Kamis, 13 Desember 2007

PARIGEUING GAYA KAPAMINGPINAN (LEADERSHIP) PRABU SILIWANGI
Ku: Drs.R.H. Hidayat Suryalaga

Kapamingpinan dina masarakat Sunda, nurutkeun Naskah Kuna Sanghiyang Siksa Kanda’ng Karesian. Ieu naskah kuna teh asli titinggal karuhun Sunda taun 1518 Masehi (Prabu Siliwangi/Jayadewata pupusna taun 1521 Masehi) anu disundakeun deui kana basa ayeuna ku Drs. Saleh Danasasmita 1985. Ari aksarana ngagunakeun aksara “Ratu Pakuan”, lain Cacarakan. Basana Basa Sunda Buhun.

Dina naskah Kuna ieu teh aya palanggeran, tuduh laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masarakat jaman harita. Sanajan kitu eta palanggeran teh tetep gede gunana pikeun jadi palanggeran pamingpin Sunda jaman ayeuna. Eta palanggeran teh disebut PARIGEUING.

A. PARIGEUING

Dina Basa Sunda jaman abad ka 15/16 masehi, disebutkeun yen Parigeuing teh nya eta : “Parigeuing mah ngaranna : bisa nitah bisa miwarang, ja sabda arum wawangi, nya mana hanteu surah nu dipiwarang”. Upama ku basa Sunda jaman ayeuna mah hartina : “Nu disebut Parigeuing teh nyaeta bisa marentah bisa miwarang ku caritaan nu pikagenaheun tepi ka teu matak jengkel nu diparentahna”.

B. DASA PASANTA

Pikeun bisa ngalaksanakeun Parigeuing teh carana kudu bisa ngalaksanakeun heula Dasa Pasanta (hartina Sapuluh Panengtrem Hate). Maksudna kumaha carana pikeun nengtremkeun hate jelema nu diparentah supaya dina digawena teh iklas tur sumangetna ngagedur.

Ari panengtrem hate anu sapuluh rupa teh nyaeta:

1. Guna. Tegesna jelema nu diparentah teh kudu ngarti-eun naon gunana tina nu diparentahkeun teh.

2. Ramah. Parentah kudu ditepikeun kalawan wajar jeung sareh, ramah tamah, amis budi. Bakal ngarasaeun dihargaan sabage manusa nu boga ajen pribadina.

3. Hook. Hookeun (B.Ind: kagum). Parentah karasana saperti gambaran hookeunana (kekaguman) kana kabisana (kamampuh) nu diparentahna.

4. Pesok. Hartina kapikat hatena (reueus). Jadi parentah kudu ditepikeun ku cara nu matak kapikat hate, nu nimbulkeun rasa reueus dina dirina.

5. Asih. Nyaeta rasa nyaah. Tepi ka karasaeun yen dirina teh lir ibarat babagian tina diri nu marentahna. Jadi milu tanggungjawabna teh bari gembleng hate.

6. Karunia/Karunya. Tegesna parentah karasaeunana saperti rasa kanyaah (karunya) jeung oge mangrupa kurnia kapercayaan kana kamampuh dirina.

7. Mukpruk. Tegesna kudu bisa ngalelemu. Tepi ka ngarasa yen digawe teh lain kapaksa, tapi geus jadi tugasna.

8. Ngulas. Ayeuna dina Basa Indonesia disebut mengulas. Tegesna kudu bisa mere komentar (ulasan) kana pagawean bawahan ku cara nu surti tur lantip.

9. Nyecep. Tegesna bisa niiskeun pikir nu diparentah, supaya genaheun pikirna. Boh ku lisan komo bari aya lar barangberena mah.

10. Ngala angen. Nyaeta bisa narik simpati bawahan. Carana ku ngantengkeun silaturahmi nu wajar. Bakalna timbul rasa satia (loyal) ka pamingpinna.

C. PANGIMBUHNING TWAH

Jaba ti Parigeung jeung Dasa Pasanta teh, dina naskah eta keneh aya nu disebut Pangimbuhning Twah, nyaeta pituduh tatakrama hirup kumbuh sapopoe, sangkan manusa hirupna teh boga pamor (B.Ind: bertuah). Upama disundakeun ayeuna mah hartina teh Pangjangkep Pikeun Boga Pamor.

Aya 12 pangjangkep tatakrama nu kudu dicumponan ku unggal jelema teh nyaeta:

1. Emet. Tegesna digunakeun saeutik-saeutik (saemet-emet) supaya kapakena. Hartina henteu konsumtif.

2. Imeut. Tegesna taliti euweuh nu kaliwat (B.Ind: cermat).

3. Rajeun. Saharti jeung rajin. Bisa ngamangpaatkeun waktu.

4. Leukeun. Saharti jeung junun, suhud (B. Ind : tekun). Bakalna teh tepi ka nu dimaksud jeung loba hasilna.

5. Pakapradana. Bisa dihartikeun sonagar, wanter. Bisa oge dihartikeun pantes barangpakena.

6. Morogol-rogol. Hartina boga karep pikeun maju, gede sumanget, henteu elehan. Ulah soteh murugul, nyaeta sipat jelema nu hayang meunang sorangan.

7. Purusa ning Sa. Hartina boga jiwa pahlawan. Wani nangtung panghareupna dina aya kasulitan. Tara nyalahkeun batur. Gede rasa tulung tinulungna.

8. Widagda. Tegesna wijaksana. Pikiran jeung rasana (rasio katut rasana) bakal saimbang. Mikirna bisa cekas tur adil.

9. Gapitan. Hartina wani bakorban pikeun kayakinan dirina.

10. Karawaleya. Tegesna balabah (B.Ind: dermawan), resep tulung tinulungan.

11. Cangcingan. Ayeuna sok disebut cingceung, tangginas (B.Ind : gesit).

12. Langsitan. Bisa dihartikeun rapekan, terampil, binangkit, binekas. Ceuk basa ayeuna mah loba niley pleusna.

Tapi aya 4 pasipatan (tatakrama nu teu hade, anu non etis), nu dipahing ku para luluhur Urang Sunda, diebutna PAHARAMAN nyaeta:

1. Pundungan. Ayeuna oge istilah pundungan dipiwanoh keneh. Moal boga sobat. Hirupna moal maju.

2. Babarian. Ayeuna mah sok disebut gampang kasigeung (B.Ind: mudah tersinggung). Moal boga sobat. Hese maju. Hese meunang pitulung.

3. Humandeuar. ieu teh kaasup pasipatan nu kacida gorengna. Tanda hengker jiwana. Teu mampuh nyanghareupan kasulitan.

4. Kukulutus. Ieu mah pasipatan anu panggoreng-gorengna, kitu ceuk karuhun baheula. Hirup bakal munapek. Beungeut nyanghareup ati mungkir, bengkok sembah ngijing sila. Digawena puraga tamba kadengda. Kasatianana saeutik pisan. Bisa ngahianat ka dunungan atawa ka babaturan.

Hayu urang lenyepan ku sarerea eta rumus jetu karuhun urang teh, atuh sanggeus kalenyepan urang usahakeun di prakeun kana kahirupan sapopoe

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...