Senin, 22 November 2010

Diborong

HIJI jajaka ngarasa gumbira  pisan nalika diuk di pesawat gigireun manoja geulis. Aya batur ngobrol yeuh, gerentesna. Ngan sanggeus sawatara lila pagigir-gigir, si wanoja  teh bet maca buku wae.
Antukna si jajaka nanya: “Bade ujian, geuning maos teras?”
“Ah henteu…., abdi nuju ngalaksanakeun panalungtikan,” tembal si wanoja.
“Panalungtikan dina perkawis naon ?” Si jajaka panasaran.
“Perkawis hubungan antawis etnis sareng model alat vital pameget.” jawab si wanoja tenang.
Si jajaka beuki panasaran, terus nanya deui “dupi hasilna tos aya?”
“Parantos. Numutkeun hasil panalungtikan nu ku pribados dilaksanakeun, disimpulkeun wireh alat vital pameget urang Bali modelna paling sae, margi aya kaitanana sareng kaparigelan dina mahat . Alat vital pameget urang Batak pang badagna, margi kapangaruhan ku kabiasaan ngobrol heuras, janten getih teh seueur ngalir kana sabudeureun alat vital” jawab si wanoja, pipanasaraneun si jajaka.
“Alat vital pameget urang Sunda pang panjangna, margi aya kaitanana sareng kabiasaan nganganggo sarung.” Cek si wanoja kawas nu nutup kasimpulan panalungtikanana.
“Eh, punten atuh urang teh teu acan kenalan……”
“Oh muhun.” si wanoja imut ngagelenyu. “Pribados Lisa.. dupi akang teh saha tea?”
“Ehmmm, nami akang I GEDE CECEP HUTAGALUNG.! !!”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...