Jumat, 01 November 2013

NGARAN-NGARAN PATEMPATAN

ALUN-ALUN : tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupatén, masjid agung, jsb)
BABAKAN : lembur anyar
BABANTAR : lebah walungan anu léah sarta déét
BOBOJONG : jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan)
BUBULAK : sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa di pasir
DUNGUS : runyuk, rungkun, gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet.
HUMA : tanah darat (biasana di leuweung) nu dipelakan paré tur tara dikocoran cai
JUNGKRANG : legok nu jero sarta sisi-sisina gurawés
KARÉÉS : sisi walungan nu réa keusikan (mun di sisi laut, basisir)
KEBON : tanah darat nu dipelakan rupa-rupa pepelakan
LAMPING : lebah gunung atawa pasir antara puncak jeung tutugan
LEGON : lebah basisir nu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik
LEMBUR : kampung, tempat padumukan jelema nu réa imah
MONGGOR/MOMONGGOR : sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik
MUHARA/MUARA : tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé
MUMUNGGANG/GEGER : lebah gunung nu pangluhurna (tonggong gunung)
PASIR : gunung leutik sarta handap
REUMA : tanah darat urut huma
RORAH : cai ngocor, sarupa jeung susukan, ayana di leuweung
SABANG : tanah darat nu dihapit ku dua walungan
SAMPALAN : tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
SITU : sarupa jeng balong ngan leuwih gedé, leuwih lega (biasana walungan nu dibendung sok ngajangélék jadi situ)
SOMANG : jurang gurawés sarta jero
TANJUNG : jojontor, tanah nu nyodor ka laut
TARIKOLOT : tempat urut lembut
TEGALAN : tanah lega tur rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul
TELUK : basisir nu ngelok ka darat
TEPIS WIRING : sesebutan séjén pikeun pasisian atawa pilemburan
TETELAR : tanah datar di tengah sawah nu henteu kahontal ku cai, sok dipaké ngangon
TUTUGAN GUNUNG : gunung beulah handap (suku gunung)
WAHANGAN : walungan, ngocor caina gedé ti girang ka muara

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...