Senin, 22 November 2010

Masih Angger Kénéh

Sabada pangsiun Suyatna hayang ngalanglangan asrama tempat baheula manéhna matuh ampir genep taun basa keur jadi mahasiswa. Wangunanana tacan dirobah. Kamar-kamarna masih cara baheula, bubuhan jieunan jaman normal, sagala rupana weweg. Kaina ogé kabéh tina jati.

Barang nepi ka kamar urut manéhna baheula, manéhna keketrok. Sabada sawatara lila ngadagoan, ahirna aya mahasiswa anu kaluar.

“Kénging upami lebet ningalian kaayaan ieu kamar?” ceuk Suyatna. “Baheula leuwih ti satengah abad ka tukang, Bapa nyicingan kamar ieu. Panasaran hoyong mulangkeun panineungan.”

Henteu ngadagoan diidinan, blus Suyatna asup. Tuluy niténan kaayaan kamarna. “Masih angger nu baheula. Méjana angger, lomarina angger ….” tuluy manéhna mukakeun panto wc. Aya mahasiswi satengah taranjang. Gancang ku manéhna ditutupkeun deui. Si mahasiswa nu nyicingan kamar éta jiga samar polah, tuluy méré katerangan:

“Éta téh pun adi ….,” pokna.

“Carita kitu ogé angger sarua jeung baheula,” walon Suyatna.
 
SARAPAN YAYANG

PANGANTEN anyar mangrupakaeun salah sahiji kajadian nu moal kapopohokeun dina kahirupan. Kitu deui keur Aa jeung Nyai, estu sagala katresna, kanyaah jeung kaasih teh ditumplekeun pisan dina mangsa harita. Isuk-isuk sabada peuting panganten, Nyai nanya ka Aa:
Nyai : “Aa, bade sarapan naon?”
Aa : “Sarapan yayang bae Nyi, Aa masih sono” pokna bari ngagelenyu.
Atuh der bae duanana kokojayan dina lautan asmara mapatkeun asih katresna. Pabeubeurang, Aa di kantor narima telepon ti Nyai:
Nyai : “Aa, bade tuang siang di mana?”
Aa : ” Di bumi wae Nyi, ke sakedap Aa nyelang mulang heula dina istirahat siang”.
Barang datang, Nyai gura giru moro ku kasono. Aa dipapag ku imut nu kareueut, bari pok Nyai nanya:
Nyai : “Bade tuang siang sareng naon A?” Cek Nyai bari nyelende.
Aa : “Ah, urang neda yayang bae, Aa lapar keneh”, pokna bari ngaleng Nyai ka pangkeng.
Atuh der deui bae si Aa teh ngalaksanakeun kawajibanana.
Kitu deui dina peutingna sabada Aa datang ti kantor, menu “makan malam yayang” teh dihabek aya kana tilu uruganana.
Isukna, barang bray beunta Aa rurat reret neangan Nyai nu geus teu aya di gigireun. Di teang ka sumur suwung, di goah teu aya. Barang diteang ka dapur, kasampak Nyai keur nagog luhureun kompor. Aa kaget, bari pok nanya:
Aa : “Nuju naon Nyi, eta bet nagog luhureun kompor?”
Nyai : “Pan nuju ngahaneutkeun sarapan yayang A…”
Aa :”##?!…….”


BASA JANG AANG BALANJA KA PASAR
Basa na Salasa jam dalapan Jang Aang ngahaja jalan-jalan ka pasar Darmaraja hayang balanja lalab-lalaban jang sarapan. Barang datang ka pasar nyampak kang Dadang mamawa anakna balanja kalapa salapan.
Jang Aang :”Naha kang balanja kalapa? Pan kang Dadang aya tangkalna dalapan?”
Kang Dadang :”Ah … nya jang babawaan ka baraya, mamang sayah hayang martabak kalapa…jang Aang balanja lalab? Mana samarana?”
Jang Aang :”Aya tah laja … salam.”
Kang Dadang :”Naha laja salam, jang Aang tara masak nya? Tah bawa kalapa jang lalab mah.”
Jang Aang :”Nya lah ngajaran dahar lalab aya kalapaan …. mangga Kang.”
Kang Dadang :”Mangga….”
Jang Aang kapaksa mamawa kalapa, padahal kahayangnamah mamawa samangka sakaranjang jang anak-anakna. Kang Dadang mapay-mapay jalan satapak, rada hanjakal mamawa kalapana ngan dalapan… TAMAT… dadaaaah….. calawak nya.
LOHIKA
Pagawé kantor pos nimbang bungkusan anu rék dikirimkeun ku Ibu Titin. Sabada niténan beuratna, pagawé kantor pos téh nyarita: “Kedah ditambihan parangkona, Bu.”
“Naha?”
“Margi beuratna langkung teuing.”
“Naha lamun parangkona ditambahan beuratna baris ngurangan kitu?”

MABOK
HIJI  mangsa aya jelema mabok asup ka hiji bar, ngaliwatan panto hareup. Kanyahoan ku Bartender, buru-buru ngahalangan eta lalaki,
“Teu meunang asup kadieu geus mabok mah!”
Jalema mabok tadi kaluar, tapi terus asup deui, ngan ayeuna mah ti panto gigir. Kaperego deui ku Bartender nu tadi
“Anjeun teh geus mabok, jadi tong asup kadieu! Perlu di pang manggilkeun taksi…?”
Nu mabok tea buru-burur kaluar deui, tapi asup deui ti panto tukang. Kapanggiheun deui bae ku si Bartender anu tadi, bari jeung keuheul pok si Brtender nyarita, “Lamun silaing wani asup deui, awas, dibejakeun ka pulisi geura!”
Jalma anu mabok tea ngarenjag jiga nu reuwas, “har…naha silaing bisa gawe di sababaraha bar euy…?”

BOROKOKOK
Ku: Dhipa Galuh Purba
KATELAHNA Mang Ook.  Imahna di sisi lembur Tutugan Béngkok. Kakoncara tukang bobok, tukang tarok jeung tukang mukakeun…anderok. Karesepna ogé nyonyoo hayam bangkok, tara kapok-kapok sanajan remen dipacok. Ceuk pamajikanna ogé, mang Ook téh jelema koplok. Teu kaur aya mojang dénok, pastina ogé sok hayang tuluy nyantok.
“Sok…!” ceuk Mang Ook bari ngamang-nagamang pakarang titinggal si Carok.
“Naon, Kang Ook?” Bi Enok, pamajikan mang Ook rada ngahaok.
“Manéh bieu keur naon jeung Si Ucok?”
“Bieu iraha, kang Ook?” Bi Enok molohok.
“Bieu, dina handapeun tangkal jambu bangkok!”
“Oh, apan dititah ku Kang Ook, néangan bangkong korodok,”
“Moal enya néangan bangkong korodok mani bari silih pacok bari mojok? Dasar pamajikan bungaok, ku aing digaplok manéh téh, Enok!”
“Sumpah, Kang Ook. Kuring mah teu silih pacok jeung si Ucok. Saksina ogé hayam bangkok anu keur kongkorongok. Si Ucok mah ukur ticatrok kana tungtung erok. Tuluy ku kuring dikerok. Tapi paralun lamun nepi ka silih pacok,”
“Ari étah, kunaon baju mani laledok?”
“Apan ngadiukan tikotok. Tuluy diberesihan ku taneuh ledok….”
“Ah manéh mah bisaan ngelok , Enok!” ceuk Mang Ook bari nyokot séndok paranti nembok. Tuluy ngaléok bari katara beungeutna mani camohok. Teu lungak-longok heula ka Bi Enok.
“Rék ka mana, borokokok?!” Bi Enok nyorowok.
“Rék narok Si Ucok…!” témbal Mang Ook bari malédog ku batok kana kenteng imah Haji Mubarok.
*
Mang Ook geus anjog ka hareupeun imah mang Ucok di lembur Cisolok. Bari ngamang-ngamang séndok témbok, Mang Ook hahaok siga anu keur mabok. Awakna mani noroktok, méh baé huntuna ogé morolok.
“Ka luar sia téh, Ucok…!” Mang Ook beuki ngahaok. Tapi Mang Ucok tacan kaperegok. Teuing ngokok, kuméok méméh dipacok, sabab Mang Ucok geus kapok lamun kudu pahaok-haok jeung Mang Ook.
“Éh, Kang Ook. Tos lami keketrok kana panto rorompok?” Bi Ni’ok, pamajikan mang Ucok, geus ngajanteng hareupeun Mang Ook. Atuh sakedapan mah Mang Ook kalah molohok bari gagaro kana sirahna anu borok.
“Euh, nyi Ni’ok…Ok..euh…Ok…” Mang Ook nyaritana semu anu kararagok. Panonna méh-méhan molotok, neuteup awak bi Ni’ok anu montok. Mangkaning Bi Ni’ok ukur mamaké baju jeung calana anu kacida pondok.
“Kunaon Kang Ook, mangga lebet ka rorompok. Kaleresan aya kopi ledok buatan Newyork,” ceuk bi Ni’ok.
Teu talangké deui, Mang Ook asup ka jero, bari angger molohok neuteup awak bi Ni’ok anu katingalina beuki montok tur matak nyolok. Leungeunna mani geus teu kuateun hayang kudak-kodok.
“Ari Mang Ucok…” teu kebat Mang Ook nyaritana, kaburu dipotong ku bi Ni’ok.
“Nuju mondok,” pokna Ni’ok bari ngasongkeun cikopi anu cenah mah buatan Newyork. Malah teu lila, Bi Ni’ok ogé mamawa mangkok.
“Naon éta anu dina mangkok, Nyi Ni’ok ?” tanya Mang Ook.
“Apan ieu téh kuéh pamahanan ti Ceu Enok, istrina Kang Ook. Kamari nu nganteurkeunna ogé si Itok. Cenah, Ceu Enok sukuran pédah boga orok. Leres eta téh, kang Ook?”
“Enya, tapi orokna ogé beunang nyieun si Enok jeung Mang Ucok, enya salaki nyi Ni’ok,”
“Nu leres Kang Ook?” Bi Ni’ok rada ngahaok méh-méhan ticatrok.
“Sumpah, sing wani aya anu maok. Sabab Si Enok mah baheulana ogé bobogohan jeung Mang Ucok,”
“Ku aing digaplok si Ucok téh, kang Ook !” Bi Ni’ok beuki hahaok. Malah bari ngaleos ninggalkeun Mang Ook anu molohok.
“Rék ka mana nyi Ni’ok?” mang Ook ngajorowok.
“Rék ngontrog Si Borokokok Ucok ka imahna Si Enok…!”
*
Kacaturkeun di imahna Bi Enok. Saditinggalkeunna ku mang Ook, teu pati lila datang mang Ucok. Mémang ti saanggalna ogé, mang Ucok geus ngintip tina juru témbok. Atuh basa Mang Ook ngoloyod téh, langsung baé Mang Ucok keketrok.
“Geus indit Si Ook téh, Nok?” tanya Mang Ucok.
“Cocok, kang Ucok. Si Ook keur ngontrog ka imah Kang Ucok. Untung Kang Ucok aya di rorompok Enok. Paling ogé aya bi Ni’ok. Tapi kétang, apan bi Ni’ok téh kakara boga orok?”
“Enya, keun baé lah, Nok. Orokna ogé hasil bobogohan Si Ni’ok jeung Si Ook. Mending ayeuna mah wang mojok,”
“Nu leres, Kang Ucok?”
“Sing wani disantok ku Enok. Hayu, ah wang mojok, akang teu kuat hayang dikerok ku Enok…”
“Dasar Borokokok Ook, ku aing ayeuna diontrog ka gogobrogna Si Ni’ok …!” ceuk Bi Enok bari nyokot bedog paméré ti Aki Asok. Gidig, muru ka imahna Bi Ni’ok. Ari Mang Ucok ukur molohok bari panonna molotot kana enggon paragi mondok Manéhna jeung Bi Enok.***
Galuh Taruna, 2001

KALEPASAN
SALAKI jeung pamajikan keur nyaranda dina ranjang bari maraca buku.
Pamajikanana muka obrolan bari ngalieuk ka salakina.
Pamajikan    : “Pah, mun mamah maot, papah bade nikah deui moal?”
Salaki            : “Moal atuh!”
Pamajikan    : “Naha moal? sanes jongjon ari nikah mah”
Salaki            : “Memang enya”
Pamajikan    : “Naha atuh moal nikah deui?”
Salaki            : “Nya atuh bade”
Pamajikan    : “Nyaan?” (melong bari timburu)
Salaki            : “Hmm…mm” (ukur ngadehem)
Pamajikan    : “Papah sareng anjeuna bade nyicingan bumi ieu?”
Salaki            : “Pasti, imah sakieu alusna atuh”
Pamajikan    : “Papah sareng anjeuna kulemna bade di ranjang ieu?”
Salaki            : “Na rek dimana deui atuh?”
Pamajikan    : “Ke poto mamah digentos nya ku potona?”
Salaki            : “Pantesna mah kitu”
Pamajikan    : “Perhiasan mamah bade dianggo ku anjeuna?”
Salaki            : “Moal, manehna pasti make nu sorangan”
Pamajikan    : “Ke anjeuna nganggo mobil mamah?”
Salaki            : “Sigana mah, pan mobilna ge anyar keneh”
Pamajikan    : “Bade diajakan maen golf oge?”
Salaki            : “Pasti, saminggu sakali siga biasana”
Pamajikan    : “Anjeuna ge bade nganggo stik golf mamah?”
Salaki            : “Teu mungkin! manehna mah kede”
Pamajikan    : ?????
Salaki            : “E..eh! bit!”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...