Senin, 22 November 2010

Lekoh Teuing

BASA nepi ka Stasiun Deadville, Gleb Smirnov, juru ukur tanah, kakara nyaho yen wewengkon perkebunan nu nyaluk manehna gawe teh jauhna masih kira-kira tilu puluh atawa opat puluh mil deui. Lamun kusirna kuat tur kudana jagjag, jarakna bisa kurang ti tilu puluh mil, tapi lamun kusirna ripuh tur kudana geus rempo, bisa jadi nepi ka lima puluhan.
“Punten, pami penyewaan kuda palih mana nya?” si juru ukur nanya ka patugas stasiun.
“Kulan? Panyewaan kuda? Ah, di palih dieu mah moal aya anjing liar-anjing liar acan, Kang, komo panyewaan kuda! Bade kamana kitu?”
“Ka Devkino, kebonna jendral Hohotov.”
“Euh,” ceuk kepala stasiun, “ka pengker stasiun we; biasana sok aya patani nu bade ka daritu, maranehna sok nyandak panumpang oge.”
Si tukang ukur ngarenghap lungse, tuluy leumpang bangun nu teu purun muru tukangeun stasiun. Sanggeus rada lila neneangan bari jeung nguat-nguat maneh, manehna ahirna manggih saurang patani, awakna gede tur dedeg. Beungetna sangar, pinuh ku tapak bared. Make jeket kulawu nu geus rangsak jeung sapatu tina jarami.
“Meuni alus kieu boga roda teh euy!” poyok si juru ukur bari kalacat unggah kana roda. “Nepi ka kuring teu bisa ngabedakeun mana hareup mana tukang.”
“Ah ma enya? Nu deukeut ka buntut kuda eta hareup, mun nu didiukan ku Bapa eta tukang.”
Kuda teh ngora keneh tapi begang, sukuna ceking tur ceulina sopak. Basa kusirna nangtung bari nyepretkeun pecutna, si kuda ukur gideug; basa si kusir kekecrek tarik bari nyepretkeun pecutna kadua kali, roda teh ngareket tur oyag jiga nu nirisan; dina cepretan katilu, roda ngadangheuak, dina nu kaopat, maju lalalunan.
“Biasana kieu ieu teh?” ceuk si juru ukur, reuwas campur heran nempo kabisa si kusir Rusia ngadumaniskeun karayap laon kuya si kuda jeung sora cepretan pecutna nu matak nyentug kana hate.
“Pokona mah nepi, Pa” si kusir ngareugreugkeun. “Kuda teh ngora keneh jeung rada kebluk. Tapi da mun geus leumpang mah sok hese eureun geura. Hudang jurig!”
Maranehna ninggalkeun stasiun basa meh reup-reupan. Di beh katuhu katembong ngemplang padataran nu poek tur sepi jempling. Legana satungtung deuleu nepi ka jigana mun pareng los-los ka lebah dinya moal salah bakal anjog ka tungtung nagri Ajrak. Panon poe usum murag daun nu tarariis teh lalaunan surup basa sisina saeutik-saeutik leyur ka langit. Di beh kenca, dina sesa-sesa cahaya, katembong pasir-pasir nu rarentul, bisa jadi leuweung geledegan atawa kebon nu geus dihumaan. Si juru ukur teu bisa nempo ka beh hareup lantaran pamandanganna kahalangan ku tonggong kusir nu rubak tur dedeg. Hawa karasa beuki nyecep, meh-mehan beku.
“Ku sepi-sepi teuing,” gerentes si juru ukur bari sabisa-bisa nutupan kadua ceulina ku kerah jaketna; “meuni taya pisan imah atawa saung! Beu, mun pareng cilaka atawa aya nu ngarampog, pantesna moal aya hiji-hiji acan jalma nu nangenan, moal, lamun teu nembakkeun kanon mah. Jeung si kusir jiga-jiga nu nyurigakeun deuih. Teuing aya jurig naon nu nyumput satukangeunna! Sungutna teu mantes, lir sato galak. Mang, mang,” si juru ukur nanya,”saha ngaran teh?”
“Ngaran kuring? Klim”
“Cing Klim, kumaha kira-kirana di dieu? Tara aya nanaon? Tara aya begal?”
“Oh, pangeran nangtayungan keneh, tara aya! Saha nu rek ngabegal di tempat kieu?”
“Enya sih. Tapi mun eta kajadian, kuring boga tilu pestol di dieu” – si juru ukur ngabohong – “jeung, sing apal, tong sakali-kali nyoba-nyoba heureuy jeung pestol. Hiji pestol cukup jang sapuluh rampogeun mah.”
Peuting mimiti turun. Ujug-ujug roda teh ngareket, sada nu humaregung, tuluy ngagoloprak mengkol ka kenca, jiga nu rek balik deui.
“Rek dibawa kamana aing teh cenah?” gerentes si tukang ukur. “Tadi manehna lempeng ka hareup, ayeuna ujug-ujug mengkol ka kenca. Moal boa si kehed teh rek mawa aing ka tegal nu sepi –- tuluy -– tuluy -– geus kabayang nu bakal kajadian. Mang,” manehna nyarita ka si kusir, “tadi ceuk emang tara aya nanaon di dieu? Hanjakal. Padahal kuring resep mun kudu gelut jeung begal. Kuring katempona leutik tur palaya-peleye, tapi tanaga mah wani ngadu jeung munding ge. Pernah kuring diserang ku tiluan, kuma cing? Ku kuring dipeupeuh saurang nepi ka –- paeh. Nu duaan deui dikirim ka panjara Siberia. Kuring ge teu apal timana boga kakuatan sakitu bedasna. Kuring bisa ngangkat jelema nu sagede akang ukur ku saleungeun – tuluy – tuluy – dibabetkeun!”
Klim ngalieuk ka si juru ukur, ngadengdekeun beungeutna bari tuluy mecut si kuda begang.
“Nyaan Mang” sambung si juru ukur. “Pangeran geus mere pitulung ku nyanghareupken para rampog teh ka kuring! Lain ngan ukur dipites-piteskeun leungeunna, tapi maranehna ge kudu mertanggungjawabkeun kajahatannana di hareupeun pangadilan, dimana hakim jeung pangacarana teh babaturan kuring kabeh. Kuring teh aparat pamarentah nu kacida pentingna. Lamun keur jalan-jalan jiga kieu, pamarentah pasti nyahoeun jeung nempatkeun mata-mata jang nalingakeun kasalametan kuring. Aya sababaraha hiji pulisi jeung kaptenna nu nyumput di rungkun sapanjang jalan. Heup! Heup!” si juru ukur ujug-ujug ngagorowok. “Rek kamana ieu teh? dibawa kamana kuring?”
“Pan ka ditu? Asup ka jero leuweung.”
“Jadi kitu,” gerentes si juru ukur. “Aing mimiti seber, tapi aing sabisa-bisa teu meunang nunjukkeun rasa. Jigana manehna geus nyahoeun yen aing sieun ku manehna. Kunaon ti tatadi manehna ngan ngalieukan bae ka aing? Manehna pasti keur ngarencanakeun hiji maksud jahat. Tadi pas mimiti indit roda teh ngarayap, tapi ayeuna meuni asa ngapung. Dengekeun yeuh Klim, kunaon di dinya ngajalankeun kuda teh meuni jiga nu rurusuhan?”
“Kuring teu rurusuhan, kudana nu lumpat sakahayangna. Ceuk kuring ge mun geus lumpat, si ieu mah tara aya nu bisa ngahalangan. Memang geus kitu ti dituna”
“Ekol wungkul siah, kuring nyaho di dinya ngabohong. Tong gancang-gancang teuing ngajalankeunnana. Tahan kudana ku di dinya, ngarti?”
“Naha?”
“Sabab –- sabab –- aya opat babaturan kuring nu keur nuturkeun ti stasiun. Maranehannya ameh bisa nyusul. Maranehna geus jangji rek panggih di ieu leuweung. Bakal reugreug mun araya maranehna mah. Awakna baradag jeung tanagana baredas, bari mawa pestol hiji sewang. Kunaon siah di dinya culang-cileung bae jeung teu daek cicing? Hah? Tempo kadieu, kuring – kuring – euweuh barang berharga di kuring, kuring teu mawa harta nanaon – salian ti pestol nu tilu tea! Yeuh lamun teu percaya ku kuring rek ditembongkeun – dagoan sakeudeung cuang buka.”
Si juru ukur api-api ngodok kana kantongna, nya harita pisan timbul kajadian nu jauh pisan tina panyangkana. Si Klim ujug-ujug ngajleng tina roda tuluy lumpat bari notog notog maneh ka jero leuweung.
“Ampun!” cenah. “Ampun! Sok bawa kuda jeung roda, tong disesaken, ngan kuring tong dinanaon! Ampun!”
Sada nu lumpat gogorobasan ngan sakeudeung kadengena. Jep jempling deui. Basa eta hal nu jauh tina panyangka teh kajadian, nu dipetakeun ku si juru ukur pangheulanan nyaeta ngeureunkeun kuda, tuluy merenahkeun tempat diukna dina roda bari mimiti mikir nya pilampaheun.
“Jadi manehna teh sieuneun jeung percayaeun kana caritaan aing, dasar belegug! Aduh, kudu kumaha pilakueun aing ayeuna? Aing teu nyaho jalan, jadi moal bisa indit sosoranganan, jeung deuih lamun kitu teh ke aing disangka nu maling kuda. Aduh, kudu kumaha aing, Klim! Klim!”
“Klim,” kadenge aweuhan sorana sorangan.
Boga pikiran kudu meuting di eta leuweung geledegan sosoranganan, ngadenge sora ajag di kajahuan, aweuhan sorana sorangan jeung haroshosna sora napas kuda begangna, bulu punduk si juru ukur mimiti muringkak, manehna tuluy diuk.
“Klim,” manehna ngagorowok. “Mang Klim! Mang! Dimana maneh?”
Aya kana dua jam manehna gogorowokan nepi ka peura, manehna geus lah-lahan rek meuting bae di eta leuweung basa dina hiliwir angin kadenge sora haroshos.
“Klim, maneh eta? Kadieu geuwat, hayu cuang indit!”
“Maneh –- maneh rek maehan kuring!”
“Kunaon, kuring mah ukur heureuy, Klim; caritaan kuring ukur bohong. Kuring teu mawa pestol! Kuring ngabohong sabab ku sieun. Hayu ah, kuring katirisan yeuh!”
Si Klim mikir, lamun enya-enya begal tangtu ti tatadi geus kabur mawa kuda jeung rodana, lalaunan manehna kaluar tina rungkun, nyampeurkeun roda bari masih taki-taki.
“Kunaon maneh bet jadi sieun, belegug? Kuring mah bobodoan, jeung didinya deuih matak pikeueungeun! Hayu asup!”
“Euh, juragan,” Klim kukulutus, bari tuluy naek kana roda, “mun nyaho rek kieu mah tadi teh ku kuring moal dibawa sanajan mayar saratus Rubel genan. Sugan teh rek paeh.”
Klim mecut kuda begangna –- roda gideug; Klim mecut sakali deui roda teh oyag; dina pecutan anu ka opat roda mimiti ngarayap lalaunan, si juru ukur narik kerah jaketna jang nutupan kadua ceulina bari tuluy nyarandekeun sirahna nu beurat.
Si Klim jeung jalan teh teu pikakeueungen deui ayeuna mah.
(Ditarjamah-bebaskeun  tina Overseasoned karangan Anton Chekhov nu aya dina buku Selected Stories, Wordsworth Classic, 1996)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...