Senin, 22 November 2010

guyonan -1

Sosonoan

Opat poe katukang kang Diding gura-giru ka dokter cenah teu raraos awak. Sabada dipariksa, dokter nyimpulkeun yen kang Diding teh loba teuing sosonoan jeung pamajikanana tur euweuh watesanana.
Dokter nyarankeun leuwih alus mun nek sosonoan kudu make jadwal nu matuh, saminggu cukup tilu kali
“Kumaha dok carana ngarah bisa nginget jadwalna??” Tanya kang Diding
“Saena mah cirian we dinten naon wae anu awalanna tina huruf ‘S’ contona Senen, Salasa jeung Saptu,” jawab dokter.
Nincak poe kaopat kang Diding teu kuat nahan, kapaksa ngalanggar saran dokter terus ngahudangkeun garwana nu keur sare, kulisik pamajikanana hudang bari satengah lulungu pok pamajikanana nanya
“Malem naon ieu teh kang?”
” Malem SUM’AT.Sssttt!!” tembal kang Diding bari nyenghel.

Tukang Nyadap Gehgeran

Januari 14, 2010
Arapal teu kana sigay? Ari sigay teh nyaeta awi saleunjeur nu sok ditanggahkeun kana tangkal kawung, piparantieun naek ari nyadap lahang. Tah ieu carita ngeunaan tukang nyadap nu gehgeran. Sakumaha biasanya tukang nyadap teh naek kana tangkal kawung make sigay. Geus nepi kaluhur, sarangka bedogna murag. Ninggang kana sigay, mapay sogatan (sengked paranti nincak) genah kadengena teh. “Prak prik pruk prok prek…”
Dasar nu gehgeran. Ngadenge perah bedog mapay sigay genah kadengena, terus bae bedogna dipuragkeun. Tetela leuwih genah. Leuwih halon. “Trang, tring, trung, trong, treng….”
Nu gehgeran beuki kataji, Lodong nu rek digantungkeunkeun kana leungeun kawung paningguran, geuwat dipuragkeun. Beuki halon bae kadengena. “Dang, ding, dung, dong, deng…. “
Abong nu gehgeran sok kateterusan. Luak lieuk neangan puragkeuneun, euweuh. Bet panasaran. Hayang nyaho mun awak sorangan. Teu antaparah deui, koleang muragkeun maneh. Meneran kana sogatan sigay. Disada ari disada namah. Ngan teu halon jeung ngoncrang, kawas perah bedog, bedog jeung lodong tadi. “A, i, u, o, e….”, kusek bae, teu empes-empes…

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...