Jumat, 25 Maret 2011

Wasiat Wastu Kancana

“Teguhkeun, pageuhkeun sahinga ning tuhu, pepet byakta warta manah, mana kreta na bwana, mana hayu ikang jagat kena twah ning janma kapahayu".

“Teguhkeun, pageuhkeun sahinga ning tuhu, pepet byakta warta manah, mana kreta na bwana, mana hayu ikang jagat kena twah ning janma kapahayu”.

Kitu keh, sang pandita pageuh kapanditaanna, kreta ; sang wiku pageuh di kawikuanna, kreta  sang ameng pageuh di kaamenganna, kreta ; sang wasi pageuh dikawalkaanna, kreta ; sang wong tani pageuh di katanianna, kreta; sang euwah pageuh di kaeuwahanna, kreta; sang gusti pageuh di kagustianna, kreta; sang mantri pageuh di kamantrianna, kreta; sang masang pageuh di kamasanganna, kreta; sang tarahan pageuh di katarahanna, kreta ; sang disi pageuh di kadisianna, kreta ; sang rama pageuh di karamaanna, kreta ; sang prebu pageuh di kaprebuanna, kreta.

Ngun sang pandita kalawan sang dewarata pageuh ngretakeun ing bwana, nya mana kreta lor kidul wetan sakasangga dening pretiwi sakakurung dening akasa, pahi manghurip ikang sarwo janma kabeh”.
Naskah Wastukencana diatas diterjemaahkan didalam Sejarah Jawa Barat, sebagai berikut :
“Teguhkeun, kukuhkan batas-batas kebenaran, penuhkan kenyataan niat baik dalam jiwa, maka akan sejahteralah dunia, maka akan sentosalah jagat ini sebab perbuatan manusia yang penuh kebajikan.
Demikianlah hendaknya. Bila pendeta teguh dalam tugasnya sebagai pendeta, akan sejakhtera. Bila wiku teguh dalam tugasnya sebagai wiku, akan sejakhtera. Bila manguyu teguh dalam tugasnya sebagai akhli gamelan, akan sejakhtera. Bila paliken teguh dalam tugasnya sebagai akhli seni rupa, akan sejahtera. Bila ameng teguh dalam tugasnya sebagai pelayan biara, akan sejakhtera. Bila pendeta teguh dalam tugasnya sebagai pendeta, akan sejakhtera. Bila wasi teguh dalam tugasnya sebagai santi, akan sejakhtera. Bila ebon teguh dalam tugasnya sebagai biarawati, akan sejakhtera. Bila pendeta teguh dalam tugasnya sebagai pendeta, akan sejakhtera. Demikian pula bila walka teguh dalam tugasnya sebagai pertapa yang berpakaian kulit kayu, akan sejahtera. Bila petani teguh dalam tugasnya sebagai petani, akan sejakhtera. Bila pendeta teguh dalam tugasnya sebagai pendeta, akan sejakhtera. Bila euwah teguh dalam tugasnya sebagai penunggu ladang, akan sejahtera. Bila gusti teguh dalam tugasnya sebagai pemilik tanah, akan sejahtera. Bila menteri teguh dalam tugasnya sebagai menteri, akan sejahtera. Bila masang teguh dalam tugasnya sebagai pemasang jerat, akan sejaktera. Bila bujangga teguh dalam tugasnya sebagai ahli pustaka, akan sejahtera. Bila tarahan teguh dalam tugasnya sebagai penambang penyebrangan, akan sejahtera. Bila disi teguh dalam tugasnya sebagai ahli obat dan tukang peramal, akan sejahtera. Bila rama teguh dalam tugasnya sebagai pengasuh rakyat, akan sejakhtera. Bila raja (prabu) teguh dalam tugasnya sebagai raja, akan sejahtera.

Demikian seharusnya pendeta dan raja harus teguh membina kesejahteraan didunia, maka akan sejahteralah di utara barat dan timur, diseluruh hamparan bumi dan seluruh naungan langit, sempurnalah kehidupan seluruh umat manusia.
Tulisan tersebut diatas tercantum didalam naskah Sanghyang siksakanda (Koropak 630) tentang Tuntutan untuk membiasakan diri berbuat kebajikan (pakena gawe rahayu) dan membiasakan diri berbuat kesejahteraan yang sejati (pakena kereta bener) yang merupakan sumber kejayaan dan kesentausaan negara.
Dari wasiat ini mengandung pula konsep tentang bagaimana manusia harus memiliki laku yang baik dan professional dibidang keahliannya. Tuntunan ini Lebih maju dari praktek kenegaraan sekarang. Saat ini banyak bukan negarawan mengurusi masalah Negara. Para ahli agama banyak yang terjun jadi politikus, banyak politikus jadi pedagang, banyak kaum pedagang jadi penentu kebijakan Negara. Semuanya menyebabkan kerancuan dan menjauhkan bangsa dari kesentosaan.

Konsep dan tipe kondisi yang diharapkan pernah dikemukakan BK dalam bentuk partai tunggal, yang mengharapkan bukan pada banyaknya partai yang ada tapi menghimpunan seluruh kepentingan profesi, seperti keompok tani, buruh, cendekiawan, agama dll. namun memang dari kacamata demokrasi barat dianggap sangat bertentangan dengan kebebasan individu warga dan dianggap anti demokrasi. Ditambah waktu itu, BK tidak mau tunduk pada kuasanya asing.

Wujud ini pernah ada pada konsep selanjutnya tentang adanya Golongan Karya, yang bercita-cita agar seluruh warga bangsa dapat menghimpun kekuatannya didalam wujud profesinya. Namun godaan untuk bermain politik praktis dan kekuasaan, serta adanya pengaruh asing yang sangat eksis dalam menentukan kebijakan politik dan ekonomi ternyata menjadi penghancur yang sangat dahsyat didalam perkumbuhan social bangsa, bahkan menjadikan Indonesia tidak mandiri didalam ekonomi, tidak berdaulat didalam berpolitik dan tidak memiliki kepribadian didalam budaya.

Mungkin kita perlu renungkan kembali tentang nilai-nilai luhur melalui Wasiat dari Galungung :
Hana nguni hana mangke – Tan hana nguni tan hana mangke Aya ma baheula hanteu teu ayeuna – Henteu ma baheula henteu teu ayeuna – Hana tunggak hana watang – Hana ma tunggulna aya tu catangna.
(ada dahulu ada sekarang, karena ada masa silam maka ada msa kini. Bila tidak ada masa silam maka tiada masa kini. Ada tonggak tentu ada batang. Bila tak ada tonggak tentu tidak ada batang. Bila ada tunggulnya tentu ada catangnya).Semoga ambeg paramarta.

Sumber : http://tuturussangrakean.blogspot.com/

Carita Parahyangan

Ndéh nihan Carita Parahiyangan. Sang Resi Guru mangyuga Rajaputra.

I
Ndéh nihan Carita Parahiyangan. Sang Resi Guru mangyuga Rajaputra. Rajaputra miseuweukeun Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati, sida sapilanceukan. Ngangaranan manéh Rahiyangta Déwaraja. Basa lumaku ngarajaresi ngangaranan manéh Rahiyangta ri Medangjati, inya Sang Layuwatang, nya nu nyieun Sanghiyang Watang Ageung. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, nu miseuweukeun pancaputra; Sang Apatiyan Sang Kusika, Sang Garga Sang Mestri, Sang Purusa, Sang Putanjala inya Sang Mangukuhan, Sang Karungkalah, Sang Katungmaralah, Sang Sandanggreba, Sang Wretikandayun.
II
Hana paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, nyayang di titrayatra Bagawat Resi Makandria. Dihakan anakna ku salakina. Diseuseul ku éwéna. Carék éwéna, “Papa urang, lamun urang teu dianak, jeueung Bagawat Resi Makandria. Ditapa sotéh papa, ja hanteu dianak.” Carék Bagawat Resi Makandria, “Dianak ku waya, ja éwé ogé  hanteu.” Ti inya carék Bagawat Resi Makandria, “Aing dék leumpang ka Sang Resi Guru, ka Kéndan.” Datang siya ka Kéndan. Carék Sang Resi Guru, “Na naha siya Bagawat Resi Makandria, mana siya datang ka dinih?” – “Pun samapun, aya béja kami pun, kami ménta pirabieun pun. Kéna kami  kapupulihan ku Paksi Si Uwur-uwur, paksi Si Naragati, papa baruk urang hanteu di na anak.” Carék Sang Resi Guru, “Leumpang siya ti heula ka batur siya deui, anaking Pwah Aksari Jabung, leumpang husir Bagawat Resi Makandria, na pideungeuneun satapa, anaking.” Leumpang Pwah Rababu, datang ka baturna, teu diaku rabi. Nyeueung inya wedadari geulis, ti inya nyieun manéh Pwah Manjangandara, na Bagawat Resi Makandria nyieun manéh Rakéyan Kebowulan, sida pasanggaman. Carék Sang Resi Guru,  “Étén anaking, Pwah Sanghiyang Sri! Leumpang kita ngajadi ka lanceuk siya, ka Pwah Aksari Jabung.” Ti inya leumpang Pwah Sanghiyang Sri ngajadi, inya Pwah Bungatak Mangaléngalé.
III
Carék Sang Mangukuhan, “Nam adiing kalih, urang ngaboro leumpang ka tegal.” Sadatang ka tengah tegal, kasampak Pwah Manjangandara deung Rakéyan Kebowulan. Digérékeun ku sang pancaputra; beunangna samaya, asing nu numbak inya ti heula, nu ngeunaan inya, piratueun. Keuna ku tumbak Sang Wretikandayun, Kebowulan jeung Pwah Manjangandara. Lumpat ka patapaanana, datang paéh. Dituturkeun ku Sang Wretikandayun. Pwah Bungatak Mangaléngalé kasondong nginang deung Pwah Manjangandara; ku Sang Wretikandayun dibaan pulang ka Galuh, ka Rahiyangta ri Medangjati.
IV
Lawasniya adeg ratu lima welas tahun, disilihan ku Sang Wretikandayun di Galuh, mirabi Pwah Bungatak Mangaléngalé. Na Sang Mangukuhan nyieun manéh panghuma; Sang Karungkalah nyieun manéh panggérék, Sang Katungmaralah nyieun manéh panyadap; Sang Sandanggreba nyieun manéh padagang. Ku Sang Wretikandayun diadegkeun Sang Mangukuhan, Rahiyangtang Kulikuli ; sang Karungkalah diadegkeun Rahiyangtang Surawulan ; Sang Katungmaralah diadegkeun Rahiyangtang Pelesawi ; Sang Sandanggreba diadegkeun Rahiyangtang Rawunglangit. Sang Wretikandayun adeg di Galuh. Ti inya lumaku ngarajaresi, ngangaranan manéh Rahiyangta ri Menir. Basana angkat sabumi jadi manik sakurungan, inya nu nyieunna Purbatisti. Lawasniya ratu salapan puluh tahun. Disilihan ku Rahiyangtang Kulikuli, lawasniya ratu dalapan puluh tahun. Disilihan ku Rahiyangtang Sarawulan, lawasniya ratu genep tahun, katujuhna panteg kana goréng twah. Disilihan ku Rahiyangtang Rawunglangit, lawasniya adeg ratu genep puluh tahun.
V
Disilihan ku Rahiyangtang Mandiminyak. Seuweu Rahiyangta ri Menir, teluan sapilanceukan; anu cikal nya Rahiyang Sempakwaja, adeg Batara Dangiyang Guru di Galunggung; Rahiyangtang Kedul, adeg Batara Hiyang Buyut di Denuh; Rahiyangtang Mandiminyak adeg di Galuh. Carék Sang Resi Guru, “Karunya aing ka Rahiyang Sempakwaja hanteu diboga  éwé. Anaking Pwah Rababu! Kita leumpang husir Rahiyang Sempakwaja, kéna inya pideungeuneun siya satapa.” Sang Resi ngagisik tipulung jadi jalalang bodas, leumpang ngahusir Rahiyang Sempakwaja, eukeur melit. Carék Rahiyang Sempakwaja, “Na naha jalalang bodas éta ?” Top sumpit. Nya mana dihusir, dék nyumpit inya. Kapanggih Pwah Rababu eukeur mandi di Sanghiyang Talaga Candana. Carék Rahiyang Sempakwaja, “Ti mana kéh, éta nu mandi ?” Éta diléléd sampingna ku sumpit. Beunang diléléd. Aya deungeunna Pwah Aksari kalih, tuluy lalumpatan ka tegal. Pwah Rababu dicokot ku Rahiyang Sempakwaja, dipirabi, dikasiahan na Pwah Rababu. Nya mana diseuweu, inya Rahiyang Purbasora, Rahiyang Demunawan, dwaan sapilanceukan.
VI
Ngareungeu tatabeuhan humung gumuruh tanpa parungon, tatabeuhan di Galuh. Pulang ka Galuh teter nu ngigel. Sadatang ka buruan ageung, carék Rahiyangtang Mandiminyak, “Sang Apatih, na saha éta?” “Béjana nu ngigel di buruan ageung.” “Éta bawa sinjang saparagi, iweu kéh pamalaan aing. Téhér bawa ku kita keudeukeudeu!” Leumpang sang apatih ka buruan ageung, dibaan ka kadatwan na Pwah Rababu. Dipirabi ku Rahiyangtang Mandiminyak, dirabi kasiahan na Pwah rababu. Diseuweu patemuan, dingaranan Sang Salah.
VII
Carék Rahiyang Sempakwaja, “Rababu leumpang! Ku siya bwatkeun budak éta ka Rahiyangtang Mandiminyak. Anteurkeun patemuan siya Sang Salahtwah.” Leumpang Pwah Rababu ka Galuh. “Aing dititah ku Rahiyang Sempakwaja mwatkeun budak éta, beunang siya ngeudeungeudeu aing téh.” Carék Rahiyangtang Mandiminyak, “Anak aing tu kita, Sang Salah.” Carék Rahiyangtang Mandiminyak, “Sang Apatih, ku siya teundeun kana jambangan. Bawa ka tegal!” Dibawa ku sang apatih ka tegal, sapamungkur sang apatih, ti tegal metu ikang aprama tog ka langit, kabireungeuh ku Rahiyangtang Mandiminyak. “Sang Apatih, husir deui teundeun siya, budak ta!” Dihusir ku sang apatih ka tegal, kasondong hirup. Dibaan ka hareupeun Rahiyangtang Mandiminyak. Dingaranan Sang Sénna.
VIII
Lawasniya ratu tujuh tahun. Na Rahiyangtang Mandiminyak disilihan ku Sang Séna. Lawasniya ratu tujuh tahun, disilih-jungkat ku Rahiyang Purbasora. Na Sang Séna diintarkeun ka Gunung Marapi, diseuweu Rakéyan Jambri. Ageung sakamantrian, lunga ka Rahiyangtang Kedul, ka Denuh, ménta dibunikeun. Carék Rahiyangtang Kedul, “Putu aing mumul kapangkukan ku siya, sugan siya kanyahoan ku ti Galuh. Leumpang siya husir Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, deung anak saha tu siya?” Carék Rakéyan Jambri, “Aing anak Rahiyang Sang Séna. Dijungkat, diintarkeun ku Rahiyang Purbasora.” “Lamun kitu, mawa boga kami ngasuhan. Ngan mulah mo sambut samaya aing. Moga ulah meunang prangan; lamun siya ngalaga prang ka kami. Ngan siya leumpang maratkeun, husir Tohaan di Sunda.” Sadatang ka Tohaan di Sunda, tuluy dipulung minantu ku Tohaan di Sunda. Ti inya ditinggalkeun, ngahusir Rabuyut Sawal. Carék Rabuyut Sawal, “Saha siya?” “Aing pun seuweu Sang Séna. Aing nanyakeun pustaka bawa Rabuyut Sawal. Eusina ma ratuning bala sariwu; pakeun séda, pakeun sakti, paméré Sang Resi Guru.” Dibikeun ku Rabuyut Sawal. Ti inya pulang ka Galuh Rakéyan Jambri. Tuluy diprang deung Rahiyang Purbasora. Paéh Rahiyang Purbasora. Lawasniya ratu tujuh tahun. Disilihan ku Rakéyan Jambri, inya Rahiyang Sanjaya.
IX
Carék Rahiyang Sanjaya, “Sang Apatih, leumpang siya, nanya ka Batara Dangiyang Guru ku piparintaheun urang inih!” Sadatang sang apatih ka Galunggung, carék Batara Dangiyang Guru, “Na naha béja siya, Sang Apatih?” “Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparintaheun, adi Rahiyang Purbasora.” Hanteu dibikeun ku Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, “Rahiyang Sanjaya, leumpang nyandogé manéh. Éléhkeun Guruhaji  Pagerwesi, éléhkeun Guruhaji Mananggul, éléhkeun Guruhaji Tepus, éléhkeun Guruhaji Balitar. Lunga Rahiyang Sanjaya ; éléhkeun Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan. Nyandogé na kasaktian, kénana ta Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, hanteu kawisésa Dangiyang Guru. Mana ingéléhkeun, inya sakti.” Rahiyang Sanjaya ka Kuningan, tuluy diprang. Éléh Rahiyang Sanjaya. Digérékan, teka ring loh Kuningan, undur Rahiyang Sanjaya. “Dara aing para dinih, digérékan. Éléh pun kami.” Ti inya pulang deui ka Galuh, Rahiyang Sanjaya. Sang Wulan, Sang Tumanggal pulang deui ka Arilé. Rahiyang Sanjaya tuluy marék ka Batara Dangiyang Guru. Carék Batara Dangiyang Guru, “Rahiyang Sanjaya, naha béja siya datang ka dinih?” “Aya pun béja kami, pun kami dipiwarang, éléh pun kami, supén pun kami. Kami meunang ku jadi, pun gumanti diboroan ku Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan.” Pulang deui Rahiyang Sanjaya ka Galuh.
X
Carék Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang pandawa ring Kuningan, “Mawa pisajieun leumpang ka Galunggung, widihan sajugala ma, palangka wulung, munding satempahan, bras sapadangan.” Sateka siya ka Galunggung, mandeg ring Pakembangan. Kasondong ku Pakembangan, majar ka Batara Dangiyang Guru. Carék Dangiyang Guru, “Naha béja siya ?” “Pun Batara Dangiyang Guru! Aya Sang Wulan, Sang  Tumanggal, Sang Pandawa di Kuningan.” “Bagéa amat, siya datang ka dinih. Leumpang siya ka Galuh. Ala Rahiyang Sanjaya, mangka mawa pisajieun; widihan sajugala ma, saha palangka wulung, munding satémpahan, kawali wesi, bras sapadangan.” Sadatang siya ka Galuh, carék Rahiyang Sanjaya, “Naha béja siya, Pakembangan?” “Kami pun disuruh ku Dangiyang Guru. Rahiyang Sanjaya mangka nu sangkep mawa pisajieun. Aya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan.” Lunga Rahiyang Sanjaya. Téka ri hareupeun Dangiyang Guru, carék Batara Dangiyang Guru, “Rahiyang Sanjaya! Lamun kawisésa ku siya Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan, aing nurut carék siya. Ja beunang ku aing kawisésa, turut carékéng! Ja aing wenang nuduh tan katuduh. Ja aing anak déwata.” Sang Wulan, Sang Tumanggal, Sang Pandawa ring Kuningan kawisésa ku Batara Dangiyang Guru. Sang Wulan dijieun Guruhaji Kajaron. Sang Tumanggal dijieun Guruhaji Kalanggara di Balamoha. Sang Puki jadi Guruhaji Pagerwesi. Sang Manisri dijieun Buyuthadén Rahaséa, di Puntang. Buyuthadén Tunjungputih di Kahuripan. Buyuthadén Sumajajah di Pagajahan. Buyuthadén Pasugihan di Batur. Buyuthadén Padurungan di Lembuhuyu. Buyuthadén Darongdong di Balaraja. Buyuthadén Pager gunung di Muntur. Buyuthadén Muladarma di Parahiyangan. Buyuthadén Batutihang di Kuningan.
XI
Rahiyang Sanjaya kawekasan ring Medang. Ratu ring Galuh, Sang Seuweukarma. Ikang ari ratu Galuh, mananem sarwijagih Dadalem gawey puja, lilir désa, séwabakti ring Batara Upati. Rahiyangtang Wéréh, maka siya dingaran Rahiyangtang Wéréh, masa siya tinggal anak sapilanceukan. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg haji, kena rohang, ja mangka ngaran Rahiyang Sempakwaja. Rahiyangtang Kedul wurung ngadeg ratu kena kemir, ngaran mangadeg Wikuraja. Siya jadi Tohaan di Kuningan, anakna ditapa, tu siya seuweu Rahiyang Sempakwaja. Ujar Rahiyang Sanjaya, “Sama sanak ring aing aki! Lamun kitu ma karah. Ulah anggeus narahan aing aki, sang apatih!” Ujar sang apatih, “Mangka dapet deui urang  nyayangan Sanghiyang Darmasiksa, mulah mo déngé!” Carékna patih kalih ka Rahiyang Sanjaya, “Lamun dék jaya prangrang, mangkat ti Galuh!” Prangrang ka Mananggul, éléh sang ratu Mananggul, Pwanala panulak sanjata. Tuluy ka Kahuripan, diprangrang, éléh Kahuripan, na Rahiyangtang Wulukapeu nungkul. Tuluy ka Kadul, diprangrang, éléh Rahiyang Supena, nungkul. Tuluy ka Balitar, diprang, éléh sang ratu Bima. Ti inya Rahiyang Sanjaya nyabrang ka désa Malayu. Diprang di Kemir, éléh Rahiyangtang Gana. Diprang deui ka Keling, éléh Sang Sriwijaya. Diprangrang ka Barus, éléh Ratu Jayadana. Diprang ka Cina, éléh Patih Sarikaladarma. Pulang Rahiyang Sanjaya ka Galuh ti sabrang. Ndéh humeneng.
XII
Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma diArile, diheueumdeungna para patih; gusti winekasan pangajaran kaparamartan. “Nam urang marek, mawa tanggung ka Rahiyang Sanjaya. Mupu omas sakati, gangsal (buhniya), bawaeun urang ka Rahiyang Sanjaya.” Ti inya diheueum deui di Galuh deu(ng) para patih kali(h). “Nam, urang nyieun labur di jalan gedé pakeun nyungsung Sang Seuweukarma, ja turut Rahiyangtang Kuku.” Sateka ka sisi(m)pang(an) ka Galuh deung ka Galunggung, disungsung, disocaan. Ujar Rahiyangtang Kuku, “Sang apatih, bawa kami marék ka Rahiyang Sanjaya. Ornas sakati, gangsal boéhniya.” Ujar sang apatih, “Pun Tohaan! Hanteu dipilarang na omas na beusi ku Rahiyang Sanjaya, hengan huripna urang réa dipilarang.” Andéh kahimengan Rabiyangtang Kuku, pulang deui ka Arile. Diheueum deungna para patih kalih. Ujar Rahiyangtang Kuku, “Na naha pakeun urang bakti ka Rahiyang Sanjaya?”
XIII
Sakitu ménakna, ini tangtu Rahiyang Sempakwaja. Ndéh nihan ta ujar Rahiyangtang Kuku, lunga ka Arile, ngababakan na Kuningan. Kareungeu ku Rahiyangtang Kuku, inya Sang Seuweukarma ngadeg di Kuningan, seuweu Rahiyang Sempakwaja; ramarénana pamarta ngawong rat kabéh. Dayeuh paradayeuh, désa paradésa, nusa paranusa. Ti KeIing bakti ka Rahiyangtang Kuku: Rahiyangtang Luda di Puntang. Rahiyangtang Wulukapeu di Kahuripan. Rahiyangtang Supremana di Wiru. Rahiyang Isora di Jawa. Sang ratu Bima di Bali. Di kulon di Tungtung Sunda nyabrang ka désa Malayu: Rahiyangtang Gana ratu di Kemir. Sang Sriwijaya di Malayu. Sang Wisnujaya di Barus. Sang Brahmasidi di Keling. Patihnira Sang Kandarma di Berawan. Sang Mawuluasu di Cimara-upatah. Sang Pancadana ratu Cina. Pahi kawisésa, kena inya ku Rahiyangtang Kuku. Pahingadegkeun haji sang manitih Saunggalah. Pahi ku Sang Seuweukarma kawisésa, kena mikukuh tapak Dangiyang Kuning. Sangucap ta Rahiyang Sanjaya di Galuh, “Kumaha sang apatih, piparéntaheun urang ?. Hanteu di urang dipikulakadang ku Rahiyangtang Kuku. Sang apatih, leumpang, dugaan ku kita ka Kuningan. Sugan urang dipajar koyo ilu dina kariya, ja urang hanteu dibéré nyahoan, daék lunga.” Sang patih teka maring Kuningan, marék ka kadaton, umun bakti ka Rahiyangtang Kuku. Ujar Rahiyangtang Kuku, “Deuh sang apatih, na naha na béja kita, mana kita datang ka dinih?” Ujar sang apatih, “Kami pun dititahan Rahiyangtang Sanjaya. Disuruh ngadugaan ka dinih. Saha nu diwastu dijieun ratu?” Carék Rahiyangtang Kuku, “U sang apatih, yogya aing diwastu dijieun ratu ku na urang réa. Ngan ti Rahiyang Sanjaya ma hanteu nitah ku dék kulakadang deung hamo ka kami, ja bogoh maéhan kulakadang baraya. Ja aing ogé disalahkeun ka Kuningan ku Rahiyang Sempakwaja. Aing beunang Rahiyang Sempakwaja nyalahkeun ka Kuningan ini. Mana aing mo dijaheutan ku Rahiyang Sanjaya.” Pulang deui sang apatih ka Galuh. Ditanya ku Rahiyang Sanjaya, “Aki, kumaha carék Rahiyangtang Kuku ka urang?” “Pun Rahiyang Sanjaya! Rahiyangtang Kuku teu meunang tapana. Mikukuh Sanghiyang Darma kalawan Sanghiyang Siksa. Nurut talatah Sang Rumuhun,  gawayangkeun awak carita. Boh kéh ku urang turut tanpa tingtimanana. Biyaktakeun ku urang, ja urang sarwa kaputraan, urang deung Tohaan pahi anak déwata. Ndéh inalap pustaka ku Rahiyang Sanjaya. Sadatang inungkab ikang pustaka. Sabdana tangkarah, “Ong awignam astu krétayugi balem raja kretayem rawanem sang tata dosamem, sewa ca kali cab pratesora sang aparanya ratuning déwata sang adata adininig ratu déwata sang sapta ratu na caturyuga.” “Dah umangen-angen ta Sang Resi Guru sidem magawéy Sang Kandiawan lawan Sang Kandiawati. Mangkana manak Rahiyangtang Kulikuli, Rahiyangtang Surawulan, Rahiyangtang Pelesawi. Rahiyangtang Rawunglangit, kamiadi Sang Wretikandayun. Sang Wretikandayun mangka manak Rahiyangtang Sempakwaja, Rahiyangtang Mandiminyak. Rahitangtang Mandiminyak mangka manak Sang Séna, Rahiyang Sang Séna mangka manak Rahiyang Sanjaya.” Bo geulisan Dobana bawa bahetra piting deupa, bukana bwatan sarwo sanjata. “Urang ka nusa Demba!” Data sira lunga balayar. Kareungeu ku Sang Siwiragati. Dek mwatkeun Pwah Sang kari Pucanghaji Tunjunghaji ditumpakkeun dina liman putih. Dék ngajangjang turut buruan; momogana teka Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma ka nusa Demba, tuluy ka kadatwan, calik tukangeun Sang Siwiragati. Rahiyangtang Kuku dihusir ku liman putih, lumpat ka buruan mawa Pwah Sangkari. Hanteu aya pulang deui ka kadatwan liman putih ta, bakti ka Rahiyangtang Kuku. Pulang deui Rahiyangtang Kuku ka Arile, dibawa na liman putih deung Pwah Sangkari. Manguni : “Naha hanteu omas saguri, sapetong, sapaha sapata-payan?” Tuluy ka Galuh ka Rahiyang Sanjaya, hanteu sindang ka Arile. Dibawa na liman putih, dirungkup ku lungsir putih tujuh kayu diwatang ku premata mas mirah komara hinten. Datang siya ti désa Demba, tuluy ka kadatwan. Sateka Rahiyangtang Kuku ring kadaton, mojar ka Rahiyang Sanjaya. naha suka mireungeuh liman putih. Tanyana: “Mana?” “Tuluy dipitutunggangan, diaseukeun Pwah Sangkari ka Rahiyang Sanjaya. Sateka ring dalem hanteu pulang deui. Dah Rahiyang Sanjaya: “Naha tu karémpan? Aing ayeuna kreta, aing deung bapangku, Rahiyangtang Kuku, Sang Seuweukarma. Hanteu ngalancan aing ayeuna. Ajeuna nu tangkarah : “Alas Dangiyang Guru di tengah, alas Rahiyang Isora di wétan paralor Paraga deung Cilotiran, ti kulon Tarum, ka kulon alas Tohaan di Sunda.” Dah sedeng pulang  Rahiyangtang Kuku ka Arile, sadatang ka Arile panteg hanca di bwana, ya ta sapalayaga dirgadisi lodah. Mojar Rahiyang Sanjaya, ngawarah anaknira Rakéan Panaraban, inya Rahiyang Tamperan: “Haywa dék nurutan agama aing, kena aing mretakutna urang réya.” Lawasniya ratu salapan tahun, disiliban ku Rahiyang Tamperan.
XV
Tembey Sang Resi Guru ngayuga taraju Jawadipa, taraju ma inya Gulunggung, Jawa ma ti wétan. Di pamana Sunda hana pandita sakti, ngaraniya Bagawat Sajalajala, pinejahan tanpa dosa. Mangjanma inya Sang Manarah, anak Rahiyang  Tamperan, dwa sapilanceukan denung Rahiyang Banga. Sang Manarah males hutang; Rahiyang Tamperan sinikep deneng anaknira. Ku Sang Manarah dipanjara wesi na Rahiyang Tamperan. Datang Rahiyang Banga, ceurik, teher mawakeun sekul kana panjara wesi, kanyahoan ku Sang Manarah. Tuluy diprangrang deung Rahiyang Banga. Keuna mukana Rahiyang Banga ku Sang Manarah. Ti inya Sang Manarah adeg ratu di Jawa pawwatan. Carék Jawana, Rahiyang Tamperan lawasniya adeg ratu tujuh tahun, kena twah siya bogoh ngarusak nu ditapa, mana siya hanteu heubeul adeg ratu. Sang Manarah, lawasniya adeg ratu dalapanpuluh tahun, kena rampés na agama. Sang Manisri lawas adeg ratu geneppuluh tahun, kena isis di Sanghiyang Siksa. Sang Tariwulan lawasniya ratu tujuh tahun. Sang Welengan lawasniya ratu tujuh tahun.
XVI
Ndéh nihan tembey Sang Resi Guru miseuweukeun Sang Haliwungan, inya Sang Susuktunggal nu munar na Pakwan reujeung Sanghiyang Haluwesi, nu nyaeuran Sanghiyang Rancamaya. Mijilna ti [42] Sanghiyang Rancamaya : “Ngaran kula ta Sang Udubasu, Sang Pulunggana, Sang Surugana, ratu hiyang banaspati.” Sang Susuktunggal inyana nu nyieunna palangka Sriman Sriwacana Sri Baduga Maharajadiraja, ratu haji di Pakwan Pajajaran. Nu mikadatwan Sri – bima -untarayanamadura – suradipati, inyana pakwan Sanghiyang Sri Ratudéwata. Kawekasan Sang Susuktunggal, pawwatanna lemah suksi, lemah hadi, mangka premana raja utama. Lawasniya ratu saratus tahun.
XVII
Rahiyang Banga lawasnia ratu tujuh tahun, kena twah siya, mo makéyan agama bener. Rakéyanta ri Medang lawasniya adeg ratu tujuh tahun. Rakéyanta Diwus lawasniya ratu opatlikur tahun. Rakéyanta Wuwus lawasniya ratu tujuhpuluhdua tahun. Sang lumahing Hujung Cariang, lawasniya ratu telu tahun, kaopatna panteg kena salah twah, daék ngala éwé sama éwé. Rakéyan Gendang lawaniya ratu telulikur tahun. Déwa Sanghiyang lawasniya ratu tujuh tahun. Prebu Sanghiyang lawasniya ratu sawelas tahun. Prebu Ditiya Maharaja lawasniya ratu tujuh tahun. Sang lumahing Winduraja lawasniya ratu telulikur tahun. Sang lumahing Kreta lawasniya ratu salapanpuluhdua tahun, kena mikukuh na twah rampés, turun na kretayuga. Disiliban deui ku Sang lumahing Winduruja, teu heubeul adeg, lawasniya ratu dalapanwelas tahun. Disilihan deui ku Sang Rakéyan Darmasiksa, pangupatiyan Sanghiyang Wisnu, inya nu nyieun sanghiyang binayapanti, nu ngajadikeun para kabuyutan ti sang rama, ti sang resi, ti sang disri, ti sang tarahan, tina parahiyangan. Ti naha bagina? Ti sang wiku nu ngawakan jati Sunda, mikukuh Sanghiyang Darma ngawakan Sanghiyang Siksa. Lawasniya ratu saratuslimapuluh tahun. Manak Sang lumahing Taman lawasniya ratu genep tahun. Manak deui Sang lumahing Tanjung, lawasnija ratu dalapan tahun. Manak Sang lumahing Kikis, lawasniya ratu dwalikur tahun. Sang lumahing Kiding, lawasniya ratu sapuluh tahun. Manak Aki Kolot, lawasniya ratu sapuluh tahun.
XVIII
Manak deui Prebu Maharaja, lawasniya ratu tujuh tahun, kena kabawa ku kalawisaya, kabancana ku seuweu dimanten,  ngaran Tohaan. Mundut agung dipipanumbasna. Urang réya sangkan nu angkat ka Jawa, mumul nu lakian di Sunda. Pan prangrang di Majapahit. Aya na seuweu Prebu, wangi ngaranna, inyana Prebu Niskalawastu Kancana nu surup di Nusalarang ring giri Wanakusuma. Lawasniya ratu saratusopat tahun, kena rampés na agama, kretajuga. Tandang pa ompong jwa pon, kenana ratu élé h ku satmata. Nurut nu ngasuh Hiyang Bunisora, nu surup ka Gegeromas. Batara Guru di Jampang. Sakitu nu diturut ku nu mawa lemahcai. Batara Guru di Jampang ma, inya nu nyieun ruku Sanghiyang Pak é, basa nu wastu dijieun ratu. Beunang nu pakabrata séwaka ka d éwata. Nu di tiru ogé paké Sanghiyang Indra, ruku ta. Sakitu, sugan aya nu d ék nurutan inya twah nu surup ka Nusalarang. Daé k él éh ku satmata. Mana na kretajuga, él éh ku nu ngasuh. Nya mana sang rama énak mangan, sang resi é nak ngaresisasana, ngawakan na purbatisti, purbajati. Sang disri énak masini ngawakan na manusasasana, ngaduman alas pari-alas. Ku b éét hamo diukih, ku gedé hamo diukih. Nya mana sang Tarahan énak lalayaran ngawakan manu-rajasasana. Sanghiyang apah, teja, bayu, akasa, sangbu énak-énak,ngalungguh di sanghiyang Jagatpalaka. Ngawakan sanghiyang rajasasana, angadeg wiku énak di Sanghiyang Linggawesi, brata siya puja tanpa lum. Sang wiku énak ngadéwasasana ngawakan Sanghiyang Watang Ageung, énak ngadeg manu-rajasuniya. Tohaan di Galuh, inya nu surup di Gunungtiga. Lawasniya ratu tujuh tahun, kena salah twah bogoh ka é stri larangan ti kaluaran.
XIX
Disilihan ku Prebu, naléndraputra premana, inya Ratu Jayadéwata, sang mwakta ring Rancamaya, lawasniya ratu telu puluh salapan tahun. Purbatisti, purbajati, mana mo kadatangan ku musuh ganal, musuh alit. Suka kreta tang lor, kidul, kulon, wétan, kena kreta rasa. Tan kreta ja lakibi dina urang réya, ja loba di Sanghiyang Siksa.
XX
Disilihan inya ku Prebu Surawisésa, inya nu surup ka Padaré n, kasuran, kadiran, kuwamén. Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu. Prangrang ka Kalapa deung Aria Burah. Prangrang ka Tanjung. Prangrang ka Ancol kiyi. Prangrang ka Wahanten girang. Prangrang ka Simpang. Prangrang ka Gunungbatu. Prangrang ka Saungagung. Prangrang ka Rumbut. Prangrang ka Gunung. Prangrang ka Gunung Banjar. Prangrang ka Padang. Prangrang ka Panggoakan. Prangrang ka Muntur. Prang rang ka Hanum. Prangrang ka Pagerwesi. Prangrang ka Medangkahiyangan. Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana. Lawasniya ratu opatwelas tahun.
XXI
Prebu Ratudé wata, inya nu surup ka Sawah-tampian-dalem. Lumaku ngarajaresi. Tapa Pwah Susu. Sumbé lé han niat tinja bresih suci wasah. Disunat ka tukangna, jati Sunda teka. Datang na bancana musuh ganal, tambuh sangkané. Prangrang di burwan ageung. Pejah Tohaan Saréndét deung Tohaan Ratu Sanghiyang. Hana pandita sakti diruksak, pandita di Sumedeng. Sang panadita di Ciranjang pinejahan tanpa dosa, katiban ku tapak kikir. Sang pandita di Jayagiri Iinabuhaken ring sagara. Hana sang pandita sakti hanteu dosana. Munding Rahiyang ngaraniya linabuhaken ring sagara tan keneng pati, hurip muwah, moksa tanpa tinggal raga teka ring duniya. Sinaguhniya ngaraniya Hiyang Kalingan. Nya iyatnajatna sang kawuri, haywa ta sira kabalik pupuasaan. Samangkana ta précinta. Prebu Ratudé wata, lawasniya ratu dalapan tahun, kasalapan panteg hanca dina bwana.
XXII
Disilihan ku Sang Ratu Saksi Sang Mangabatan ring Tasik, inya nu surup ka Péngpéléngan. Lawasniya ratu dalapan tahun, kenana ratu twahna kabancana ku estri larangan ti kaluaran deung kana ambutéré. Mati-mati wong tanpa dosa, ngarampas tanpa prégé, tan bakti ring wong-atuha, asampé ring sang pandita. Aja tinut dé sang kawuri, polah sang nata. Mangkana Sang Prebu Ratu, carita inya.
XXIII
Tohaan di Majaya alah prangrang, mangka tan nitih ring kadatwan. Nu ngibuda Sanghiyang Panji, mahayu na kadatwan, dibalay manelah taman mihapitkeun dora larangan. Nu migawe bale-bobot pituweJas jajar, tinulis pinarada warnana cacaritaan.
XXIV
Hanteu ta yuga dopara kasiksa tikang wong sajagat, kreta ngaraniya. Hanteu nu ngayuga sanghara, kreta, kreta. Dopara luha gumenti tang kali. Sang Nilak éndra wwat ika sangké lamaniya manggirang, lumekas madumdum cereng. Manga nugraha weka, hatina nunda wisayaniya, manurunaken pretapa, putu ri patiriyan. Cai tiningkalan nidra wisaya ning baksa kilang. Wong huma darpa mamangan, tan igar yan tan pepelakan. Lawasniya ratu kampa kalayan pangan, ta tan agama gayan kewaliya mamangan sadirasa nu surup ka sangkan beunghar. Lawasniya ratu genepwelas tahun.
XXV
Disilihan ku Nusiya Mulia. Lawasniya ratu sadewidasa, tembey datang na prebeda. Bwana alit sumurup ring ganal, metu sanghara ti Selam. Prang ka Rajagaluh, élé h na Rajagaluh. Prang ka Kalapa, él éh na Kalapa. Prang ka Pakwan, prang ka Galuh, prang ka Datar, prang ka Madiri, prang ka Paté gé, prang ka Jawakapala, él éh na JawakapaJa. Prang ka Galé lang. Nyabrang, prang ka Salajo, pahi éléh ku Selam. Kitu, kawisésa ku Demak deung ti Cirebon, pun.
***
Disadur Dari :
Carita Parahiyangan: Naskah Titilar Karuhun Urang Sunda. Atja, Jajasan Kebudajaan Nusalarang, Bandung – 1968.
Sumber : http://balangantrang.blogspot.com/

Ciung Manarah

Urang caritakeun deui aya nu tapa di Gunung Padang, yen kawasa, dingaranan Ajar Sukaresi.

Urang caritakeun deui aya nu tapa di Gunung Padang, yen kawasa, dingaranan Ajar Sukaresi.

Mangka hatur ka Sang Ratu yen kawasa. Saurna Sang Ratu, “Ah, aing neang ka nu tapa.” Mangke greuhana ditapokan mohana ku kancah. Saur Sangratu, “Patih, hatur keun ka nu tapa, Sangratu bareuh mohana, kunaha ?”.

Tuluy ku Kai Patih haturkeun kanu nu tapa. Haturna Kai Putih ka nu tapa, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang ratu, sang Ratu beureuh mohana, kunaha ?”  Saur nu tapa, “eta oge eukeur bobot Sang Ratu.” Kai Putih tuluy pulang, hatur ka Sang ratu.

“Kumaha patih saur nu tapa?”  “Nuhun, Sang Ratu, “Bohong nu tapa, pagah kawasa.” Arina diteang kancah teu aya, Sang ratu ngandeg. Datang ka bulanna, babar. Dingaranan hariang Banga.

Lawas-lawas Sang ratu uwar ka sanagara yen sang ratu eukeur boga seuweu. Saur Sang Ratu, “Patih, hatur ka nu tapa, Sang Ratu eukeur di boga deui seuweu.”  “Rampes,: carekna kai Patih.

Ari datang ka nu tapa tuluy hatur, carekna kai Patih, “Kaula nuhun, dipiwarang ku Sang Ratu.” Saur nu tapa, “Dipiwarang naha, Kai Patih ?’ “Mangka Sang ratu bobot, naha ewe-ewe ta lalaki piseuweueunna na ?” / Saur nu tapa, “Reya deui Sang ratu nu tapa, Kai Patih haturkeun ka Sang Ratu, saur nu tapa piseuweunnana ewe-ewe.”

Saur Sang Ratu, “Bohong nu tapa, eta oge kateh.” Arina diterang kateh teu aya. Sang ratu tuluy ngandeg. Ari lawas-lawas ka bulanna, tuluy babar Sang Ratu.

Arina dibireungeuh istri seuweu Sang Ratu. Caritakeun deui reyana para putra. Ratu Maraja lenggang seuweuna Ratu Ayub nu calik di Nusa Kambangan. Arina patutan nya Hariyang Banga turunan Ajar, pulang jiwa nu ngasa di Sumade Kidul Balikna ka Majapait. Patutan ti Ratu Prawata, eta seuweu Prebu Gunung, Sang Raja Panji.

Patutan deui ti Ratu Maraja Dewi Angin Ratu Pagedongan. Ratu Maraja Dewi seuweuna Prebu Wiratmaka, Ratu Marajasakti. Patutan ti Maraja Dewa Putra raba duwa welas nu nyarita tilu.

Mangka turun Ratu Komara ti swarga ngayuga dayeuh di Bojong Cimandala wateun reujeung Cigagakjalu.
Mangka gering sanagara Galuh. Saur Sang Ratu, kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering.” Hatur Kai Patih, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang Ratu, menta tamba gering sanagara?” “Kaula nuhun Sang Ratu, kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering sanagara,” Saur nu tapa, “Rampes.”  Mangka ngala sagala tamba. Tuluy dihaturkeun ka Kai Patih, “iyeu tamba gering, haturkeun ka Sang Ratu, kami dek nuturkeun pandeuri.” “Kaula amit”. Saur nu tapa, “Pileuleuyan, Kai Patih” “kaula nuhun, Sang Ratu, ieu tamba gering sanagara tinu tapa.”  Tuluy di tampanan ku Sang Ratu. Arina di buka, beh reundeu. Tuluy di dahar ku Sang Ratu, nyat waras sanagara Galuh.

Tuluy ka seba deui ka para mantra. Lila lila tuluy datang Kai Ajar. Saur Sang Ratu, “Sukur temen Kai Ajar datang. Reundeu baan saha?” Saur Kai Ajar, “Nuhun, ku kaula; lawas-lawas ari cukul, kahatur keun ka sampeyan.” “Kai Ajar, ari kitu ngabakti keun sesa. “Mangka Sang Ratu bendu. Saur Sang Ratu, Patih paehan Kai Ajar.” Mangka di cekel ku Kai Patih, dibaan ka ranca Cibungur.

Saur Kai Ajar, “Kai Patih, haturkeun saur kami ka Sang Ratu, jajaga ari boga deui seuweu lalaki nya eta nu di paehan teh.” Tuluy di telasan. Ngalambangkeun beureum getihna di ranca Cibungur, mangka dingaranan Cibeureum.

Lawas-lawas Sang Ratu ngadeg. Datang ka bulanna, lahir, arina dibireungeuh lalaki. Mangka diasupkeun kana kandaga kancana reujeung ending sahulu, duhung sapucuk. Tuluy dipalidkeun ka Citanduy.
-o0o-

Caritakeun deui nini Berangantrang, Aki Berangantrang.
“Nini, hade temen impiyan aing, ngimpi kagugun turan manik kacaahan mirah” “Aki, sugan saapan urang meunang kirim pianak-anakeun.”

Isuk-isuk los diteyang, ngagebur kandaga kancana nyorang ka saapan. Tuluy di bawa ku ninina. Ari dibuka, behna murangkalih, endog disileung leumkeun, keris. Tuluy diteundeunkeun murangkalih. Tuluy dirorok, dipangninggurkeun. Lawas-lawas datang ka tegus cangcut. Mangka dibawa moyan ku na kai ayah.
Bwat ciung. “Ayah, nahaeun eta?” “Ngaranna ciung, anaking.” Bot indungna, bwat bapana, bwat anakna. Pur hiber bapana. “Ayah, ka mana eta arahna?” “Piaraheunnana ka daleum dayeuh.”
 
“Ah, ngaran aing Ciung Manarah.”

Endog tuluy disileungleum keun. Tuluy megar, dingaranan Singarat Taranjang.
Mangka rame di daleum dayeuh nu keur sawungan. “Ayah, aing mah hayang ngadukeun hayam aing.” “Mulah, anaking, bisi eleh marang.” Mengkena murangkalih hayam tuluy dikelek, duhung tuluy disungkelang. Tuluy angkat, ditutur keun ku na ka ayah.

Datang ka Pagelaran, heran ningal urang pagelaran. Katingali ku Patih Hariyang Banga, kahatur ka Sang Ratu. Tuluy di saur ku jogan. Saur Sang Ratu, “Ari eta seuweu saha?” “Kaula, nuhun anak kaula.” “Dipudut ku ngaing, Aki Berangantrang diperedikakeun sabawa kita”. Tuluy mulang Aki Berangantrang bari nangis, melang ka kai seuweu.

Rek mireungeuh ka Sang Ratu, mireungeuh deui ka Patih Hariyang Banga, tuluy mireungeuh ka sarirana ku anjeun. Lila-lila eling carita, hatur ka Sang Ratu, “Kaula anak andika.” Ngareungeuheun bangkeureuheun miresep hatur sakitu. Lila-lila tuluy eling, Sang Ratu dipundut sungkelangna duhung. Ari dibireungeuh sungkelangna duhung, beh pun Naga Lumenggung. Saur Sang Ratu, “Enmya hidep anaking.” Kahatur ka nyai ibuna. Tuluy dirawu dipangku diceungceurikan.

Saur Ciung Manarah, “Rama Ibu, kaula neda waris.” Saur Sang Ratu, “Enggeus beyakeun ku na kai lanceuk, ku Patih Hariyang Banga.” “Aya soteh kari panday domas kurang hiji, eta waris aing ka hidep.” Tuluy disuhunkeun waris.

Sang Ratu tuluy dicalikkeun, dijajarkeun, deung na kai lanceuk, deung Patih hariyang Banga dituluykeunna, jengan Patih Ciung Manarah marentahkeun Nusa Tilu Puluh Tilu. Alamna Ratu Galuh pitung ewu tahun.
Mangka Patih Ciung Manarah karasa nurunkeun panday domas kurang hiji rek nyieun beusi. Kabireungeuh ku Sang ratu, panujueun. Tuluy dihaturkeun nyieun deui bale beusi. Kabireungeuh, panujuen dihaturkeun. Arina nyieun deui konjara wesi. Arina dibireungeuh ku Sang ratu, panujueun, dihaturkeun. Saur Patih Ciung Manarah, “Henteu nyaho ta jerona, Rama” Tuluy dilebetkeun ku Sang ratu. “Hade,” saur Sang Ratu. Jeprak di kancing ku Patih Ciung Manarah, dijingjing ka paseban, diundangkeun ka sadadayeuh. Teu dibere cai, teu dibere sangu, dikemitan ku para seuweu. Lawas-lawas saurna Patih Ciung Manarah, “Sang Ratu lintuh lintuh keneh.” Horenganan dibalangan keupeul ku Patih Hariyang Banga. Mangka bendu Patih Ciung Manara, mesat hateup sirap, dibalang kang raka. Tuluy bendu ka sang raka. Mangka konjara wesi rek diirik. Ku Patih Ciung Manarah direbut. Ku Ratu pagedongan tuluy disusupkeun ka Gunung Kelong.

Tuluy perang, mangka disedekkeun ngetan kang raka. Datang ka Balangbangan, saur kang raka, “Rayi, urang eureun.” “Raka, rampes.” Tuluy eureun teoheun maja, tugna bhwah kalayar. Dicandak ku na kai lanceuk. “Rayi, iyeu bwah naeun?” “Iyeu bwah maja, Raka.” “Ngeunah didahar ?” “Ngeunah, raka.” Arina didahar pait. “Majapait iyeu pingaraneun nagara.”

Disedekkeun deui ngulon kang rayi ku kang raka. Datang Tajigbarat, saur kang rai, “Raka, urang eureun.” “Rayi, rampes.” Eureun teoheun paku tug bwahna. Dicandak ku na kai ais, “Raka, buah naeun iyeu?. “Bwah paku jajat.” “Pakwan Pajajaran ieu ngaran.”

Mangka perang deui. Datang ka Taraban, mangka turun Darmasiksa. “Nya prerang, anaking.” Cipamali nerus gunung, teka nunjang ka sagara halerang godong angsana, na kang raka di Candak ku kai mas dipidwah keun ngulon.

Tuluy dikumpukeun ka Nagara Galuh ku Darmasiksa. Konjara wesi diparanan ku Ratu Maraja sakti, dicipta tuluy lebur jadi cai, turunna ka dayeuh, mana aya Kandangwesi.

Tuluy kumpul deui Nagara Galuh, pada marek ramana neda idin. Mangka matur kang rayi, “Rayi ulang jumeneng ratu ti heula,” Saur Kang Raka, “Suka aing jadi ratu ti heula, da aing kolotna anak putu, rayi ku aing dikawulakeun mo jumeneng nyakrawati lamun teu ngumbara heula”.
-o0o-

Patih Hariyang Banga karsa murud ngetan, maan kuringna satak sawe nitih Majapahit. Puputra Prebu Mula. Prebu Mula arina puputra Prebu Terusbawa. Terusbawa puputra Terus Bagawat.

Terus Bagawat puputra Prebut Terus Gumuling. Prebu Terus Gumuling puputra Prebu Mangoneng. Prebu Mangoneng puputra Prebu Terus Bangbang.Terus Bangbang puputra Ki Gedeng Mesir. Ke Gedeng mesir puputra Ki Gedeng Jati. Ki Gedeng Jati puputra Ratu Prewata. Ratu Prewata puputra Ki Gedeng Mayana. Ki Gedeng Mayana puputra istri, dingarankeun Ratu Sarikem. Ari karma ka wong agung Batullah, dingaranakeun Seh Kures.

Kaselangna ku Ratu Pajang manyakit wawatuneun mejangan budak bule pitambaeun. Nimu Ki Gedeng Selang, putri dianggo, manyakit warasna. Putri tuluy bobot./ Arina babar Ki Gedeng Kacung. Ki Gedeng Kacung arina puputra Ki Gedeng Surawul. Ki Gedeng Surawul arina puputra Pangeran Sedang Karapay, puputra Sedang Kajenar. Pangeran Sedang Kajenar puputra Pangeran Sedang Kamuning. Pangeran sedang Kamuning puputra Sutan. Sutan arina puputra Susunan. Susunan arina puputra Susunan Mangkurat. Susunan Mangkurat arina puputra Pangeran Mangkunegara, kang rayi susunan puger, puputra Pangeran Mangkunagara. Pangeran Mangkunagara puputra Pangeran Dipati.

Caritakeun deui Ciung Manarah, karsa rek murud ngulon. Mangka maan kuring panday domas kurang hiji nitih lemah Pajajaran. Arina krama ka ratu Endong Kencana. Arina puputra Darma Rehe. Darma Rehe arina puputra Lutung Kasarung. Lutung Kasarung arina puputra Prebu Lingga Hiyang. Prebu Lingga Hiyang puputra Prebu Lingga Wesi. Prebu Lingga Wesi arina puputra Prebu Lingga Wastu. Prebu Lingga Wastu puputra Sang Susuk Tunggal. Sang Susuk Tunggal arina puputra Prebu Mundingkawati. Prebu Mundingkawati puputra Prebu Anggalarang. Prebu Anggalarang puputra Prebu Siliwangi, jumeneng nyakrawati Pajajaran. – Cag (***)

Disadur Oleh Agus Setia Permana
Dari :
Carita Waruga – Lima Abad Sastra Sunda – Sebuah Antologi, Jilid I, Wahyu Wibisana dkk. Geger Sunten,Bandung – 2000. Sumber : Poesaka Soenda, No.9,1923).

Sumber : http://balangantrang.blogspot.com/

CARITA WARUGA GURU

IEU carita Waruga Guru, eta nu nyakrawati. Nu poek angen tulus, ka kujaba din u bodo, nu tarabuka priyayi sakarep kasorang tineung meunang guru.Ratu Pusaka di jagat paramodita, eta, kanyahoan Ratu galuh, keurna bijil ti alam gaib, nya Nabi Adam ti heula.

Ratu Galuh dienggonkeun sasaka alam dunya. Basana turun ti langit masuhur, turun ka langit jambalulah, turun ka langit mutiyara, turun ka langit purasani, turun kalangit inten, turun ka langit kancana, turun ka langit putih, turun ka langit ireng, turun ka langit dunya.

Ja kalangan, tata lawas turun ka Gunung Jabalkap. Upami ratu Galuh dienggonkan sasaka alam dunya, Nabi Adam ti heula, pinareking Gunung Mesir. Adam di seuweu opat puluh, dwa nu sakembaran, munijah luluhur haji dewi; cikal, da hiji dingarankeun nabi Isis, luluhur manusa.

Nabi Isa diseuweu Kaliyanggin. / Kaliyanggin diseuweu Malit. / Malit diseuweu Malam. / Malam diseuweu Mahur. / Mahur dseuweu Lamak./ Lamak diseuweu Nasar. / Nasar di seuweu basar. / Basar diseuweu nabi Enoh. / Nabi Enoh diseuweu istri, putri Betari Sanglinglang. / Betari Sanglinglang diseuweu Muladasadi. / Mulasadadi diseuwe Ratu babarbwana, arina karma Batari Logina. / Batari Logina diseuweu Gandulgantung.
Naha ari dingarankeun Ratu Gadulgantung ? / Karna tapa di awang-awang. / Arina karma Betari Cipta Langgeng, siseuweu nya Ratu Menengputih. Naha mana dingaranan Ratu Menengputih ? / Karna tapa dina haseup bijil putih./ Arina karma Betari Ciptawisena, arina diseuweu Ratu Gandul larang./ Naha ma dingaranakeun Gandullarang ? / Karna tapa dina bentang. Arina karma ka Betari Mekubuya / Betari Mekubuya arina diseuweu Ratu Okanglarang. / Naha mana dingarankeun Ratu Okanglarang ? / Karna tapa dina bulan. / Arina karma ka Betari Mekuhurip. Betari Mekuhurip arina diseuweu Ratu Siar./ Naha mana dingarankeun Ratu Siar ? / Karna tapa dina jero banyu.

Arina karma ka Betari Medangtasa. Arina diseweu Ratu Komara. / Ratu Komara arina karma ka Betari Lengisjati / Betari Lengisjati arina diseuweu Ratu Pucukputih./ Naha dingarankeun Ratu Pucukputih?Kerna tapa di jero langit putih nu leuwih. / Arina krama ka Betari Panggungkancana, arina diseuweu Baginda Premana.

Arina karma Maraja Lengjagat, arina diboga seuweu jumeneng ratu Tajapura Puterjagat./ Ditibanan ci banyu eluh / Diraga-raga ci banyu eluh. Kacarita Waruga Guru jumeneng nyakrawati, katurunan caya eluh, turun Gunung Rajanna, jumeneng ratu Rajanna.

****

Mangka Caritakeun deui Nabi Adam. Diogan sareyat. Lalampahan eukeur bingung, mitetekeun srangenge, hukumna sakur nu usik dihalalkeun, alamna lima riwu tahun, cengkal kayu ka patbelas ratus.

Kasalinan deui ku nabi Enoh, alamna dalapan ratus tahun, cengkal kayu salapan ratus cengkal panjangna, hukuna sakur nu paeh ku maneh diharamkeun, balana saeusina.

Kasalinan deui ku Nabi Isis, diboga kitab tanpa karana./ Caritakeun deui Ratu Rajaputra puterjagat.

Nabi Enoh mireungeuh Nagara Selong padagang dalapan./ Mangka nurut Baginda Premana sabalana kabeh. Ratu Rajaputra Puterjagat nu ranuhan hanteu milu, kudu-kudu karsa dahar babatang./ Mangka kahatur karamana./ Mangka bendu ramana. Eta oge rek dipupusan./ Maka dicekel ku Adam Daur./ Mangka kabireungeuh ku nyai aisna, ku ratu dewi Astra. Mangka dibelakeun jalma sewu./  Tuluyna ka kahiyangan./ Lawasna tapan di kamulyaan, turun ngababakan./ Medang Kamulan sangara, nuboga dayeuh dingaranan Ratu Bawana./ Mangka Diprangan ku Adam Daur, kasedek ngidul ka Pulo Panamor./ Mangka silih balang ku siwalan, turunna ka dayeuh, mana dingarankeun Bagelen.

Caritakeun deui putrana ratu Mesir na putri geulis Raminihalul, nu jung dina bulan Anggarkasih./ Unggalna ka papanggungan nengcengna  patanggalan. / Rek dibeubeureungeuh ka tebeh kidul, behna pameget./ “Rampes, ta inya.”/ Tuluy hatir ka ramana, “Rama, kawula dek karma na ais bawa satapa.” /
 
Tuluy dibawa ku Darmasiksa. / Tuluy angkat deungna kai ais dijenengkeun Ahmad Musapir./ Tuluy ka nagara Medang Kamulan; kadaharanan Sri. / Mana aya Sri di Nusa Jawa : / Tuluy karma raka ka pada raka, rai ka pada rai. / Tuluy pinuh Medangkamulan, dieusi ku dua riwu./ Mangka karsa mindah dayeuh ka Gunung Kidul./ Mangka diwaris kuringna ku Darmasiksa, nu ti Mesir sakuringna ka gustina, nu ti selong sakuringna ka gustina./ Saur ratu, “Lalakina eta oge teu dbwaga waris, aya waris purba mana kuat ewe-ewena.”/ Mangka tuluy jadi nagara duwa kang raka deungeun kang rai.

***

Mangka caritakeun dei nabi Enoh./ Saurna nabi Adam, “Nabi Enoh, teu yacan dasri sri; reya duradu, kudu bogoh ka papad lalaki, karsa dahar babatang.” Saurna, “Nabi Adam, mugi–mugiya keuna bebendon deneng Allah.” / Mangkana pasti, dibawa unggah ka parahu Adam Nabi Enoh./ Dibawa unggah ka parahu, manga bijil angina topan sapocoro ti sagara, mangka keueum alam dunya./ Urang Nusa Jawa rame eukeur nyieun gunung.

Saur Ratu Prewatasari jagat, “pikakeueumeun.”/ Manghka nyipta gunung sasipat langit, dingaranan Gunung Adraksa./ Mangka urang nusa Jawa dibawa unggah gunung ku Ratu Prewatasari./ Mangka urang Nusa Jawa unggah ka Sanghiyang Puncak Linggapayu./ Mangka lawas-lawas orot deui./ Man anus saat ti heula bojong rencang carengcang betan kembang lopang, mana dingaranan Bojonglopang./ Tuluy diturunan di babakan ku Darmasiksa./ Turunna ka dayeuh, mana aya imbanagara, dijenengkeun Ki Sipati Panaekan masihna ratu leungit di gunung./ Mangka unggah pulo kancana kumambang-kumambang, ditalian ku hoe ku rokro, dicangcang keun ka gunung, dingaranan Nusa Kambangan./ Manga katurunan wahiyu.

Saur nu Wenang, “Geura tapa di sompoking panon poe, dinya pijadieun ratu.” / Meunang saur sakecap, tuluy angkat deui. / Saur Nu Wenang, “Jajaga ka loka gumilang na tapa manana aya sawarga loka.” / Mangka nerus bumi kahandap ka saragina.

Arina dibabar bawana, mana aya Bwanalarang. Tuluy tapa dinya. / Meunang saur sakecap, mangka angkat deui ka luhur. Bijil ti gunung, babar ti gasak, ti ngabulungbung jalanna, mana mana, dingaranan Pameungpeuk.
Tuluy tapa di Gunung Buligir putih, dibabar bawana, mana aya Bwanalamba./ Turun ka Gunung Dapang, murub muncar pakatonan di jagat paramodita, disujudan ku sajagat kabeh, salimahing bumi sakurebing langit./ Mangka bireungeuh ku Darmasiksa. / Tuluy diparanan ku Darmasiksa, jadi sastra duwa puluh./ Tuluy dibikeun ka dalem dayeuh./ Dihaturkeun deui ka putrana kabeh./ Mangka dibejakeun ka sabrang, ka nabi Enoh.

Saur Nabi Enoh, “Watek eta, Seh, lekab karagragan si banyu eluh, mana jumeneng Ratu Galuh. “Mangka Seh Majuso dudukuh di Masigit Wastu./ Maka Sang Ratu ngajenengkeun papatih opat anu natakeun sakabeh./ Dijenengkeun Adam Daur nu natakeun jalma kabeh ; dijenegkeun Dewa Guru nu natakeun di jero dayeuh, Darmasiksa na natakeun di karataon, Empu Ganjali./ Mangka urang Nusa Jawa pada sujud ka gunung anteg dijieun pamujaan./ Mangka katingalan ku malekat yen ruksak umatna kabeh, alamna sujud ka kayu ka batu. Mangka dipanah gugutuk batu./ Tuluy rempu paburantak, turunna, mana aya Kabuyutan./ Mangka sujud ka batullah.

***

Urang caritakeun deui aya nu tapa di Gunung Padang, yen kawasa, dingaranan Ajar Sukaresi.

Mangka hatur ka Sang Ratu yen kawasa. / Saurna Sang Ratu, “Ah, aing neang ka nu tapa.” / Mangke greuhana ditapokan mohana ku kancah./ Saur Sang ratu, “Patih, haturkeun ka nu tapa, Sang ratu bareuh mohana, kunaha ?

Tuluy ku Kai Patih haturkeun kanu nu tapa./ Haturna Kai Putih ka nu tapa, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang ratu, sang Ratu beureuh mohana, kunaha ?” / Saur nu tapa, “eta oge eukeur bobot Sang Ratu.”/ Kai Putih tuluy pulang, hatur ka Sang ratu.

“Kumaha patih saur nu tapa?” / “Nuhun, Sang Ratu, “Bohong nu tapa, pagah kawasa.”/ Arina diteang kancah teu aya, Sang ratu ngandeg./ Datang ka bulanna, babar./ Dingaranan hariang Banga./ Lawas-lawas Sang ratu uwar ka sanagara yen sang ratu eukeur boga seuweu. / Saur Sang Ratu, “Patih, hatur ka nu tapa, Sang Ratu eukeur di boga deui seuweu.” / “Rampes,: carekna kai Patih./
 
Ari datang ka nu tapa tuluy hatur, carekna kai Patih, “Kaula nuhun, dipiwarang ku Sang Ratu.”/ Saur nu tapa, “Dipiwarang naha, Kai Patih ?’/ “Mangka Sang ratu bobot, naha ewe-ewe ta lalaki piseuweueunna na ?” / Saur nu tapa, “Reya deui Sang ratu nu tapa, Kai Patih haturkeun ka Sang Ratu, saur nu tapa piseuweunnana ewe-ewe.”/ Saur Sang Ratu, “Bohong nu tapa, eta oge kateh.”/ Arina diterang kateh teu aya./ Sang ratu tuluy ngandeg. / Ari lawas-lawas ka bulanna, tuluy babar Sang Ratu./ Arina dibireungeuh istri seuweu Sang Ratu./ Caritakeun deui reyana para putra./ Ratu Maraja lenggang seuweuna Ratu Ayub nu calik di Nusa Kambangan./ Arina patutan nya Hariyang Banga turunan Ajar, pulang jiwa nu ngasa di Sumade Kidul Balikna ka Majapait./ Patutan ti Ratu Prawata, eta seuweu Prebu Gunung, Sang Raja Panji.

Patutan deui ti Ratu Maraja Dewi Angin Ratu Pagedongan. / Ratu Maraja Dewi seuweuna Prebu Wiratmaka, Ratu Marajasakti./ Patutan ti Maraja Dewa Putra raba duwa welas nu nyarita tilu.

Mangka turun Ratu Komara ti swarga ngayuga dayeuh di Bojong Cimandala wateun reujeung Cigagakjalu.
Mangka gering sanagara Galuh./ Saur Sang Ratu, kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering.”/ Hatur Kai Patih, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang Ratu, menta tamba gering sanagara?”/ “Kaula nuhun Sang Ratu, kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering sanagara,”/ Saur nu tapa, “Rampes.” / Mangka ngala sagala tamba. / Tuluy dihaturkeun ka Kai Patih, “iyeu tamba gering, haturkeun ka Sang Ratu, kami dek nuturkeun pandeuri.”/ “Kaula amit”./ Saur nu tapa, “Pileuleuyan, Kai Patih” / “kaula nuhun, Sang Ratu, ieu tamba gering sanagara tinu tapa.” / Tuluy di tampanan ku Sang Ratu./ Arina di buka, beh reundeu. / Tuluy di dahar ku Sang Ratu, nyat waras sanagara Galuh.

Tuluy ka seba deui ka para mantra./ Lila lila tuluy datang Kai Ajar./ Saur Sang Ratu, “Sukur temen Kai Ajar datang. Reundeu baan saha?” / Saur Kai Ajar, “Nuhun, ku kaula; lawas-lawas ari cukul, kahatur keun ka sampeyan.” / “Kai Ajar, ari kitu ngabakti keun sesa. “Mangka Sang Ratu bendu. Saur Sang Ratu, Patih paehan Kai Ajar.”/ Mangka di cekel ku Kai Patih, dibaan ka ranca Cibungur.

Saur Kai Ajar, “Kai Patih, haturkeun saur kami ka Sang Ratu, jajaga ari boga deui seuweu lalaki nya eta nu di paehan teh.”/ Tuluy di telasan. Ngalambangkeun beureum getihna di ranca Cibungur, mangka dingaranan Cibeureum.
 
Lawas-lawas Sang Ratu ngadeg. Datang ka bulanna, lahir, arina dibireungeuh lalaki./ Mangka diasupkeun kana kandaga kancana reujeung ending sahulu, duhung sapucuk. Tuluy dipalidkeun ka Cintaduy.
**

Caritakeun deui nini Berangantrang, Aki Berangantrang.
“Nini, hade temen impiyan aing, ngimpi kagugun turan manik kacaahan mirah” / “Aki, sugan saapan urang meunang kirim pianak-anakeun.”

Isuk-isuk los diteyang, ngagebur kandaga kancana nyorang ka saapan. Tuluy di bawa ku ninina./ Ari dibuka, behna murangkalih, endog disileung leumkeun, keris./ Tuluy diteundeunkeun murangkalih./ Tuluy dirorok, dipangninggurkeun./ Lawas-lawas datang ka tegus cangcut./ Mangka dibawa moyan ku na kai ayah.

Bwat ciung. / “Ayah, nahaeun eta?” / “Ngaranna ciung, anaking.” / Bot indungna, bwat bapana, bwat anakna. Pur hiber bapana. / “Ayah, ka mana eta arahna?” / “Piaraheunnana ka daleum dayeuh.”/ “Ah, ngaran aing Ciung Manarah.”/ Endog tuluy disileungleumkeun. Tuluy megar, dingaranan Singarat Taranjang.

Mangka rame di daleum dayeuh nu keur sawungan./ “Ayah, aing mah hayang ngadukeun hayam aing.”/ “Mulah, anaking, bisi eleh marang.”/ Mengkena murangkalih hayam tuluy dikelek, duhung tuluy disungkelang. Tuluy angkat, ditutur keun ku na ka ayah.

Datang ka Pagelaran, heran ningal urang pagelaran./ Katingali ku Patih Hariyang Banga, kahatur ka Sang Ratu./ Tuluy di saur ku jogan./ Saur Sang Ratu, “Ari eta seuweu saha?”/ “Kaula, nuhun anak kaula.”/ “Dipudut ku ngaing, Aki Belangantrang diperedikakeun sabawa kita”./ Tuluy mulang Aki Belangantrang bari nangis, melang ka kai seuweu.

Rek mireungeuh ka Sang Ratu, mireungeuh deui ka Patih Hariyang Banga, tuluy mireungeuh ka sarirana ku anjeun./ Lila-lila eling carita, hatur ka Sang Ratu, “Kaula anak andika.”/ Ngareungeuheun bangkeureuheun miresep hatur sakitu. Lila-lila tuluy eling, Sang Ratu dipundut sungkelangna duhung./ Ari dibireungeuh sungkelangna duhung, beh pun Naga Lumenggung./ Saur Sang Ratu, “Enmya hidep anaking.”/ Kahatur ka nyai ibuna./ Tuluy dirawu dipangku diceungceurikan.

Saur Ciung Manarah, “Rama Ibu, kaula neda waris.”/ Saur Sang Ratu, “Enggeus beyakeun ku na kai lanceuk, ku Patih Hariyang Banga.”/ “Aya soteh kari panday domas kurang hiji, eta waris aing ka hidep.”/ Tuluy disuhunkeun waris.
 
Sang Ratu tuluy dicalikkeun, dijajarkeun, deung na kai lanceuk, deung Patih hariyang Banga dituluykeunna, jengan Patih Ciung Manarah marentahkeun Nusa Tilu Puluh Tilu./ Alamna Ratu Galuh pitung ewu tahun.
Mangka Patih Ciung Manarah karasa nurunkeun panday domas kurang hiji rek nyieun beusi./ Kabireungeuh ku Sang ratu, panujueun./ Tuluy dihaturkeun nyieun deui bale beusi./ Kabireungeuh, panujuen dihaturkeun./ Arina nyieun deui konjara wesi./ Arina dibireungeuh ku Sang ratu, panujueun, dihaturkeun./ Saur Patih Ciung Manarah, “Henteu nyaho ta jerona, Rama”/ Tuluy dilebetkeun ku Sang ratu./ “Hade,” saur Sang Ratu./ Jeprak di kancing ku Patih Ciung Manarah, dijingjing ka paseban, diundangkeun ka sadadayeuh./ Teu dibere cai, teu dibere sangu, dikemitan ku para seuweu./ Lawas-lawas saurna Patih Ciung Manarah, “Sang Ratu lintuh lintuh keneh.”/ Horenganan dibalangan keupeul ku Patih Hariyang Banga./ Mangka bendu Patih Ciung Manara, mesat hateup sirap, dibalang kang raka./ Tuluy bendu ka sang raka./ Mangka konjara wesi rek diirik./ Ku Patih Ciung Manarah direbut./ Ku Ratu pagedongan tuluy disusupkeun ka Gunung Kelong.

Tuluy perang, mangka disedekkeun ngetan kang raka. Datang ka Balangbangan, saur kang raka, “Rayi, urang eureun.” / “Raka, rampes.” / Tuluy eureun teoheun maja, tugna bhwah kalayar./ Dicandak ku na kai lanceuk./ “Rayi, iyeu bwah naeun?”/ “Iyeu bwah maja, Raka.”/ “Ngeunah didahar ?”/ “Ngeunah, raka.”/ Arina didahar pait./ “Majapait iyeu pingaraneun nagara.”

Disedekkeun deui ngulon kang rayi ku kang raka./ Datang Tajigbarat, saur kang rai, “Raka, urang eureun.”/ “Rayi, rampes.” / Eureun teoheun paku tug bwahna. Dicandak ku na kai ais, “Raka, buah naeun iyeu?. “Bwah paku jajat.”/ “Pakwan Pajajaran ieu ngaran.”

Mangka perang deui. Datang ka Taraban, mangka turun Darmasiksa./ “Nya prerang, anaking.” Cipamali nerus gunung, teka nunjang ka sagara halerang godong angsana, na kang raka di Candak ku kai mas dipidwah keun ngulon.
 
Tuluy dikumpukeun ka Nagara Galuh ku Darmasiksa./ Konjara wesi diparanan ku Ratu Maraja sakti, dicipta tuluy lebur jadi cai, turunna ka dayeuh, mana aya Kandangwesi.

Tuluy kumpul deui Nagara Galuh, pada marek ramana neda idin. Mangka matur kang rayi, “Rayi ulang jumeneng ratu ti heula,”/ Saur Kang Raka, “Suka aing jadi ratu ti heula, da aing kolotna anak putu, rayi ku aing dikawulakeun mo jumeneng nyakrawati lamun teu ngumbara heula”.
****

Patih Hariyang Banga karsa murud ngetan, maan kuringna satak sawe nitih Majapahit./ Puputra Prebu Mula./ Prebu Mula arina puputra Prebu Terusbawa./ Terusbawa puputra Terus Bagawat.

Terus Bagawat puputra Prebut Terus Gumuling./ Prebu Terus Gumuling puputra Prebu Mangoneng. Prebu Mangoneng puputra Prebu Terus Bangbang. Terus Bangbang puputra Ki Gedeng Mesir./ Ke Gedeng mesir puputra Ki Gedeng Jati./ Ki Gedeng Jati puputra Ratu Prewata./ Ratu Prewata puputra Ki Gedeng Mayana./ Ki Gedeng Mayana puputra istri, dingarankeun Ratu Sarikem./ Ari karma ka wong agung Batullah, dingaranakeun Seh Kures.

Kaselangna ku Ratu Pajang manyakit wawatuneun mejangan budak bule pitambaeun./ Nimu Ki Gedeng Selang, putri dianggo, manyakit warasna. Putri tuluy bobot./ Arina babar Ki Gedeng Kacung./ Ki Gedeng Kacung arina puputra Ki Gedeng Surawul. Ki Gedeng Surawul arina puputra Pangeran Sedang Karapay, puputra Sedang Kajenar./ Pangeran Sedang Kajenar puputra Pangeran Sedang Kamuning./ Pangeran sedang Kamuning puputra Sutan./ Sutan arina puputra Susunan./ Susunan arina puputra Susunan Mangkurat./ Susunan Mangkurat arina puputra Pangeran Mangkunegara, kang rayi susunan puger, puputra Pangeran Mangkunagara./ Pangerabn Mangkunagara puputra Pangeran Dipati.
 
Caritakeun deui Ciung Manarah, karsa rek murud ngulon./ Mangka maan kuring panday domas kurang hiji nitih lemah Pajajaran./ Arina krama ka ratu Endong Kencana./ Arina puputra Darma Rehe. Darma Rehe arina puputra Lutung Kasarung./ Lutung Kasarung arina puputra Prebu Lingga Hiyang./ Prebu Lingga Hiyang puputra Prebu Lingga Wesi./ Prebu Lingga Wesi arina puputra Prebu Lingga Wastu./ Prebu Lingga Wastu puputra Sang Susuk Tunggal./ Sang Susuk Tunggal arina puputra Prebu Mundingkawati./ Prebu Mundingkawati puputra Prebu Anggalarang./ Prebu Anggalarang puputra Prebu Siliwangi, jumeneng nyakrawati Pajajaran.

Selasa, 01 Maret 2011

Psst... Resep Rusiah Coca-cola 'Kaungkap'

Aya henteu jelema anu kungsi ngaho resep asli Coca-cola? Racikan inuman anu diciptakeun ku Johnsaurang pakar farmasi pangobatan dina taun 1886 salila ieu dianggapna hiji misteri. Pemberton,


Tapi, hiji laman ngaranna, Thisamericanlife.org, mengklaim geus manggihan hiji daptar dina artikel serat kabar anu terpotret. Artikel éta méré pitunjuk bahan-bahan sarta takaran pas pikeun ngahasilkeun inuman anu dipikawanoh di sakuliah dunya éta.

Serat kabar Atlanta Journal-constitution édisi 8 Pebruari 1979 ngabogaan poto hiji jalma anu nyekel hiji buku kalayan resep anu diklaim nyaéta tiruan pas resep Pemberton, kitu tulis Telegraph, Kemis (17/2).

Daptar dina buku dijudulan Merchandise 7X, dilaporkeun ngandung takaran pas ti minyak béda pikeun ngahasilkeun resep rusiah Coca-cola

Cacak ngan ngahasilkeun hiji persén ti formula total inuman kasebut, Merchandise 7X dianggap minangka resep anu méré rasa unik dina inuman hampang populér kasebut.

Resep pituin? Ulah ditanya, nepi ka kiwari resep resmi Coca Cola dilaporkeun dijaga heureut salila 24 jam dina lomari beusi kandel di Georgia, Atlanta, Amérika Sarikat.

Geremet kalayan racikan rusiah vérsi Merchandise, tengok daptar dihandap katut.

Ekstrak Coca éncér 3 drams USP (+ 3/4 séndok téh)

Asam Sitrat 3 oz (88.7205887 ml/85 gram).

Kafeine 1oz (28 gram/30 ml)

Gula 30 (Dina poto artikel henteu écés sabaraha takaran anu diperlukeun)

Cai 2,5 galon

Jus Lemon 2 pints 1 qrt (946 ml)

Vanila 1oz (28 gram/30 ml)

Karamel 1,5oz (32gram/45ml) atawa leuwih pikeun ngawarnaan

7X penguat rasa (paké 2oz (60 ml/56gram) penguat rasa minangka hijian nepi ka 5 gils sirup/0,59 liter):

Alkohol 8oz (224 grams/240 ml)

Minyak Jeruk 20 tetes

Minyak Lemon 30 tetes

Minyak siki pala 10 tetes

Minyak ketumbar 5 tetes

Minyak neroli 10 tetes

Minyak kai amis 10 tetes 

Sumber diropea ti : http://www.republika.co.id

Kisah Wang Zipping, Legenda Grandmaster Wushu Muslim Cina (1881-1973)

Saratus dalapan puluh kilométer ti kaléreun Dayeuh Terlarang (Beijing ayeuna), perenahna aya dayeuh Changzhou, tempat bubumena suku Hui. Hui nyaéta salah sahiji suku Muslim di Cina. Tapi, sajaba Islam, ayahal anu jadi kaseneng anggota suku Hui, nyaéta tradisi seni bela diri.

Saméméh diciptakeun pakarang, Wushu mangrupa pakakas utama perang sarta pertahanan diri di Cina. Para pemimpin Hui sok nyorong anggotana diajar Wushu minangka 'kabiasaan suci' supaya nguatkeun disiplin sarta kawani pikeun bajuang sakaligus ngajaga taneuh maranéhanana.

harita teh masjid-masjid, pikeun suku Hui, lain ngan saukur tempat pikeun ibadah, tapi ogé medan latihan pikeun grandmaster pikeun nempa dasar-dasar Wushu ka murid-muridna anu antusias.

Ilharna siga suku Hui anu séjén, Wang Ziping lahir di tengah kulawargana nu miskin. Bapana digawé jadi tukang boksen bayaran. Waktu masih budak, Ziping némbongkeun kahayang nu kuat keur diajar Wushu. Bela diri ieu téh identitas suku Hui. Euweuh Hui--anu harita teh buruhna ngan sajumlah buruh  garam--baris wani ngajalanan hirup tanpa "Latihan Delapanbelas Teunggeulan Perang" sarta "Tinju Diagram Dalapan" némpél dina awak sarta pikiran.

Sajaba Wushu, Hui ogé rajeun neuleuman ajaran Islam. Ku kituna kahirupan Hui nyaéta campuran antara buruh miskin, latihan teuas sarta spiritual nu jero. Pangabisa rongkah maranéhanana dina Wushu lain hiji hal anu datang sakotéap panon.

Kitu ogé anu dialaman Ziping. Di tengah palajaran ngaji Al Qur'an, Ziping ogé kudu ngangkat batu beurat pikeun ngawangun stamina, kakuatan sarta galian parit anu beuki lila tambah lega, kitu oge pangabisana ngaronjat. Kesaimbangan anu alus diasah ku cara picilakaeun. Zipping dipelak dina taneuh hirup-hirup.

Harita teh, Zipping maca lantunan zikir. Kakuatan sarta kesaimbangannana ogé nambahan ngalipet ganda. Konsentrasi anu dawam dipigawé waktu solat minangka tungtutan dina Islam jadi tulang tonggong sasolid batu pikeun gerakan nyérélék Wushu.

Iklim di Changzou cukup tiis sabot usum panas, tapi tiis waktu usum salju. Dina bulan-bulan usum tiis salju arang turun ku kituna ngamungkinkeun latihan tetep dilaksanakeun. Zipping latihan kalayan sakumna elemen pikeun nyieun tangguh awakna. Kitu manéhna basa nginjak umur 14 warsih, manéhna geus bisa mencal leuwih ti 3 méter ti posisi nangtung.

Nyaah budak nu boga awak sategep lalaki dewasa sarta kualitas petarung éta teu ngabogaan guru. Bapana anu  nampik ngasupkeun Zipping ka sakola Wushu. Satengah putus asa néangan guru sarta babaturan, manéhna asup ka  komunitas rusiah anu nyebutkeun diri maranéhanana "Jurus Kebenaran sarta Keharmonian".

Pamustunganana Wang Zipping megatkeun indit sarta ngumbara ka kiduleun dayeuh Jinan, di mana manéhna jadi musafir anu cicing di hiji Masjid Badag. Dina rohang utama masjid éta pisan, Zipping papanggih jeung lalaki kawas dirina, saurang petinju. Manéhna ngaranna Yang Hongxiu, grandmaster Wushu anu pamustunganana jadi guruna.

Sarta Zipping ogé kalayan serius mimitian diajar gerakan manuk sarta mamalia, kawas heulang nyungsreb bari nyamber mangsa, gerakan kalinci ngaliwat padang jukut, nepi ka lompatan jitu anjing nyingcet tina bahaya. Manéhna nyerepan kabéh sipat gerakan éta saterusna nyiptakeun gayana sorangan. Stamina sarta refleksnya anu beuki ngembang, nyababkeun Zipping teu ngan saukur kuat tapi ogé gancang--hiji kombinasi bahaya dina Wushu.

Saurang dianggap Grandmaster lamun manéhna sanggup ngagunakeun pakakas naon wae minangka jadi pakarangna. Ningkatkeun pangabisa ieu téh seni sakaligus kaperluan dina Wushu. Zipping, jadi rongkah béntés kalayan kabéh pakarang utama.

Manéhna pohara mahér pisan dina ngalakonan Qinna, nyaéta téknik sergapan anu bisa nulak sendi sarta otot-otot lawan dina nyiapkeun  serangan dahsyat; Shuaijiao. Ngaran anu pamungkas éta téh gaya patanding leungeun kosong anu ngagabungkeun prinsip Tai Chi, Hard Qigong sarta Téknik ngaringankeun Awak.

Manéhna meunang pangakuan salaku seniman bela diri anu utama. Dina waktu babarengan manéhna ogé pakar dina trauma tulang. Manéhna mengombinasikan kanyaho mendalam dina Qinna kalayan ketrampilang mengatur tulang. Pamustunganana manéhna manggihan sistem penyembuhan pikeun tatu Wushu sarta olahraga di kalér Cina.

Legenda Klasik

Loba carita, aya anu asli sarta ogé ngan saukur mitos, anu geus disematkan dina sosokna. Tapi anu sok diulas nyaéta hiji carita saperti ieu

Salila ngalakonan praktek pangobatan di Jiaozhou, Jerman ditugaskeun pikeun ngawangun rel karéta api ti wewengkon anu  nuju ka Jinan. Proyék mercusuar éta téh hargana mahal anu kudu dibayar sanggeus Ratu Ci'xi gagal dina nahan pemberontakan tinju. Rel dijieun  anu tujuanna hayang ngarambah  sarta ngokohkeun kontrol Éropa di daratan Cina.

Reputasi Zipping lainna teh lain teu dipikanyaho ku Jerman. Leuwih calakan sarta wani tinimbang babaturanana, urang Jerman narékahan keur ngaheureuyan manehna. Saurang petinggi militer Jerman bersiasat kalayan nempatkeun panggilingan batu badag di hareup stasiun rel karéta api sarta nangtang saha ogé pikeun ngangkatna.

Zipping anu henteu kungsi bisa tahan kalayan panghina ka urang Cina, sacara alami langsung ambeuk. Kawas anu dikahayang Jerman, Zipping asup kana perangkapna.

"Kumaha lamun kuring bisa ngangkatna," tanya Zipping.

"Mangka gilingan éta jadi milik anjeun," para Jerman némbalan kalayan tampang ngaheureuyan.

"Lamun kuring gagal?"

"Mangka manéh kudu mayar,"

Zipping kalawan gampang ngangkat gilingan batu éta, ninggalkeun urang Jerman aralohok. Saurang warga Amérika anu digawé minangka guru fisika di tempat éta, nyaksian aksi Zipping. Manéhna ogé nangtang duel.

Waktu patarepa  leungeun pikeun mimiti pertandingan, ujug-ujug si Amérika kalayan kuat nyekel leungeun Zipping sarta narékahan ngabanting manehna ka taneuh. Zipping sagancang kilat menyapukan suku ka bagian handap awak lawanana nu nyababkeun ambruk.

Alatan reputasina, Zipping ditunjuk jadi kapala Divisi Shaolin di Institut Puseur Seni Bela Diri. Manéhna ogé kungsi nyekel kalungguhan wawakil présidén Asosiasi Whusu Cina, organisasi Wushu pangluhurna di CINA.

Manéhna nyekel loba gelar sarta tanggung jawab, kaasup konsultan sajumlah rumah sakit badag di penjuru Cina. Karirna salaku pakar bela diri ogé beuki nyongcolang sanggeus manéhna ngalakonan lomba duel jeung jalma deungeun. Manéhna sok hayang ngabuktikeun yén Cina lain ras inferior.

Cacak dina umur geun kolot oge, Zipping teu kungsi kaleungitan kakuatan sarta kecepatannana. Dina taun 1960 sabot manéhna jadi palatih sarta diréktur grup pelajar Wushu anu mareungan perdana menteri waktu éta, Zhou Enlai, ngalawat ka Burma, manéhna dipénta nga-demonstrasikeun pangabisana. Di hareupeun no boga imah, manéhna mintonkeun jurus jeung pakarang rongkah beurat, Pedang Naga Hideung. Jeung téknik luhur, pangabisa sarta sumanget ngora, teu aya nu nyangka manéhna geus umur kapala dalapan.
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...