Senin, 22 November 2010

Dina Pangaruh Morfin

Ku O’ Henry*)

KURING weleh teu ngarti, kumaha carana nepi ka Tom Hopkins bisa gagabah samodel kitu, sok padahal manehna teh kungsi meakeun waktuna di fakultas kadokteran (samemeh manehna meunang warisan ti bibina) tur tangtuna ngarti pisan kana sual obat-obatan.

Kuring jeung manehna geus jangjian rek panggih dina eta sore, tuluy Tom datang ka tempat kuring rek ngadon ngopi jeung ngobrol ngaler-ngidul samemeh balik ka apartemenna nu mewah. Kuring keur ka ruangan sejen sakeudeung basa ngadenge Tom ngagorowok:

“Euy, Billy, kuring rek menta pel kina opat siki mah, teu kunanaon lin? rarasaan teh tariris kieu yeuh. Asup angin jigana mah.”
“Nya, sok we mawa,” ceuk kuring. “Botolna aya dina rak nu kadua. Nginumna campurkeun jeung minyak kayu putih sasendok. Ameh paitna leungit.”

Basa balik deui ka ruangan, kuring jeung manehna tuluy ngawangkong hareupeun parapian. Kira-kira nepi dalapan menit, Tom ujug-ujug labuh ngalenggerek.

Kuring ngojengkang kana kotak obat tur nangenan.

“Na ari maneh ku gagabah!” ceuk kuring keuheul. “Deuleu tah balukarna mun duit geus mangaruhan otak jelema!”

Aya botol morfin nu tutupna geus muka, jigana Tom teu kungsi nutupkeunna deui tadi.
Kuring tuluy ngagero saurang dokter ngora nu kamerna di lante luhur, tur tuluy duaan ngagotong Tom ka imah dokter Gales nu aya dua blok jauhna ti dinya. Tom Hopkins beunghar teuing mun kudu di sanghareupan ku saurang dokter bau cikur keneh mah.

Basa dokter Gales ngurunyung, manehna tuluy mere Tom pangrawat nu sabanding jeung ajen ka-profesian-na. Sanggeus ngaliwatan hiji usaha panyalametan nu meh-mehan, kuring jeung manehna nginumkeun Tom kopi nu kadar kafeinna tinggi, tuluy tiluan mayang Tom naek turun tangga. Dokter Gales nyangkeh awak Tom bari nepakan beungeutna, tihothat melaan lambaran cek nu jumlahna gede nu bakal ditarimana engke. Si dokter ngora nu ti lante luhur tea nunjukkeun perhatianna nu leuwih ku hiji tajongan ngarah Tom sadar, bari tuluy menta hampura ka kuring.

“Wah, teu ngaruh,” cenah. “Kakarek ayeuna bisa najong saurang jutawan. Jigane hese deui engke mah.”

“Tah, ayeuna,” ceuk dokter Gales, sanggeus sababaraha kedapan, “Manehna bisa salamet. Ngan omat jagaan sangkan manehna tetep hudang. Bisa ku diajak ngobrol atawa digeubig-geubig sakali-kali. Mun nadi jeung nafasna geus normal, kakara bisa sina sare. Kuring ayeuna rek mulang. Ieu pasen wayahna dipasrahkeun ka didinya.”

Kuring tinggal sorangan jeung si Tom, nu geus di sarandekeun dina sofa. Manehna ngabebengkang bangun nu tenang naker bari panonna meletet. Ayeuna kuring ngamimitian boga tugas ngajaga supaya manehna angger hudang.

“Yeuh, aki-aki bedegong,” ceuk kuring. “Didinya tadi ampir-ampiran cilaka, untung kuring kaburu keneh bisa nulungan. Baheula basa kuliah, dosenna kungsi ngajarkeun teu, yen m-o-r-f-i-n teh dibacana lain ‘kina’, komo bari jeung opat siki? Tapi nya keun bae nu geus liwat mah, asal cageur deui we. Ngan kuduna mah didinya teh geus jadi apoteker. Geus pantes nyieun resep obat.”

Tom ngareret semu tunduh ka kuring bari nyengir.

“B..ly,” cenah teu pati jelas, “Kuring ngarasa jadi nyiruan jeung manuk nu ngapung ngurilingan kekembangan. Rarasaan teh bungah pisan. Geus tong ngaganggu wae. Geura sare kadituh.”
Manehna ngalenyap aya kana dua detik mah. Ku kuring digeubig-geubig.

“Dengekeun Tom,” ceuk kuring rada tarik, “Maneh teu menang waka sare. Ceuk dokter maneh kudu tetep hudang salila sajam mah. Beunta, maneh can aman pisan deuleu. Yeuh, hudang!”

Tom Hopkins teh beuratna aya kana 198 pon. Manehna ukur nyengir bari tetep meletet, teu lila geus sare deui. Euweuh deui cara, kuring kudu ngusahakeun manehna tetep gerak, alusna mah malah sina joged dangsa irama waltz ngurilingan ruangan. Tom kadenge mimiti kerek, eta hartina, ku sabab keur karacunan morfin tea, manehna aya dina kaayaan nu bahaya pisan.

Tuluy kuring mikir. Rek ngangkat awakna kajudi moal kuat, ana kitu mah kuring kudu bisa narik perhatianna. Sakilat kapikir ideu brilian: “Sina ambek.” Beu, tapi kumaha carana? Gusti, rarasaan euweuh cawadeun na diri manehna mah. Tom teh sobat nu kacida bageurna. Manehna estu jalma anu amis budi, saurang lalaki sajati, bageur, jujur jeung bersih hate lir sumiratna panon poe. Manehna teh urang pakidulan, nu masih ngahargaan kana adab kasopanan. Najan hirup di tengah gurilapna kahirupan New York, tapi teu nyababkeun manehna unggah adat. Manehna boga selera nu kuno tur sopan pisan ka awewe, tah..tah… awewe, kapanggih! Kuring seuri kapengkek ngabayangkeun hal eta. Tuluy ku kuring awakna digeubig-geubig nepi ka ceulina disada aplek-aplekan. Bangun teu purun manehna beunta. Kuring api-api nunjukkeun panghina bari ngacungkeun curuk ka hareupeun irungna.

“Dengekeun yeuh, Hopkins!” ceuk kuring rada nyentak.

“Urang teh geus lila sosobatan, tapi ka hareup mah kuring teu hayang deui babarengan jeung jalma teu boga cedo jiga maneh.”

Tom katempo rada mureleng.

“Aya naon, Billy?” cenah, malik nyentak. “Ku naon ari maneh, hah?”

“Mun kuring jadi maneh,” ceuk kuring tuluy. “Tapi sukur henteu, kuring moal bisa sare, maksud teh ngeunaan awewe nu ku maneh ditinggalkeun sorangan di lembur. Awewe nu ku maneh dipopohokeun sanggeus maneh ayeuna loba duit. Kuring ge ngarti nu aya dina pikiran maneh. Baheula basa keur jadi mahasiwa kedokteran nu miskin, maneh ngarasa manehna teh pantes jang maneh. Tapi ayeuna, sanggeus jadi jutawan, sagalana beda. Kuring heran, naon nu diteangan ku jelema-jelema samodel maneh ti awewe nu sakitu satiana. Maneh nganggap yen maneh saurang lalaki sajati? Hampura Hopkins, kuring kapaksa kudu ngomong ieu, sabab maneh salila ieu geus nyumputkeun hal eta sakitu bunina. Kuring teu resep ku sagala kalakuan maneh nu teu jujur eta.”

Deudeuh Tom. Kuring ampir-ampiran ngabarakatak nempo manehna kokosehan hanyang ngalawan pangaruh morfin. Manehna kaciri bener-bener ambek, tur kuring ge teu nyalahkeun. Tom, sakumaha ilaharna urang pakidulan, ngabogaan sifat gede ambek. Panonna buncelik tur semu hurung. Tapi pangaruh obat teu bisa dilawan, nyababkeun letahna lir nu kakonci.

“K..e..he..d …si..a..h,” cenah balelol, “di tampiling ku aing.”

Manehna rek hudang tina sofa. Tapi awakna estu teu tanagaan. Ku kuring didedetkeun ku saleungeun. Manehna ngabebengkang deui dina sofa bari ngagidir lir singa nu asup kana pitapak.

“Lumayan bisa nahan sakeudeung tah, aki-aki bedegong,” ceuk kuring jero hate. Kuring ngarongkong pipah tur tuluy diseungeut, rarasaan teh hayang ngaroko heula. Kuring leuleumpangan sakeudeung, bari muji sorangan ku sabab ideu brilian tadi.

Kadenge sora kerek. Ku kuring dilieuk. Tom geus sare deui. Ku kuring disampeurkeun bari tuluy pipina dicabok. Manehna ukur neuteup teu suka. Kuring nyedot pipah bari tuluy nyodorkeun kana beungetna.

“Geuwat hudang siah, bari tuluy geura indit ti dieu,” ceuk kuring ngahina manehna. “Kuring geus ngedalkeun sakabeh nu aya di pikiran tentang maneh. Mun maneh masih boga harga diri jeung kajujuran, maneh bakal mikir dua kali samemeh nyebut diri lalaki sajati. Manehna awewe nu sangsara, lin?” cek kuring. “Nu kampungan jeung tinggaleun jaman ti saprak urang loba duit. Nu bakal ngerakeun mun dibawa jalan-jalan ka Fifth Avenue? Yeuh Hopkins, maneh teh opat puluh tujuh kali leuwih goreng batan jelema nu teu boga cedo. Saha nu rek nempo kana duit maneh, hah? Kuring mah teu paduli. Wani taruhan eta awewe ge moal. Jigana mun maneh teu boga duit, kakara bakal bisa ngarasakeun. Maneh geus nipu diri sorangan, jeung….” rarasaan teh bet ku dramatis, “ngancurkeun hatena nu satia.” (Si aki-aki bedegong Tom Hopkins geus ngancurkeun hatena nu satia)

“Kuring geus teu hayang deui nempo maneh.”

Kuring nungguan Tom, bari ngiceupan sorangan hareupeun eunteung. Kadenge manehna hudang, kuring geuwat ngalieuk. Kuring teu hayang mun kudu katindihan ti tukang ku jelema beuratna 198 pon. Tapi Tom ngan bisa malik saeutik, awakna nyangsaya kana sofa bari sirahna ngalehleh. Manehna ngomong sababaraha kecap nu kadengena leuwih jentre batan tadi.

“Aing sabenerna …teu hayang …ngomong ieu ka maneh, Billy, …malahan sanajan mun aya jelema nu ngomong teu bener tentang maneh. Tapi dengekeun ku maneh. Mun aing bisa hudang …. moal asa-asa ku aing dipiteskeun beuheung maneh… mangkahade siah.”

Kuring jadi rada kapiasem ngadengena. Tapi eta kabeh ku kuring dilakukeun jang kasalametan manehna sorangan. Isukan ge, mun kuring geus ngajelaskeun hal eta ka manehna, tangtuna kuring jeung manehna bakal saleuseurian deui.

Kira-kira dua puluh lima menit saterusna Tom beuki leuleus kadengena, tuluy sare. Ku kuring dipariksa nadi jeung nafasna, tuluy ngantepkeun manehna tibra. Nadi katut nafasna geus normal deui jeung Tom geus salamet. Kuring indit ka kamer nu sejen bari tuluy ngaguher di kasur.

Basa hudang isuk-isukna, kuring nempo Tom geus diuk jeung salin. Katempona manehna geus sadar sapinuhna, ngan sarapna masih keneh ngadaregdeg tur letahna lir kulit jamuju nu maroletek.
“Aya ku belegug ari kuring,” cenah. “Paingan asa aya nu aneh pel kina teh basa ku kuring rek diinum. Hese teu nyadarkeun kuring peuting?”

Ku kuring dibejakeun henteu. Katempona ingetanna teu pati alus kana kajadian peuting. Kuring nyindekkeun yen manehna teu ingeteun kana naon nu geus dilakukan ku kuring pikeun ngajaga supaya manehna tetep sadar, tur mutusken moal nyabit-nyabit deui eta perkara. Engke we, meureun, mun manehna geus cageur pisan, tangtuna kuring jeung manehna bakal resep nggalalakonkeunna deui.

Basa Tom rek indit, manehna eureun heula sakedapan di hareupeun panto nu muka bari ngajak sasalaman.
“Maneh geus loba nulungan, euy,” omongna tenang, “Hampura kuring geus loba ngaripuhkeun maneh, jeung bener nu ku maneh diomongkeun peuting. Sagancangna kuring bakal ngirim telegram ka si awewe nu di kampung tea.”
___________________
*) O Henry (1862-1910) ngaran aslina William Sydney Porter, hiji pangarang Amerika nu kaitung produktif. Dilahirkeun di Greenboro California Utara tanggal 11 September 1862. Tulisanna loba nyaritakeun kahirupan jelema-jelema basajan di kota New York. Kawentar ku alurna nu bulat beulit jeung nyaritakeun kajadian-kajadian nu ironis atawa kabeneran tur ditungtungan ku ahir nu teu disangka-sangka.

Disundakeun  tina “Dalam Pengaruh Morfin” nu aya dina buku Cerita-cerita Pilihan O Henry, KATIA Desember 2004.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...