Senin, 15 September 2014

SASTRAWAN SUNDA MANG KOKO

Haji Koko Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, anu aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (ayeuna pupuhu Yayasan Cangkurileung) sareng Ida Rosida (salah sawios panembang kahot sareng kungsi maén sinetron "Inohong di Bojongrangkong"). Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO Pasundan (1935).  

Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).Padamelanna dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan révolusi. Saterusna patutur-tutur didamel di: Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia), Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober 1985.

Bakat seni sareng karya-karyana
Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran. Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu parantos moyan, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata (musikolog).

Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).

Oge anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).

Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrrd.

Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, upamana bae: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".

Pangajén ka Mang Koko
Mang Koko ginuluran seueur pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), upamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), salaku pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".

Tina riwayat ringkes kahirupan Mang Koko, urang patepang jeung hiji manusa anu enggeus masrahkeun jiwa, raga jeung bandanna pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni, hususna seni Sunda. Jembarna, pikeun anjeunna, merenah upami urang ngaleleran gelar salaku "pahlawan panglelemes jiwa". Sabab, sakumaha kasauran anjeunna keneh dina salah sahiji kawihna, seni teh ngarupakeun panglemes jiwa.

SUMBER : WIKIPEDIA

Selasa, 09 September 2014

"Renovasi Imah, lain Sakadar Ngurug"

Renovasi sok ngarembet ceunah, nu tadina mah hayang ngurug wungkul, ningan malah juk-jlek loba kahayang, akhirna ngurug mimiti dapur nepi ka hareup sagala. Naon oge ceuk ilmu manajemen mah kudu ditatahar heula beh jelas itungan biayana, tapi teori teh tojaiyah pisan jeung kanyataanana.

Siga hirup da sein hayang kieu tapi da solen ceunah beda. Tinggal kumaha netepkeun hate keur ngarojong naon bae nu ngaberatkeun pikiran urang. Da eta teh masalah kahirupan beda jeung masalah dina ranah teoritis, nu kadang sok beda lamun dititenan eta teh minangka hiji karangka hirup nu kudu ditarimakeun bari kudu diikhtiarkeun heula ku urang, alatan manusa mah ngan bisa ngarencanakeun nu ngawujudkeunana dina akhirna nu Kawasa.

Sakali deui renovasi imah teh jadi simbol di masyarakat keur nunjukeun hiji kamajuan. Imah teh pondasi nu nguatkeun tangguhna hiji imah anu dirojong ku titi tentremna rumah tangga, ulah malahan awet tapi rajet. imah nu sok kabanjiran eta simbol karusakan, padahal alatan pilaku manusa nu rajen ngararusak papagon, mun nyieun imah ulah dibeakeun kabeh tapi kudu aya keur nyerepna cai beh bisa ngalirkeun rijki ka bumi, lamun kabeh di pelur teu nyesakeun satapak, akibatna taneh rusak.

Renovasi oge jadi simbol kuatna hiji talari kulawarga, nambah anggota warga tantuna ngabutuhkeun rohang keur hirup, sok sanajan masih bayi maneh oge butuh rohang hirup keur nguatkeun prinsip individualisme nu kuat dina diri manusa. dina agama urang budak keur ti letik keneh kudu diajarkeun tatakrama lamun keur isya dimana nu jadi kolot keur istirahat, kudu ngetrok panto heula. tugas kolot nyadiakeun rohang keur ngadidik tatakrama hubungan anak jeung kolotna, jeung dulur lalakina keur ti memeh leutik, saperti ngabiasakeun nutup sirah nu kudung nu syar'i ti keur umur leutik, nepi ka masalah tepang taun nu kadang urang teu tega lamun teu minuhan kahayang anak urang.

Teu bosen sakali deui renovasi teh hiji pasoalan nu jadi masalah nagara, sabab dijerona ngandung filisofi kudu ngarobah diri, ngarobah karakter bangsa, ngarobah kahirupan, ngarobah sagalana ku hal nu bisa kahontal ku akal urang nyaeta, ti diri urang, ku urang jeung kulawarga urang.

Catatan Abi : Tepang Taun Siga "Ayu Zaila"

Poe ieu teh anaking bidadari abi tepang taun (9/9-2014), nu geulis teh ceunah ngarenghik hayang dirayakeun "siga Ayu Zaila (Ayu Zahira)", ceunah bari rada cadel nyebutkeun anak tatangga. Indungna mah meletet menta tinimbangan, kuring mah tetep kerung, "Lain budaya urang tepang taun teh, Mi", ceuk kuring sok sanajan hate mah teu tega atuh. "Keun wae ti bubudak biasa apal kumaha kuduna, da indung-bapana oge sarua teu pernah ngarayakeun".

Sok sanajan tatangga mah sok ngangsonan, "iraha nya tiup lilinna, de Laya?", pokna.
Dasarna mah Tetep abi mah tambah nyaah. Sok sanajan lincah baceo siga beo, ngacak-ngacak, da puguh masih budak ololeho atuh. Tapi kadang sok karunya ka induk budak da puguh teu bisa dilepas atuh da sakitu lincahna.eta meureun pangorbanan kolot teh, sok ingeut kumaha ngahesekuen kanu jadi kolot baheula, kaalaman ku urang sangeus boga budak. tapi budak mah tetep jadi "kembang soca" urang nu ngaleehkeun stress kolotna, anu ngajeoskeun awak anu cape rancucut alatan bobolokot kesang, ti hothat ngajar sok snajan can bisa minuhan kabutuhan hirup, kumaha layakna.

Anu penting anaking geus daek sakola di taman Al-Qur'an jeung teu ogoan deui basa dibawa dagang ka kantin, da indungna dagang tahu bumbu di hiji kantin sakola nu keur mimiti ngawangun sakola nu tohaga pisan, tapi muridna karek sakelas. Kanyaah abi-ummi teu aya wates wangenna, da budak kahayang atuh nepi ka 11 taun nunggu, alhamdulillah nonghol alatan pangersa gusti Alloh SWT. Indungna oge daek eureun gawe alatan teu tega nitipkeun budak ka nu sejen. Eta teh awalna mah beurat pisan, tapi geus tilu taun eureun ningan alhamdulillah rizki jeung nasib teh diatur ku nu Kawasa, lain manusa anu ngatur. Nepi ka kuring bisa kuliah S3 beasiswa ti kampus, jeung boga usaha sok sanajan masih leutik, eta teh pasti geus suratan ti luhur.

Kuring oge sarua hayang ngarobah pahirupan lamun junun lulus, keur ngaronjatkeun kahirupan, sok snajan dikampus nu ayeuna, teu aya bedana antara dosen S-1, S2 jeung S3 sarua posisi salary-na. prinsipna rizki mah aya anu ngatur tinggal urang terus usaha...sakalideui hampura abi-umi teu bisa nedunan kahayang anaking, hayang ditiupkeun lilin siga ayu zaila.Engke oge geus dewasa pasti bisa nyaho jawabanna, bari panon kuring carinakdak nahan rongkahna hate.
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...