dipareuman. Kabeh teu bisa lumaku sakahayangna, teu bisa kuma karep. Dalah manuk, ti ngungkuik nepi ka ngungkueuk, nyieun sayang teu robah-robah, bahan jeung wangunna, angger taya kamajuan. Mun diukur tina kabebasan nerapkeun kahayang, we. Inyana leuwih unggul batan mahluk sakuriling-bungking.
“Pangersa..!” Pokna bari cengkat. Tapi nu diajak ngomong geus euweuh, ngaleos teuing ka mana. Taksiran boseneun nungguan nu ngeluk tungkul tilubulan campleng. Teu bina ti nungguan bebegig ngandir. Nepi ka buluan belut, jangjangan oray, boh hurang boh keuyeup, boh cacah boh menak, moal sudieun ngadago nu riweuh sorangan. Jaregjeg sukuna nu urut mando teh diusikkeun, lalaunan nangtung, babatek, irungna nyeuseup hawa laut angin garing. Kakara karasa lapar.

“Ah..moal” Hatena ngagerentes. Aing moal ngogo raga, nu sagala kahayangna kudu dicumponan tempo-tempo ku cara teu munasabah. Keun antep sina lapar, sangkan nyawa seubeuheun. Nyawa nu ngan salambar bari beunang nginjeum, nepi kana waktuna ge kudu dipulangkeun. Era temen ku tangtungan, ku kabebasan karep, ku wewenang lumaku nu pinuh warna jeung rupa. Era ku hirup, piraku mun kudu mulangkeun nyawa, nu tadina beresih, suci, bodas, kudu dipulangkeun bari jeblog, kotor campur bau? Aya keneh waktu sugan, keur nyeuseuh dina laut nyata, batan engke diseuseuh di gedong peteng, ku cai nu panasna bibit sagala panas. Manehna ngaleos leumpang mapay basisir ka kulonkeun. Di kenca, laut, di katuhu, leuweung. Papasangan nu mibanda sipat jeung kanyataan nu beda. Di laut, karangcuri jeung hiu, di leuweung, cucuk jeung maung. Hatena gegem jejem lumaku, sosorompod dina sela-sela balai dunya. Bari taliti surti jeung ati-ati. Padahal ku lalawora, manehna ngarasa lumenggang ngagandeuang dina sontrolan bahaya alamlanggeng, teu riweuh teu baribin, teu sieun teu keueung, teu melang teu hariwang. Ngarasa gede wawanen, luhur elmu, limpas pangabisa. Padahal sakali ngadudut, jutaan taun sangsara. Tapi naha bet teu kapikir teu kapireng. Padahal nyaho, apal. Tah eta lalawora.

Nepi ka lebah jojontor, lengkahna ngarandeg, kadenge aya nu ngageroan. “Ujang..tulungan nini..” Cenah, sora awewe semu ripuh. Direret, nini-nini ngarumpuyuk deukeut ruyuk, ngudupung katindihan suluh nu digandongna. Rikat manehna luncat nyampeurkeun, ngajungjungkeun hurunan suluhna. Rumanggieung nini-nini teh hudang. Gandongan suluhna dilaan, diecagkeun. Gek diuk dina batu. “Nuhun Ujang..muga Mahakawasa, maparin kabagjaan.”Pokna ngadoakeun.”Naha kawas nu nguyung? Aya pasualan naon, nu meungkeut diri?” Pokna deui,sanggeus reureuh sapanyeupahan.

“Numawi nini jisim teh, bingung teu manggih tungtung, susah lawas matak baluas. Salah lengkah, bet mengkol ngenca, tina asal tisoledat.”Jawabna bari gek manehna ge diuk.

“Jamakna jalma mah Ujang, salila aya nyawa, mo leupas tina susah jeung bungah, da eta banda manusa. Ngan meureun masing asak-asak nimbang, pan urang dibere akal pamilih. Dibere qalbu panglesu. Malahmandar nafsu teu ngaberung teuing, sok tuluy ngabarungsinang. Meupeus keuyang kana cangkang. Untung keneh teu nyalahkeun deungeun. Urang we nu sidik salah, da babandingan boga gudang kasalahan, dikukut saumur hirup.” Tembal Si Nini.”Na naon nu dipilampah teh? Kitu ge ketang, mun nini meunang nyaho. Sugan aya dina piruruhan, bongbolongan songek-songek wae mah. Sugan mangpaat keur Ujang,”

“Jisim teh rumaos, heureuy. Tadina kaemut moal nanaon.Tapi janten kalangenan, da batur mukakeun lawang. Cilakana, jisim nincak tanah kebon nu sanes hak, bari mipit buah amis pelak deungeun. Ari buah teh bangun atoh disogot digorogot, malah sering ngagupayan. Antukna jadi kabiasaan ngahenen dina puncak bagja semu. Tos ngabaju, nini. Kumaha nawa na. Raga ditawa, da sukma merenyeng, sukma ditawa, raga ngajaul. Pit deui pit deui, jadi asa teu dosa, asa biasa, asa babagian tina hirup. Sidik jisim bakal maturan batu, jadi suluh dina durukan meredong, bari moal paeh deui..”Pokna bari ngalimba.

“Subhanalloh..enya parna, Ujang. Kababuk ku dua ku tilu. Kerak pitempateunana. Bari kana papagon Ujang apal, Ujang wawuh. Hehe..mun awewe mah malawading, make pakean jeung sikep lalaki, tuluy resep ka wanoja. Tadina tina sieun jomlo. Kawas domba jalu tanduk ranggaek, tapi sok ngasin kana bujur jalu deui. Ngan mun mireng rasa Ujang, asa teu kudu pegat tina rohmat. Teu kudu buntu laku. Apan agung keneh pangampura-Na, batan gunungan dosa manusa. Asal Ujang jejem pakem dina ngeukeuweuk opat patokan..”
“Alhamdulillah, cing wartosan jisim, naon wae tihang nu opat teh,Nini !?” Pokna, ngorejat asa meunang harepan, lir monyet dibere taraje.

“Kudu gede wawanen, pikeun menta dihampura hak adami, panceg moal milampah deui, kaduhung geus wani milampah, jeung ngajauhan tangkal buah eta, jeung tangkal nu sejenna bari istigfar. Taya deui kajaba, iwal ti kitu. Kumaha Sanggup?” Nini nini teh mencrong seukeut tembus kana jajantung manehna. Tah eta pancen nu ngawengku ulah ngomong memeh leumpang, ulah dahar mun keur lapar, ulah nginum keur halabhab. Bangkong dikongkorong kujang, ka cai kundang cameti da kole. Kole dibuah hanggasa hirup teu nyaho di mangsa, paeh teu nyaho di pati. Jadi mangka hade wawayagon.

Teu ngadagoan jawaban, nini nini teh ngaleos neruskeun hanca leumpangna muru lembur, nu duka teuing di mana. Manehna ngarenghap. Jelengeng kana ceulina aya nu asup; Malawading. Enya mun teu wani cekel-deleg kana tihang nu opat tadi, manehna kawas domba jalu nu gede awak gede tanduk, tapi ngasin, ngaletakan bujur domba jalu sejen.***

Sumber : Mangle

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...