Rabu, 24 November 2010

Angklung jadi salah sahiji 46 nominasi warisan budaya tak benda dunia

Lamun ngadangu klentringna sora awi anu disusun harmoni birama jeung tangga nadana teras bari kadangu alunan tembang Es lilin, komo tiasa  oge lagu-lagu ti kulon sapertos "Bohemian rapsodia"  pasti matak muringkak bulu punduk, matak nyurudcud cai soca, ngarasa bangga jadi urang  sunda, sok sanajan rumasa teu bisa ngajaga, boro-boro ngaropea.

Muhun angklung teh seni asli pituin urang Sunda anu pernah di-claim nagri jiran, Malaysia, tapi alhamdulillah kaping 16 November 2010 unesco ngaresmikeun  alat musik warisan karuhun Indonesia di bumi pasundan, Jawa Barat. Minangka "warisan budaya takbenda Indonesia" dina Sidangna nuka-5 Komite Antar-Pamarentah dina rangka ngaropea warisan budaya takbenda(Inter-Governmental Committee for the Safeguarding of the Intangible Cultural Heritage (IGC-ICH) anu dialaksanakaeun di Nairobi, Kenya, pada 16 November 2010,   ngukuhkeun 46 nominasi mata budaya takbenda ti 31 nagara, di antarana teh Angklung ti Indonesia.

Harita teh Sidang UNESCO dibuka ku Wakil Presiden Kenya, Stephen Kalonzo Musyoka anu didampingi Direktur Jenderal UNESCO Irina Bokova sareung  Dr. Jacob Ole Miaron, Ph.D minangka chairperson (presiden persidangan) ti Kenya. Kirang langkung 460 peserta hadir minangka utusan/wawakil ti Negara-negara Pihak, juru tinjau (observers), wawakil organisasi internasional, wawakil LSM/NGO, jeung para  pakar budaya.

Angklung diponten Unesco teh ceunah, ngandung nilai-nilai dasar kerjasama, saling ngaragangan, jeung  sugih ku nilai harmoni sosial, anu jadi dentitas budaya masyarakat Jawa Barat sareung  Banten. Unesco oge nganilai angklung teh ngan ukur aya di Indonesia, tiasa ditinggal dina catetan   Prasasti Cibadak taon 1030 Masehi. Prasasti nyatat, angklung biasana digunakeun raja Sunda Sri Jaya Bupati kanggo acara kaagamaan.

Pangakuan Unesco teh manjangkeun kakayaan budaya  warisan asli budaya Indonesia minagka pangkuan dunya nu samemehna  keris, batik jeung  wayang. Departemen Kebudayaan dan Parawisa nargetkeun  10 warisan budaya Indonesia lainna supados diakui  dunia dugi ka  taun 2014.

Diasupkeunana angklung ka  representative list of humanity tiasa  ningkatkeun kasadaran jatidiri urang Sunda kumaha pentingna ngamumule warisan budaya tak benda  sareung ngenalkeun nilai-nilai sabilulungan diatara masayrakat sunda anu beh dieu beuki leungit kahalimunan ku kamajuan teknologi jeung asupna budaya barat.

Langkah-langkah pikeun ngamumule budaya bangsa teh kedah ngalibatkeun kerjasama para seniman, pamarentah jeung mayarakat kalayan tujuan utamana ngadorong wawasan angklung dina konteks formal jeung informal, terus dikemangkeunana karajian angklung jeung ngarawat supaaya taneman awi teu punah minangka bahan baku keu angklung.

Pertimbangan lain, nominasi angklung mencerminkan luasnya partisipasi komunitas baik dalam usaha-usaha pelestarian dan dalam proses penyusunan nominasi angklung ke UNESCO, yang dilaksanakan melalui konsultasi formal.

"Dilebetkeunana angklung minangka  warisan budaya takbenda teh tiasa masihan dampak positif kanggo upaya ngalestarikeun ditataran nasional jeung regional. Masayrakat di Indonesia jeung nagara tatangga tiasa ninggal uapaya ngalestarikeun anu diudkung ku Unesco anu aplikasina kumaha ngalaksnakaeun konvensi Unesco kanggo ngalestarikeun warisan budaya tak benda." Pokna Tjetjep Suparman,  Dirjen Nilai Budaya, Seni dan Film (Ditjen NBSF) Kemenbudpar anu mimpin delegasi RI dina sidang IGC-ICH. Delegasi RI anu ngawakilan ti unsur Kantor Menko Kesra, Dit Sosbud OINB Kemlu, ahli budaya, KBRI Paris, jueng  KBRI Nairobi.

Tjetjep Suparman mere pendapatna, disupkeunana   angklung Indonesia pastina tisa ningkatkeun katarikna para generasi muda kanggo diajar jeung mainkeun angklung di sababraha  institusi pendidikan di Indonesia jueng luar negeri, minangka wawasan nu aya hubnganna jeung  angklung teras dimumule jeung dikembangkeun .Saterusna, tiasa kabentuk lingkungan anu kondusif anu tiasa ngadukung ngawangun karaker bagsa, oge ruang kanggo ngembangkeun kreatifitas sababaraha komunitas nagklung. sadayana dampak anu gadoorng ngalestarikeun jeung promosi warisan budaya angklung.

Sakabeh upaya pamarentah Indonesia salah sawios ngawujudkeun komintment salah sahiji anggota konvensi UNESCO dina ngamumule warisan budaya takbenda tina taun 2003 anu diratifikasi ku 132 negara, kasup indoensia anu tos ngaratifikasikeun taun 2007. konvensi unesco leuwih nekenkeun upaya ngamumule warisan bduaya tak benda nyaeta tradisi nyarita jeung berekspresi, ritual jeung festival, karajinan leungen, musik, tarian jeung ngagelarna seni tradisonal.

Senin, 22 November 2010

Humor keur Urang Sunda (2)

Ceuk kamus Sunda-Melayu R Satjadibrata anu terbit jaman Jepang taun 2604  (ieu mah sigana taun Jepang, mun kana masehi mah meureun antara taun 1944-45, cik aya nu uninga teu kumaha konversina), hartina heureuy nyaeta “loeloetjon”. Lamun diilikan dina KUBS mah heureuy teh hartina banyol, kalakuan pangangguran pikeun karesepan sorangan atawa ngarah gumbira anu nenjo nu ngadenge, ngaheureuyan hartina ngaganggu bari jeung teu niat goreng, ngaheureuykeun hartina ngulinkeun atawa ngabobodo. Lamun diilikan deui dina kamus basa Sunda meunang Budi R Tamsyah aya harti lain keur kecap ngaheureuyan nyaeta ngawerejit.

Hartina Kabayan ceuk KUBS mah 1.tukang ngajaga paseban, 2. tukang ngaladenan dina hahajatan. Aya deui ceuk Ensiklopedi Sunda mah pembantu patih atawa Patinggi dina mangsa karajaan nepi ka mangsa kabupatian dina pamarentahan tradisional nepi ka ahir abad 19 tugasna nyaeta nepikeun paparentah raja atawa bupati ka rahayat, jadi kabayan didieu mah jabatan beda jeung tokoh Si Kabayan.
Heureuy dina harti banyol atawa lulucon,  mindeng kareungeu atawa kabaca diantarana make istilah “keom sakedap” , landong baeud ( ieu aya bukuna anu judulna Landong Baeud  terbit dina taun 1950an), Mangle nyebatna “barakatak”, aya oge anu make istilah 4S (sura seuri siga sero).

R Purbacaraka boga pamanggih yen, banyol, lulucon (humor) anu panghadena, anu luhur ajena nyaeta banyol anu sanggeus urang bisa diajak seuri satuluyna dititah mikir mikiran eusi tina eta lulucon anu tungtungna urang bisa “ngaji diri” bisa ngaragap maneh, nganyahokeun kaayaan diri sorangan.

Dina carita sapopoe Urang Sunda, tukang banyol, tukang heureuy euweuh deui iwal ti Si Kabayan, aya sarjana Walanda nu kungsi nyieun disertasina dina taun 1929 nyaeta Dr Coster Wijsman nyebutkeun euweuh deui nu pangbeungharna disakuliah nusantara ku carita lucu iwal ti di Tatar Sunda anu nyanda kana carita Si Kabayan. Carita Si kabayan kungsi dijieun buku ku CM Pleyte anu judulna Pariboga dina taun 1912, Bale Pustaka kungsi nerbitkeun Si Kabayan dina taun 1932, kabehdieunakeun loba buku anu terbit nu eusina dongeng-dongeng si Kabayan diantarana Min Resmana (Si Kabayan Tapa), Moh Ambri ( Si Kabayan Jadi Dukun), ceuk Ajip Rosidi ieu buku teh saduran tina buku pangarang Perancis Moliere anu judulna La Medicine Malgre Lui).

Salian ti Si Kabayan aya deui tokoh sejen nyaeta Mama Lengser ( sok aya nu nyebut Mamang Lengser, Ua Lengser) dina carita pantun jeung si Cepot dina carita wayang golek. Hartina Lengser ceuk kamus Satjadibrata nyeta jelema kapercayaan raja jaman  baheula, aya deui anu nyebutkeun hartina teh turun, lungsur. Dina carita pantun tingkah paripolah Mama Lengser mindeng ngondang pikaseurieun, boh ucapna boh ringkak paripolahna, malah ku anu ngadarengekeun carita pantun mah bijilna Mama Lengser teh sok didaragoan alatan loba lucuna, kitu deui si Cepot dina carita wayang golek, malah lamun urang lalajo wayang nu dalangna Asep Sunandar Sunarya, porsi bijilna si Cepot teh siga anu dijadikeun kojo boh heureuyna anu ngageuhgeuykeun kaayaan jaman kiwari boh kalakuanana anu kalan-kalan siga anu cunihin.

Peran Mama Lengser dina carita pantun digambarkeunana teh siga anu tetep, umurna geus kolot, awakna bayuhyuh, papakean teu matut, tapi ieu tokoh teh bisa komunikasi jeung Raja kitu deui bisa komunikasi jeung rahayat perana meh sarua jeung si Cepot. Raja bisa disebut nu ngawakilan “alam luhur”, Lengser ngawakilan “alam tengah” jeung rahayat anu disebut “alam bawah”, dina kosmologi urang Sunda aya nu disebut Tri Tangtu, Buana Nyungcung (alam baka, alam para dewa), Buana Pancatengah (medium) jeung Buana Rarang (alam fana, alam manusa). Mama Lengser bisa disebut medium anu ngahubungkeun antara dunya raja jeung rahayatna, anu ngahubungkeun antara karaton jeung masyarakatna, tangtu we inyana kudu bisa kabula kabale, sagala parentah raja ditepikeun ka rahayatna, kitu deui kahayang rahayat ditepikeun ka rajana.

Nu sok jadi bahan gogonjakan Mama Lengser teh wujud kasarna (awakna) ari wujud lemesna (spiritualna) kacida dihargaanana utamana kajujuranana, pituahna, (bandingkeun jeung Semar atawa si Cepot dina carita wayang), matak teu aneh sanajan raja oge sok ngumaha ka Mama Lengser kitu deui rahayat sejena, dina prakna mere pituah teh tara ieuh umangkeuh ieu aing uyah kidul, tapi tetep kalawan handap asor nepi ka anu dibere pituah teh teu ngarasa kaisinan.

Urang Sunda enya resep heureuy resep guyon (humor), tapi heureuyna tara nganyerikeun batur komo bari ngekeak kekurangan batur mah, humorna leuwih nyoko kana “otokritik”, kana kalaipan diri, lamun tea mah aya nu dijadikeun obyek dina humorna malah sok dipikanyaah lain dipikaijid. Ceuk sakaol ieu teh teu leupas tina kaayaan alam Tatar Sunda nu pinuh ku parentul gunung, alam tropis nu kalan-kalan loba musibah alam, gunung bitu, banjir, longsor jste. Sakabeh kajadian alam siga kitu teh teu bisa dilawan ku tanaga manusa, manusa kacida hengkerna dibandingkeun alam anu sakitu rongkahna, tina eta kaayaan manusa Sunda dina nyicinganana kudu harmonis jeung alamna, nya tina ieu kasadaran sakapeung manusa Sunda siga nu ngelehan bae.

Carita tokoh Si Kabayan aya di rahayat Sunda, aya dina folklore masyarakat Sunda, inyana “dipikanyaah” ku masyarakat Sunda sok digambarkeun bodo tapi sakapeung sok digambarkeun pinter, jadi aya sifat paradok dina diri Si Kabayan, atawa bisa jadi aya sifat dualisme primordial. Lamun bodo sok siga anu bodo katotoloyoh (dina carita Si Kabayan ngala tutut), lamun pinter sok bisa ngalingsemkeun batur (dina carita Si Kabayan ngadeupaan lincar), hal ieu bisa dijadikeun pieunteungeun boh keur rahayat boh keur pamingpin, sedengkeun kategori pamingpin kuduna leuwih pinter batan anu dipingpina, harti pinter didieu dina harti kualitas dirina.

Dina campur gaul sapopoe dina mangsa kiwari anu geus campur aduk jeung seler sejen, posisi heureuyna urang Sunda anu tadi geus disebutkeun nyoko kana otokritik can tangtu dipikaharti ku seler sejen, palebah dieu urang Sunda kudu ngaluarkeun jurus kapinteran si Kabayan nyaeta surti kana posisi diri (kualitas), siga heureuy Ungkal bakal kahartieun ku urang Ungkal deui, ku anu ti luar mah can tangtu kahartieun jeung urang Ungkal-na oge dina ngaluarkeun heureuyna teh tara sagawayah. Ari wewengkon Ungkal teh ayana di Kacamatan Conggeang (ayeuna mah geus jadi desa). Tah keur dulur-dulur nu ahli atawa resep kana Antropologi, sok mangga geura pedar perkara “poyok Ungkal”, sabab dina poyok Unggal loba pisan silibna anu bisa jadi banda pituin urang Sumedang.

Masih Angger Kénéh

Sabada pangsiun Suyatna hayang ngalanglangan asrama tempat baheula manéhna matuh ampir genep taun basa keur jadi mahasiswa. Wangunanana tacan dirobah. Kamar-kamarna masih cara baheula, bubuhan jieunan jaman normal, sagala rupana weweg. Kaina ogé kabéh tina jati.

Barang nepi ka kamar urut manéhna baheula, manéhna keketrok. Sabada sawatara lila ngadagoan, ahirna aya mahasiswa anu kaluar.

“Kénging upami lebet ningalian kaayaan ieu kamar?” ceuk Suyatna. “Baheula leuwih ti satengah abad ka tukang, Bapa nyicingan kamar ieu. Panasaran hoyong mulangkeun panineungan.”

Henteu ngadagoan diidinan, blus Suyatna asup. Tuluy niténan kaayaan kamarna. “Masih angger nu baheula. Méjana angger, lomarina angger ….” tuluy manéhna mukakeun panto wc. Aya mahasiswi satengah taranjang. Gancang ku manéhna ditutupkeun deui. Si mahasiswa nu nyicingan kamar éta jiga samar polah, tuluy méré katerangan:

“Éta téh pun adi ….,” pokna.

“Carita kitu ogé angger sarua jeung baheula,” walon Suyatna.
 
SARAPAN YAYANG

PANGANTEN anyar mangrupakaeun salah sahiji kajadian nu moal kapopohokeun dina kahirupan. Kitu deui keur Aa jeung Nyai, estu sagala katresna, kanyaah jeung kaasih teh ditumplekeun pisan dina mangsa harita. Isuk-isuk sabada peuting panganten, Nyai nanya ka Aa:
Nyai : “Aa, bade sarapan naon?”
Aa : “Sarapan yayang bae Nyi, Aa masih sono” pokna bari ngagelenyu.
Atuh der bae duanana kokojayan dina lautan asmara mapatkeun asih katresna. Pabeubeurang, Aa di kantor narima telepon ti Nyai:
Nyai : “Aa, bade tuang siang di mana?”
Aa : ” Di bumi wae Nyi, ke sakedap Aa nyelang mulang heula dina istirahat siang”.
Barang datang, Nyai gura giru moro ku kasono. Aa dipapag ku imut nu kareueut, bari pok Nyai nanya:
Nyai : “Bade tuang siang sareng naon A?” Cek Nyai bari nyelende.
Aa : “Ah, urang neda yayang bae, Aa lapar keneh”, pokna bari ngaleng Nyai ka pangkeng.
Atuh der deui bae si Aa teh ngalaksanakeun kawajibanana.
Kitu deui dina peutingna sabada Aa datang ti kantor, menu “makan malam yayang” teh dihabek aya kana tilu uruganana.
Isukna, barang bray beunta Aa rurat reret neangan Nyai nu geus teu aya di gigireun. Di teang ka sumur suwung, di goah teu aya. Barang diteang ka dapur, kasampak Nyai keur nagog luhureun kompor. Aa kaget, bari pok nanya:
Aa : “Nuju naon Nyi, eta bet nagog luhureun kompor?”
Nyai : “Pan nuju ngahaneutkeun sarapan yayang A…”
Aa :”##?!…….”


BASA JANG AANG BALANJA KA PASAR
Basa na Salasa jam dalapan Jang Aang ngahaja jalan-jalan ka pasar Darmaraja hayang balanja lalab-lalaban jang sarapan. Barang datang ka pasar nyampak kang Dadang mamawa anakna balanja kalapa salapan.
Jang Aang :”Naha kang balanja kalapa? Pan kang Dadang aya tangkalna dalapan?”
Kang Dadang :”Ah … nya jang babawaan ka baraya, mamang sayah hayang martabak kalapa…jang Aang balanja lalab? Mana samarana?”
Jang Aang :”Aya tah laja … salam.”
Kang Dadang :”Naha laja salam, jang Aang tara masak nya? Tah bawa kalapa jang lalab mah.”
Jang Aang :”Nya lah ngajaran dahar lalab aya kalapaan …. mangga Kang.”
Kang Dadang :”Mangga….”
Jang Aang kapaksa mamawa kalapa, padahal kahayangnamah mamawa samangka sakaranjang jang anak-anakna. Kang Dadang mapay-mapay jalan satapak, rada hanjakal mamawa kalapana ngan dalapan… TAMAT… dadaaaah….. calawak nya.
LOHIKA
Pagawé kantor pos nimbang bungkusan anu rék dikirimkeun ku Ibu Titin. Sabada niténan beuratna, pagawé kantor pos téh nyarita: “Kedah ditambihan parangkona, Bu.”
“Naha?”
“Margi beuratna langkung teuing.”
“Naha lamun parangkona ditambahan beuratna baris ngurangan kitu?”

MABOK
HIJI  mangsa aya jelema mabok asup ka hiji bar, ngaliwatan panto hareup. Kanyahoan ku Bartender, buru-buru ngahalangan eta lalaki,
“Teu meunang asup kadieu geus mabok mah!”
Jalema mabok tadi kaluar, tapi terus asup deui, ngan ayeuna mah ti panto gigir. Kaperego deui ku Bartender nu tadi
“Anjeun teh geus mabok, jadi tong asup kadieu! Perlu di pang manggilkeun taksi…?”
Nu mabok tea buru-burur kaluar deui, tapi asup deui ti panto tukang. Kapanggiheun deui bae ku si Bartender anu tadi, bari jeung keuheul pok si Brtender nyarita, “Lamun silaing wani asup deui, awas, dibejakeun ka pulisi geura!”
Jalma anu mabok tea ngarenjag jiga nu reuwas, “har…naha silaing bisa gawe di sababaraha bar euy…?”

BOROKOKOK
Ku: Dhipa Galuh Purba
KATELAHNA Mang Ook.  Imahna di sisi lembur Tutugan Béngkok. Kakoncara tukang bobok, tukang tarok jeung tukang mukakeun…anderok. Karesepna ogé nyonyoo hayam bangkok, tara kapok-kapok sanajan remen dipacok. Ceuk pamajikanna ogé, mang Ook téh jelema koplok. Teu kaur aya mojang dénok, pastina ogé sok hayang tuluy nyantok.
“Sok…!” ceuk Mang Ook bari ngamang-nagamang pakarang titinggal si Carok.
“Naon, Kang Ook?” Bi Enok, pamajikan mang Ook rada ngahaok.
“Manéh bieu keur naon jeung Si Ucok?”
“Bieu iraha, kang Ook?” Bi Enok molohok.
“Bieu, dina handapeun tangkal jambu bangkok!”
“Oh, apan dititah ku Kang Ook, néangan bangkong korodok,”
“Moal enya néangan bangkong korodok mani bari silih pacok bari mojok? Dasar pamajikan bungaok, ku aing digaplok manéh téh, Enok!”
“Sumpah, Kang Ook. Kuring mah teu silih pacok jeung si Ucok. Saksina ogé hayam bangkok anu keur kongkorongok. Si Ucok mah ukur ticatrok kana tungtung erok. Tuluy ku kuring dikerok. Tapi paralun lamun nepi ka silih pacok,”
“Ari étah, kunaon baju mani laledok?”
“Apan ngadiukan tikotok. Tuluy diberesihan ku taneuh ledok….”
“Ah manéh mah bisaan ngelok , Enok!” ceuk Mang Ook bari nyokot séndok paranti nembok. Tuluy ngaléok bari katara beungeutna mani camohok. Teu lungak-longok heula ka Bi Enok.
“Rék ka mana, borokokok?!” Bi Enok nyorowok.
“Rék narok Si Ucok…!” témbal Mang Ook bari malédog ku batok kana kenteng imah Haji Mubarok.
*
Mang Ook geus anjog ka hareupeun imah mang Ucok di lembur Cisolok. Bari ngamang-ngamang séndok témbok, Mang Ook hahaok siga anu keur mabok. Awakna mani noroktok, méh baé huntuna ogé morolok.
“Ka luar sia téh, Ucok…!” Mang Ook beuki ngahaok. Tapi Mang Ucok tacan kaperegok. Teuing ngokok, kuméok méméh dipacok, sabab Mang Ucok geus kapok lamun kudu pahaok-haok jeung Mang Ook.
“Éh, Kang Ook. Tos lami keketrok kana panto rorompok?” Bi Ni’ok, pamajikan mang Ucok, geus ngajanteng hareupeun Mang Ook. Atuh sakedapan mah Mang Ook kalah molohok bari gagaro kana sirahna anu borok.
“Euh, nyi Ni’ok…Ok..euh…Ok…” Mang Ook nyaritana semu anu kararagok. Panonna méh-méhan molotok, neuteup awak bi Ni’ok anu montok. Mangkaning Bi Ni’ok ukur mamaké baju jeung calana anu kacida pondok.
“Kunaon Kang Ook, mangga lebet ka rorompok. Kaleresan aya kopi ledok buatan Newyork,” ceuk bi Ni’ok.
Teu talangké deui, Mang Ook asup ka jero, bari angger molohok neuteup awak bi Ni’ok anu katingalina beuki montok tur matak nyolok. Leungeunna mani geus teu kuateun hayang kudak-kodok.
“Ari Mang Ucok…” teu kebat Mang Ook nyaritana, kaburu dipotong ku bi Ni’ok.
“Nuju mondok,” pokna Ni’ok bari ngasongkeun cikopi anu cenah mah buatan Newyork. Malah teu lila, Bi Ni’ok ogé mamawa mangkok.
“Naon éta anu dina mangkok, Nyi Ni’ok ?” tanya Mang Ook.
“Apan ieu téh kuéh pamahanan ti Ceu Enok, istrina Kang Ook. Kamari nu nganteurkeunna ogé si Itok. Cenah, Ceu Enok sukuran pédah boga orok. Leres eta téh, kang Ook?”
“Enya, tapi orokna ogé beunang nyieun si Enok jeung Mang Ucok, enya salaki nyi Ni’ok,”
“Nu leres Kang Ook?” Bi Ni’ok rada ngahaok méh-méhan ticatrok.
“Sumpah, sing wani aya anu maok. Sabab Si Enok mah baheulana ogé bobogohan jeung Mang Ucok,”
“Ku aing digaplok si Ucok téh, kang Ook !” Bi Ni’ok beuki hahaok. Malah bari ngaleos ninggalkeun Mang Ook anu molohok.
“Rék ka mana nyi Ni’ok?” mang Ook ngajorowok.
“Rék ngontrog Si Borokokok Ucok ka imahna Si Enok…!”
*
Kacaturkeun di imahna Bi Enok. Saditinggalkeunna ku mang Ook, teu pati lila datang mang Ucok. Mémang ti saanggalna ogé, mang Ucok geus ngintip tina juru témbok. Atuh basa Mang Ook ngoloyod téh, langsung baé Mang Ucok keketrok.
“Geus indit Si Ook téh, Nok?” tanya Mang Ucok.
“Cocok, kang Ucok. Si Ook keur ngontrog ka imah Kang Ucok. Untung Kang Ucok aya di rorompok Enok. Paling ogé aya bi Ni’ok. Tapi kétang, apan bi Ni’ok téh kakara boga orok?”
“Enya, keun baé lah, Nok. Orokna ogé hasil bobogohan Si Ni’ok jeung Si Ook. Mending ayeuna mah wang mojok,”
“Nu leres, Kang Ucok?”
“Sing wani disantok ku Enok. Hayu, ah wang mojok, akang teu kuat hayang dikerok ku Enok…”
“Dasar Borokokok Ook, ku aing ayeuna diontrog ka gogobrogna Si Ni’ok …!” ceuk Bi Enok bari nyokot bedog paméré ti Aki Asok. Gidig, muru ka imahna Bi Ni’ok. Ari Mang Ucok ukur molohok bari panonna molotot kana enggon paragi mondok Manéhna jeung Bi Enok.***
Galuh Taruna, 2001

KALEPASAN
SALAKI jeung pamajikan keur nyaranda dina ranjang bari maraca buku.
Pamajikanana muka obrolan bari ngalieuk ka salakina.
Pamajikan    : “Pah, mun mamah maot, papah bade nikah deui moal?”
Salaki            : “Moal atuh!”
Pamajikan    : “Naha moal? sanes jongjon ari nikah mah”
Salaki            : “Memang enya”
Pamajikan    : “Naha atuh moal nikah deui?”
Salaki            : “Nya atuh bade”
Pamajikan    : “Nyaan?” (melong bari timburu)
Salaki            : “Hmm…mm” (ukur ngadehem)
Pamajikan    : “Papah sareng anjeuna bade nyicingan bumi ieu?”
Salaki            : “Pasti, imah sakieu alusna atuh”
Pamajikan    : “Papah sareng anjeuna kulemna bade di ranjang ieu?”
Salaki            : “Na rek dimana deui atuh?”
Pamajikan    : “Ke poto mamah digentos nya ku potona?”
Salaki            : “Pantesna mah kitu”
Pamajikan    : “Perhiasan mamah bade dianggo ku anjeuna?”
Salaki            : “Moal, manehna pasti make nu sorangan”
Pamajikan    : “Ke anjeuna nganggo mobil mamah?”
Salaki            : “Sigana mah, pan mobilna ge anyar keneh”
Pamajikan    : “Bade diajakan maen golf oge?”
Salaki            : “Pasti, saminggu sakali siga biasana”
Pamajikan    : “Anjeuna ge bade nganggo stik golf mamah?”
Salaki            : “Teu mungkin! manehna mah kede”
Pamajikan    : ?????
Salaki            : “E..eh! bit!”

Ha ha ha …..

Olok Kejo
Incu: “Ni, hoyong emam …”
Nini: “Tong dahar wae atuh, matak olok kejo, sakieu keur paila teh!”
Incu: “Ari Nini ti tadi nyapek wae?”
Nini: “Hih, ieu mah lain kejo deuleu, pred-ciken …”
Incu ngahuleng bari kumetap.


Maca Koran
Budak 1: “Ari Bapa maneh pagaweanana naon?”
Budak 2: “Tukang maca koran.”
Budak 1: “Beunghar ari kitu mah.”
Budak 2: “Beunghar naon … Tara kabeuli beas-beas acan!”
Budak 1: “Ari pagawean maca koran mah jelema senang, lin?”
Budak 2: “Maca koran soteh puguh neangan lowongan kerja!”

Nyiar Gawe
Uduy: “Loba nu nyararita, yen nyiar gawe teh hese. Bohong, eta mah pamalesan we. Yeuh kuring, da mani ranyong nu nawaran pagawean teh.”
Adi: “Mun enya maneh boga gawe, meureun awak teh kaurus. Geuning mani kuru kitu!”
Uduy: “Justru matak kuru teh saking loba gawe. Sedeng ari ngurus awak mah kudu aya pakeunna pan? Ari kuring boga duit ti mana atuh?”
Adi: “Eeehhh …!”

Lalaki
Ma Uti, indung beurang nu geus rada pikun ngajorowok tarik basa keur mantuan Nyi Karsih, tatanggana nu keur ngajuru.
“Ambuing, lalaki Ujang budak teh …!” cenah. Mang Juned, salaki Nyi Karsih heraneun. Sidik orok teh karek kaluar semet beuheungna.
“Naha Nini geus apal orok teh lalaki?” nyobaan nanya.
“Sidik pisan Ujang, etah geuning kaciri ceulina teu disuwengan. Pan nu tara make suweng mah lalaki,” Ma Uti yakin. Mang Juned olohok.

Judul Sinetron
Dede: “Bejana bakal aya sinetron anyar nu ditayangkeun ku tv swasta.” Didi: “Naon euy judulna?” Dede: “Ceuk beja mah judulna teh: Kisah Kasih Pemuda Idaman Diterpa Gelombang Cinta Di Lautan Asmara Yang Terindah Dan Abadi Sepanjang Masa.” Didi: “Leuh, bejakeun euy ka sutradarana, hese kituh neangan tipi anu layarna bisa dipanjangan mah.”

Lain Lawaneun
Aki: “Jadi lalaki mah montong sok borangan Sujang, manggih macan manggih singa ge lawan we …”
Incu: “Geuning Aki ari Si Nini keur nyarekan tara ngalawan, kalah sok ngahephep.”
Aki: “Ih, Si Nini mah lain lawaneun jalma atuh Sujang!”
Incu: “Saha atuh nu bisa ngalawan Si Nini?”
Aki: “Duit. Ngahephep geura Si Nini diasongan duit mah.”
Incu: “Teu kaharti lah …”

Remot
Dina hiji seminar tani, keur diteangan hiji jawaban ku naon pangna dina jaman Orba, ajakan pikeun patani sangkan daek ngagunakeun teknologi, taya hasilna? Sanggeus seminar sababaraha poe, kapanggih bae jawabanana. Sabab anu pinter cara Pa Habibi oge teubisa nyumponan kamajuan teknologi ku cara nyiptakeun remot kontrol pikeun … pacul!

Nginum Cikopi
Aya aki-aki nu nyanda pisan kana cikopi. Hiji mangsa nepungan dokter, pedah lamun keur nginum cikopi panonna nu katuhu sok nyeri wae, cenah. Dokter nyarankeun, lamun keur nginum cikopi, sendokna tunda heula!

Dirariung
“Mang Odo, tukang baso tahu, mangkukna mah pada ngarariung ku ojeg nu sok mangkal di parapatan.” “Hah, pedah naon? Henteu ari digarebugan mah?” “Ah, henteu …” “Ning atuh dirariung?” “Pan tukang ojegna rek mareuli baso.” “Oh …”

Ngajegang
Neneng: “Pa Pulisi, tulungan abdi.” Pulisi: “Aya naon ieu teh?” Neneng: “Abdi dipaksa kedah ngajegang!” Pulisi: “Ku saha?” Neneng: “Ku tukang ojeg!” Tk. Ojeg: “Upami teu ngajegang, abdi teu tanggel jawab upami geubis, margi jalanna garinjul!” Pulisi: “Turut. Hayoh ngajegang!”

Leutik
Basa aya acara di lembur. Kabeneran rombongan teh naek mobil. Pas rombongan Jang Adun samobileun teh ampir-ampiran teu kamuat. Da calon panumpangna pangpangna mah ibu-ibu anu awakna ampir rata-rata lalintuh. Sanggeus dina jero mobil ana celengkeung teh Jang Adun nyelengkeung, “Nu mawi nya, Ibu-ibu dina kaayaan sapertos kieu mah diperyogikeun pisan salira anu aralit teh.” Atuh ger we ibu-ibu teh sareuri mani ager-ageran.

Awut-Awutan
Kabayan : “Umur kota Bandung geus kolot pisan tapi kalah awut-awutan, ku naon nya?” Dihra : “Cek kuring mah pajabatna teu baraleg!” Acuy : “Cek kuring mah masarakatna teu baraleg!” Kabayan : “ke…ke…ke… bener oge, hartina pajabat hese ngahijina jeung masarakat.” Olot : “Lamun kitu ngarana barelegug!”.

Naek Menara Kembar
Ade: “Dul, geus ulin ti mana euy?” Dul: “Ti Alun-alun, naek kana menara kembar, masjid raya.” Ade: “Bejana mayar. Sabaraha?” Dul: “Dua rebu perak. Jaba kana lift turun-naekna oge.” Ade: “Bisa teu sarebu?” Dul: “Bisa! Naekna kana lift, ngan turunna ngaragragkeun maneh. Bade?”

Awewe
Aya awewe tumpak sapedah make calana panjang ngaliwat ka hareupeun sakumpulan pamuda. “Neng, eta lancingan katingali …” ceuk salah saurang pamuda, ngaheureuyan. Si awewe ngabengbeos, teu lila balik deui tapi teu make calana. “Katingali keneh teu …?” tanya si awewe. Pamuda silih reret jeung papada baturna.

Ulah Kagok Nyaah
Didi: “Ceuk kuring mah mun mitoha teh ulah kagok nyaah, nya?” Dede: “Kumaha tea?” Didi: “Heueuh, pan kuring teh dibere anakna. Mun mere teh ulah anakna wungkul … Sakalian jeung imahna, kebonna oge biayaan keur dahar sapopoena. Atuh kahayang teh deuih incuna jajanan unggal poe!” Dede: “Punten, nun. Ari sia eling?!”

Rumus
Dosen: “Ari saderek mecahkeun soal-soal matematika basa ujian, ngagunakeun rumus naon atuh? Nanya soteh pedah we dina lembar jawaban gaduh saderek mah eusina beda ti nu sejen.” Mahasiswa: “Eksperimen, Pa. Abdi ngagunakeun rumus … togel.” Dosen: “Beu, ari tukang judi sok aya-aya bae!”

Ngagakgak
Keur ngagakgak seuri, bus teh laleur asup kana sungut. Puguh we kuring jadi gagalapakan bari calawak. Teu kungsi samenit laleur kaluar deui, tapi jadi dua. Sihoreng laleur nu cikeneh asup teh nulungan sobatna nu leuwih ti heula asup kana sungut kuring.

Uprat-apret
Di Sakola Taman Kanak Kanak, Ibu Guru keur ngawurukan murid-muridna.
“Anak-anak kalau makan di rumah jangan selalu disuapin oleh orang tua, tapi harus bisa makan sendiri, ya!”
Salah saurang murid nu rada wanteran ngacungkeun leungeun.
“Ada apa, Nak?”
“Tapi Bu, kata Mamah kalau makan sendiri teh suka uprat-apret.”

Asin
Guru: “Cik, sato naon nu sok ngendog?” Toto: “Hayam.” Titi: “Meri.” Tata: “Asin.” Guru: “Asin …? Sato asin?” Tata: “Muhun. Geuning aya endog hayam, aya endog meri, aya oge endog asin!” Guru gogodeg bari mesem.

Politikus
Pa Dede bangun reueus nembongkeun incuna nu orok keneh. “Wah, Pa. Ditingal tina sorot panon mah pigagaheun, aya bakat janten jendral geura,” Pa Momo muji. “Pananganana mani parigel kitu, sigana mah kana bisnismen nu kieu mah,” Pa Yoyo mairan. “Salah kabehanana ge,” tembal Pa Dede. “Tingal geura, najan geus ngompol ge angger we sura-seuri teu euleum-euleum, nu kieu mah, jagana teh bakal jadi … politikus!” Nu ngadenge sareuri.

Ngarah Jangkung
Neneng: “Lamun hayang jangkung kudu kumaha, nya?” Herlina: “Cobaan we ngurab iwung.” Neneng: “Pernah eta oge nyobaan, tapi asa angger wae.” Herlina: “Euh, mun kitu mah geus teu mempan sigana.” Neneng: “Jadi kudu kumaha?” Herlina: “Ayeuna mah, cobaan we ngurab pager, ari iwung geus teu metu mah!” Neneng: “Maneh mah, hanas rek diamalkeun.”

Teu Datang
Basa rek miang, Pa Amir papagah heula ka rencangna nu anyar. “Bi, bisi engke Pa Kosim datang, bejakeun kuring keur ka dokter heula kituh nya. Sina nungguan we, nya.” “Mangga Juragan,” cenah, “Tapi upami Pa Kosim teu sumping, abdi kedah nyarios kumaha?”

Bajuang
Maneuh saban poe Senen personel katut manajemen WRS ngariung di kantor di Jalan Sukasenang V No.14 Bandung.
Biasana mun geus rengse barang gawe, jejer wangkongan sok ngabalengkot kana obrolan sabulang bentor. Nu sok mirucaan ngadabrul nyaeta Gan Reza. Saperti kajadian dina minggu nu anyar kaliwat. Ti isuk meluk nepi ka sore jeder Gan Reza ngablamblam nyaritakeun pangalamannana. Salahsahiji dongengna nyaeta lalakon bajuang waktu perang ngalawan karaman DI TII.
“Lur! Kieu-kieu oge, sayah boga jasa ka nagara. Waktu taun 1950-an, sayah ngilu pager bitis, oge kalan-kalan aub kana pangperangan. Tah.. saksina ceda na tonggong,” ngomong kituna teh bari ngalaan baju, terus nembongkeun tonggongna nu pinuh ku ceda.
“Euleuh meni raca kitu.. tilas tapak pelor oom..?” cek Teh Lina.
“Lain!” tembal Reza.
“Euh.. rupina ceda na tonggong oom, tapak kapetelan granat?” Dea nimbrung.
“Lain!” cek Gan Reza deui.
“Atuh tilas naon?” cek Yadi panasaran.
“Ceda na tonggong sayah, tapak panyakit Cacar,” cek Gan Reza bari nyengir.

Tardan
Yadi : Nurutkeun panalungtikan kuring, ngaran kasenian nu hirup di tatar Sunda, karereanna nyokot tina akronim atawa wancahan. Contona, Lapidut wancahan tina Lawak, Kacapi jeung Dangdut. Doger wancahan ngadogdogan anu beger. Tarling, Hitar jeung Suling.
Dea : Ari Tardan wancahan tina naon?
Yadi : Kakara ngadenge tah, cik naon wancahanna?
Dea : Wancahan tina Gitar jeung munding edan (ngomongna kalem).

Carita Pondok Pangpondokna Sa dunya
Dina sela-sela kagiatan ngokolakeun Grup Lawak Sasagon, Gan Reza sok rajeun nulis Carpon. Malah tadina mah rek diilukeun kana pasanggiri carpon nu diayakeun ku Koran Sunda Galura.
Kusabab sieun kapilih jadi juara niatna bolay. Nurutkeun paniten sastrawan moyan (nu saban isuk moyan), carpon karya Gan Reza kapeunteun jadi carpangondoknya “carpon pangpondokna sa dunya”. Judul Carpona “Budak Ceurik”. Eusina sauted “Aya budak kacugak beling, ceurik”.

BBM
“Geus ngadenge beja can, harga minyak tanah turun deui jadi Rp.800,-?” ceuk Dea ka Yadi.
“Ah.. eta mah berita bohong, piraku geus naek bet turun deui,” tembal Yadi.
“Sumpah cek dina TV, saleter hargana Rp.800,- asal daek meretan selang tengki,” cek Dea kalem.

Ngadu
Kabayan: “Mang Lebé, ngadu naon anu kira-kirana teu ngabatalkeun puasa?”
Mang Lebé: “Kangaranan ngadu mah kabéh ogé matak ngabatalkeun puasa. Masing teu keur puasa ogé ngadu mah teu meunang deuleu!”
Kabayan: “Ari ceuk uing mah aya ngadu anu teu ngabatalkeun puasa.”
Mang Lebé: “Ngadu naon kitu?”
Kabayan: “Ngadu…ngadulag.”
Mang Lebé: “Ah bisa waé ilaing mah.”

Muput Reungit
Mitohana: “Kabayan, keur naon manéh téh cicing baé di kamar?”
Kabayan: “Nabuburit, Ma!”
Mitohana: “Ari éta naon anu ngebul?”
Kabayan: “Haseup, Ma!”
Mitohana: “Heueuh keur naon?”
Kabayan: “Keur muput reungit.”
Mitohana: “Naha haseupna bau roko?”
Kabayan: “Nya éta obat nyamukna béak, kapaksa wé muputna ku roko.”

Si Kabayan jadi Reporter
Si Kabayan jadi réporter radio, basa aya pertandingan antara Pérsebaya vs Pérsib taun 60-an jaman jayana Abdul Kadir (Pérsebaya) jeung Rukman (Pérsib). Si Kabayan dibaturan ku Lamsijan.
Si Kabayan: “Iyah saudara pendengar, Abdul kadir ngabecir, nyépak ti gigir, bola nepi ka muntir, atuh kiper kuat ka nyengir da bal ngadupak biwir, nepi ka ngadahdir….
Lamsijan: (Ngaharéwos): “Enggeus euy, watir!

Lieur
Harita Nyi Iteung rék solat lohor, geus maké mukena lengkep. Ngan palebah rék takbir pisan, telepon disada (ti Si Kabayan), tuluy Nyi Iteung lumpat ngangkat heula telepon.
Nyi Iteung: “Alloohuakbar!”
Si Kabayan ngahuleng, lieur kudu ngomong naon.

Paingan
Kabayan: “Éta mah euy, sakitu murag tina tangkal kalapa anu sakitu jangkungna, da teu nanaon atuh. Kalah jleng sakali, tuluyna mah gugulitikan.”
Asnaip: “Saha euy, mani kuatan kitu. Boga élmu meureun?”
Kabayan: “Ah, teu singna boga élmu.”
Asnaip: “Heueuh, saha éta té?”
Kabayan: “Kalapa.”

Teu Tulus Digawé
Kabayan téh ngalamar gawé ka hiji pabrik, keur diwawancara ku bagian personalia.
Kabag: ”Cing caritakeun, asal-ulsul anjeun téh ti mana, Kabayan!”
Kabayan: “Ari asal mah nya ti indung. Ngan cenah mah nu mimiti ngusulkeun téh…pun bapa!”
Kabag: “ Wayahna baé anjeun kudu ninggalkeun pabrik ayeuna kénéh!

Wawuh Munding
Si Kabayan namu ka dulurna nu aya di Jakarta. Di imah éta dulurna panggih jeung babaturan dulurna anu sarua keur nyémah. Kawasna éta sémah lalaki téh urang Betawi, tuluy nanya ka Si Kabayan
Sémah: ”Apakah Abang kenal dengan yang namanya Bang Midun? Katanya sih rumahnya di sekitar sini.”
Bakat ku hayang diaanggap bisaan ngomong malayu Si Kabayan ngajawab, ”Kalow hapal betul sih kagak. Tapi kalow kenal kerbau mah iyah.” Maksud Si Kabayan mah ka Bang Midun téh ngan ukur wawuh munding.

Dasar Si Kabayan
Si Iteung: ”Kabayan, na enya manéh téh rék nyaah sarta satia ka kami?”
Si Kabayan: ”Puguh wé atuh, Teung.”
Si Iteung: ”Geuning kamari manéh ngabohong ka kami?”
Si Kabayan: ”Éh…ari manéh, atuh rék jeung saha deui urang silih pikanyaah, silih pikaasih, jeung silih…bohongan téh?”
Si Iteung: ”Dasar…!”

Budak Ngado’a
Geus aya meureun kana sabulana Oding anak cikal Bah Uyan nu kakara umur dalapan taun unggal unggal jam dua welas peuting nyaring, malah sok parat nepi ka Subuh. Dina nyaringna teh menekung bari kunyam-kunyem.
Kalakuan anakna saperti kitu teh pikeun Bah Uyan ngarasa atoh, tapi gegedenamah hariwang boa-boa anak aing keuna ku pangheureuy deungeun ceuk gerentes angena. Ku sabab bisi matak picilakeuan Bah Uyan geuwat mariksa anakna :
Bah Uyan : Ujang Kunaon bet sasarianeun loba hudang peuting? Mun aya kahayang geuwat tepikeun ka Abah ayeuna.
Oding : Hi ari abah, pan ceuk Pa Ustad oge mun aya kasusah kudu remen ngadu’a!
Bah Uyan : Hayang naon maneh teh? bet bebeakean.
Oding : Hayang.. ibu kota Jawa Barat pindah ka Sumedang.
Bah Uyan : Lahuta pisan siah kahayang teh! Na naon nu jadi sababna?
Oding : Eta Abah, waktos ngalebetan soal ulangan, soalna teh : Kota naon ibu kotana Jawa Barat? Ujang ngawaler Sumedang, tah ku kituna Ujang ngado’a sangkan ibu kota Jawa Barat ngalih ka Sumedang.
Bah Uyan : Kasebelan siah!

Ngado’a Salah Ucap
Kahirupan Bah Uyan keur nyirorot, nete semplek, nincak semplak, sagala usahana ngan rugi-jeung rugi, pokona numbuk di sue, entong keur nyakolakeun budak, keudahar sapopoe oge hese. Aya impo ti sobatna, mun hayang hirup salieuk beh kudu tatapa ka Guha Pawon, leuwih jentrena taroskeun Ka Pa Haji Ujang, anjeuna terangeun Harga beas nu sae, tapi ari deuk tatapa mah nu apal teh Kang Oding, kitu impo ti sobatna.
Saminggu ti harita Bah Uyan geus andeprak bari Sila, panona peureum, ingetanana museur ka Eyang Guha Pawon. Keur husuna tatapa, jelengeng kana ceulina aya sora, tanpa rupa.
Eyang Guha Pawon : Hey manusa, pangna tapa teh hayang nyaon? (Sorana Handaruan)
Bah Uyan : Eu.. ieu.. nun, ho-ho.. hoyong, hoyong.. (nyaritana teu kebat, kaburu leungit pangacian)
Eyang Guha Pawon : Hayang naon andika teh? Geuwat beunta, teuteup beungeut kula!
Bah Uyan : Barang bray beunta, katembong huntuna ranggeteng, panona nolol pikagilaeun atuh dina nyarita teh sabulang bentor. Ieu hoyong Lumpat Nu tarik rengse nyarita, berebet lumpat bari bujur kokompodan. Kana hayang beungharmah sama sakali lat poho.

Disangka Ngado’a
Ceuk kolot mun lalajo wayang golek poma ulah balik mun ki dalang can cacap nutugkeun carita. Mun di pungpang atawa ngalanggar kana eta caritaan bakal dipegat ku sandekala.
Eta oge lain teu inget kana eta caritaan, balik soteh inget kana dagangan nu kudu diiderkeun ka pasar subuh-subuh. Matak Jang Oding maksakeun balik jam dua welas peuting dina tengah garapan dalang.
Mangkaning jalan sorangeun teh ngaliwatan leuweung gerotan, leumpangna digancangkeun, beuki deukeut ka leuweung, sora sasatoan beuki atra kadenge, manuk sit incuing, jeung koreak disada matak kukurayeun bulu punduk. Papadaning kitu Jang Oding ngawani-wani maneh, teu kanyahoan samemehna ana gajleng teh maung gede ngajleng ka hareupeun jajalaneun pisan. Arek lumpat pasti katewak, ngalawan lain lawaneun, pamustungan Jang Oding ngudupruk ngadu’a. Aya sapuluh menit ngado’ana teh, tapi aneh eta Maung teu gep ngerekeb. Bakat ku atoh manehna sujud Syukur, tuluy nyarita :
Jang Oding : Nuhun gusti, sim abdi dipendakeun sareng maung soleh, ti batan ngerekeb abdi, katembong anjeuna ngadu’a.
Maung : Enya bener pisan, kuring teh kaabus maung pang solehna, dimana kuring manggih hakaneun, saencana ngahakan sok ngado’a heula.
Ngadenge kitu jang Usro kapiuhan.***

Manrobuka
Aya hiji tukang gali kuburan keur ngagali kuburan. Kulantaran harita panas pisan, sanggeus rengse ngagali kuburan, si tukang gali kuburan nyiuhan di jero kuburan bari ditiungan ku daun cau. Ujug-ujug aya lalaki jangkung gede nyampeurkeun, si horeng eta teh malaikat anu rek nanya jalma nu geus maot.
Malaikat: Manrobuka?!
Tukang ngagali kuburan: Aduh punten malaikat, abdi mah sanes anu maot. Abdi mah anu ngagali kuburan, nuju nyiuhan. Panas! Nu maot na mah nuju dijalan keneh!
Malaikat: Ah, sugan teh maneh!
Saminggu ti harita, tukang ngagali kuburan kacilakaan, terus dikuburkeun. Geus sababaraha poe dikubur, naha euweuh wae malaikat anu nanya, pikir si tukang ngagali kuburan. Kabeneran ti kajauhan katingali aya malaikat anu kamari salah nanya. Malaikat! gero si tukang gali.
Malaikat: Aya naon hey tukang ngagali kuburan?
Tukang ngagali kuburan: kunaon abdi teu ditanya?
Malaikat: Ah maneh mah minggu kamari oge ngaheureuyan kuring, pura-pura paeh!
Tukang ngagali kuburan: ????????

BH ayangkara
Basa dina pelajaran Bahasa Indonesia disalah sahiji SMP di Bandung, Pak Guru ngalatih hiji-hiji muridna sina kahareup.
Pak Guru : “Mimin tulis kahareup … BHAYANGKARA….”
Mimin nu rada tunduh langsung kahareup bari nulis ku kapur dina bor …. BAYANGKARA
Pak Guru : “Geuning teu make BH Min … ? (maksudna BHayangkara)
Mimin : “… ngangge Pak Guru….” bari ngarabaan susuna, puguh we murid-murid jeung Pak Guru teh teu karuat nahan kaseuri.

Jiang Zemin Urang Sumedang
Kabayan : “Abah kenal teu ka Jiang Zemin ?”
Abah : “Nya apal atuh, mantan Presiden Cina nepi ka Maret 2003″
Kabayan : “Uiii hebat euy …”
Abah : “Abah teaaa ….”, bari ngusapan kumis bakat ku reueus
Kabayan : “Bejana Jiang Zemin teh aslina urang Sumedang nya Bah.”
Abah : “Ah… ceuk sahaaa …??”
Kabayan : “Da ngaran aslina mah cenah Ujang Jamin, ngumbara ka Cina ganti ngaran jadi Jiang Zemin … hehehe … Kabayan tea…” bari gura-giru ngaleos
Abah : “Dasar si borokokok !!”

Nu Lolong jeung Nu Gempor
Kacaritakeun aya hiji sobat ti bubudak nepi ka gede teu bisa pisah, nu hiji lolong nu hiji deui gempor, mun indit inditan pasti duanana arindit da puguh nu lolong bagian ngagandong anu gempor bagian panunjuk jalan.
Hiji mangsa harita liwat jambatan walungan;
Lolong : “Sora aya anu mandi nya ?”, pokna anu lolong.
Gempor: “Heueuh !, cik rek nanya eta nu mandi teh awewe atawa lalaki ?”
Lolong : “Nya pasti awewe lah !”
Gempor: “Ah siah lolong-lolong ge nyaho ka awewe mah !,Naha maneh bet nyaho eta awewe, memang tandana naon ?”
Lolong : “Ah siamah dasar bego!, oneng! bin tolol!, pan eta tandana mah obeng maneh ngaganjel dina tonggong aing!”.
Gempor: “Aeh Heueuh nya ! dasar ! teu kaop ninggali anu?”

Kunti jeung Tukang Sado
Dina hiji peuting kacaritakeun mang Udin tukang sado rek balik ka imahna sanggeus mangkal di dayeuh. Di tengah perjalanan mang Udin ningali aya awewe keur nangtung disisi jalan make baju bodas bari buukna panjang nepi ka bujurna.  Ku mang Udin ditanya:
“Neng bade kamana wengi-wengi kieu’?”. “Nya eta mang bade ka ka bojong lopang” jawab na.
Tuluy singkat carita eta awewe teh milu ka mang udin da kampung mang udin ngaliwatan kampung nu rek dituju ku awewe eta. Pas nepi ka bojong lopang awewe eta turun bari ngasongkeun duit 20,000,.
“Ah neng sawios atuh” ceuk mang udin. Si awewe eta teu loba carita bari indit kana rungkun anu poek, barang teu lila mang udin kaget nempo duit 20,000 tadi rubah jadi daun kararas, Bari ngagurutu mang Udin nyarita “Dasar Kunti lanak”,
Teu lila sia wewe eta bijil deui tina rungkun anu poek bari nyarita
“Dari pada amang mah TUKANG SADO”

Maling Hayam jeung Panganten
Awal carita mangsa peuting keur sepi jempling, aya maling keur ulak ilik ka katuhu jeung kenca, ngaler ngidul jeung ngulon, tuluy keteyep ngadekeutan ka hiji imah panggung, maklum dikampung mah masih keneh loba imah panggung, jeung biasana kolong imah teh sok dijieun kadang hayam, kandang entog, kandang kelenci, pokona mah kolong imah teh sok dijieun kandang ingonan anu manfaat keur kulawargana, multi level meureun nya ayeuna mah istilahna teh.
Tah simaling teh caritana rek maling hayam, rerencepan muka panto kandang bari jeung dugdag-degdeg da sieun kadengeeun kunu boga imah, barang keur muka panto kandang ngadenge aya sora awewe “kang….tos dibuka……”, simaling ngagerendeng na hatena “duh! nyahoeun aing muka panto”, simaling jempe sakeudeung, teu kungsi lila tuluy moncor sirahna ka kandang, ti imah kadenge deui sora awewe “duh kang tos lebet nya !!!” sorana rada tarik, simaling ngorejat bari kukulutus dina hatena “haram jadah! nyahoeun aing rek maling hayam !”, padahal nu dijero imah mah teu nyahoeun nanaon da puguh keur sosonoan, maklum masih pangantenan.
Isukna simaling jualan bonteng di pasar, kabeneran si panganten oge indit kapasar, pas ngaliwat ka hareupeun tukang bonteng awewena nyarita ka salakina bari ngadilak ka tukang bonteng, pokna teh “kang siga nu wengi nya!”, maksudna kana bonteng, tapi Tukang bonteng ngagebeg hatena, rey…… beungeutna ngadadak beureum, tuluy hudang tina diukna, beretek lumpat tipoporose sieun ditewak, hatena baceo “duh bener-bener nyahoeun ka aing”. padahal si awewe mah ngomong kitu teh ngabandingkeun nu salakina.***

Pasen Dokter Gigi 1
Saperti biasa drg. Reza unggal pasosore praktek ngubaran waos di panganjrekanana. Harita teh wanci asar, kabeneran pasen keur suwung, sabatae jongjon kutrat-kotret nyieun naskah drama, dokter gigi nu ieu mah sapopoena nyeniman.
Keur jongjon ngimpleng, kuruduk aya pasen ibu-ibu tengah tuwuh ngarana Ibu Elis, can oge dimanggakeun, gorolang nyarita mani nyoroscos:
“Dok! Ibu keur rusuh, 30 menit deui kedah tos aya di Bandara Khusen, bisa teu nyabut waos dua sakaligus dina waktos 5 menit? Wios teu dibius oge da pasti kiat.” Nyaritana tatag taya karingrang.
“Mangga, cobi waos nu mana nu karaos teh?” Dokter Reza mariksa.
“Ieu waos pun lanceuk.” Ngomong kituna bari nunjuk ka carogena.

Pasen Dokter Gigi 2
“Dok, kunaon sabada nganggo gigi palsu sok kumetap upami mendak tulang, pon kitu oge kana barang nu aya dipacilingan?” Ceuk Neng Odah ka dokter Budi dokter langganana.
“Tangtos bakal kitu, da nu dianggo ku Ibu didamelna tina waos gogog.” Ngadenge kitu Neng Odah kapiuhan.

Pasen Dokter Gigi 3
“Dok naha anu nyeri waosna gugusi nu luhur,nu dicabutna bet jeung nu handap?” Gan Beny protes ka dokter gigi Reza.
“Punten..! Nu nyabut waos Bapa murangkalih sakola perawat nunuju praktek.” Ngomongna kalem.

Pasen Dokter Gigi 4
“Dok, tiwas obat perangsang tumbuh gigi dianggo ngisang atanapi cecebok ku pun bojo, katohyan ku abdi sabada ngawajiban, wengi tadi, ayeuna gagaduhan abdi barocok sapertos tapak digegel ku waos.” Jang Hadi nepikeun bangbaluhna ka dokter gigi Reza.

Landak
Kang Uhe : “Gelo…. hanas digabruk! Sugan teh kelenci nu ngorosak di ruyuk teh”
Kang Uday : “Ari pek?”
Kang Uhe : “Landak keur kawin! Ieu cucukna mani naranceb!”

Cucunguk
Teh Nani : “Teh… cik pan niupkeun ieu soca! Kapireungpeunan yeuh, asa aya nu asup. Pangningalikeun…. aya naon nu asup kana soca abdi?”
Teh Neni (pas rek niup): “Gusti…. geuning cucunguk nu asup teh!”.

Didudut
Kang Jack : “Jurig! Akikah mangkal tadi peuting mah sial. hanas dina mobil BMW disampeurkeun. Boro atoh. Sugan teh rek ngajak indehoy”
Kang Jaja : “Ari pek?”
Kang Jack : “Pas dibuka jandela mobilna. Nu nolol teh…… bapa uing. Nya puguh atuh langsung uing didudut ka imah. Da salila ieu uing nyumputkeun identitas jadi bences!”.

Ngukut Lauk
Kang Oding : “Kapok lah… ngukut lauk di balong teh. Aya bahan beak yeuh ramo…”
Kang Aniw : “Naha ngukut lauk naon, kitu Kang?”
Kang Oding : “Teu pira… ngukut lauk piranha 5 kodi!”.

Latah
Kang Aniw : “Mmmmh… kumaha nya daftar tentara teh teu lulus wae. Dumeh boga panyakit kitu kurin teh?
Teh Dewi :  “Naha boga panyakit naon, Kang?”
Kang Aniw : “Teu pira…… latah”.***

Sabun
Tati :”Cing nambut sabun ih!”
Eva :”Kumaha nyaaa…..moal tiasaa”
Tati :”Euuuuh medit pisan”
Eva :”Nambut…nambut…menta kituh…sabun nambut!!!”
Tati ngaleos …

Tato
Ado :”Bapa uingmah dina awakna aya tatoan gambar naga siah!”
Adi :”Komo bapa uing mah dina dadana tato garuda!”
Ade :”Bapa uingmah tatona saawak-awak siah!
Ado+Adi :”Gambar naon?”
Ade :”Teuing gambarnamah teu jelas, kitu we totol-totol barodas ning… gambar emping jigana mah!”

Ngabedakeun
Momon :”Kumaha cara ngabedakeun antara nu kencing manis jeung nu jengkoleun?
Maman :”Gampang atuh! Ari nu kencing manis mah ompolna sok digembrong sireum, sedeng ari nu jengkoleunmah ompolna dijarauhan sireum, da sieuneun mabok!

Klise
Babang :”Disisik-sidik mah nini maneh bet jiga kliseu euy!”
Bani :”Naon kliseu teh?”
Babang :”Heueuh negative pilem! Geura we ari buuk bodas, ari awak hideung!
Bani :”Siiii siah…ngahina!!!”

Basa Indonesia
A :”Ari basa Indonesiana sieun?”
B :”Takut”
A :”Ari kasieunan?”
B :”Ketakutan”
A :”Ari basa Indonesiana era?”
B :”Malu!”
A :”Ari kaeraan?”
B :”Kemalu…..ah teuing etamah ketang!”

Nikreuh
Aya nini-nini andiprek disisi jalan. Keur kitu aya nu ngaliwat, sarta nanya. “Keur naon Nini, andiprek di sisi jalan?”
Nini :”Puguh keur jajaluk, nini teh lumpuh, Ujang”
Nu ngaliwat :”Sareng saha atuh nini kadieuna tadi?”
Nini :”Ah nikreuh we sorangan…!”
Nu ngaliwat :”Haaar ari si nini….

Mikroskop
Adun :”Umur-umuran kakara dewekmah ningali kutu sirah sagede jempol suku!”
Udin :”Anjiir…na mani gede-gede teuing…dimana euy?”
Adun :”Dina mikroskop…..”

Keur Neangan
Ibro :”Keur naon ilaing titatadi mukaan buku telepon wae?”
Sadang :”Keur neangan nomer telepon Osama Bin Laden!”
Ibro :”Cageur?”

Liwet
Juned :”Kunaon silaing teh katingalina jiga anu laleuleus kitu?
Jumad :”Puguh geus saminggu teu kararaban kejo saremeh-remeh acan!”
Juned :”Euleuh….mani watir temen…dahar naon atuh sapopoe kamari?
Jumad :”Untung we manggih liwet unggal poe teh,jadi teu leuleus teuing….”
Juned :”Dasar gejul”

Pada Hayang
Tukang Es :”Hayang teh halodo nya”
Tukang Bajigur :”Sidik kuringmah hayang hujan”
Tk. Bubur :”Ah..kuringmah rek usum halodo rek usum hujan ge bae weee. Kuringmah hayang soteh payuuuu…”

Meh Teu Rugi Teuing
Udin :”Beu…kaya kieumah moal tulus euy kawin teh..”
Manap :”Kunaon kitu?”
Udin :”Teu nyangka euy..Neng Susi teh geus midua kuring. Manehna geus boga kabogoh deui. Mangkaning kuring teh geus meuli cingcin kawin..”
Manap :”Kumaha atuh?”
Udin :”Ayeuna mah tulungan uing, Nap…baturan uing nepungan si bebengok kabogoh neng Susi euy….”
Manap :”Sabar euy Din…teu hade riributan perkara awewe mah….era…”
Udin :”Na da uing mah lain rek ngajakan ribut barinage…”
Manap :”Rek naon atuh?”
Udin :”Rek ngajual cincin kawin,meh teu rugi teuing we atuh…”

 Komo
Totong :”Tang, kunaon minggu ieu kaciri ku dewek maneh mani alum ngungun kitu,kawas nu boga masalah beurat pisan?”
Tatang :”Teu rek alum kumaha, dewek teh karek diputuskeun ku si Eti, teu gugur teu angin ujug-ujug megatkeun hubungan. Mani nyeri hate, asa dibentar gelap. Da kacida bogohna dewek teh ka menehnateh.
Totong :”Alah ari maneh….da dunya teh teu sagede daun kelor….montong dipikiran atuh. Angguranmah neangan deui we da loba keneh nu leuwih geulis ti si Eti siga Ikeu, Irna,Dara atawa Dina”
Tatang :”Komo ka neng Ikeu atawa Irna, Dara nu sakitu gareulisna, cacakan ka si Eti anu teu geulis wae oge kuring geus ditalipak, komo deui kunu geulis meureun….”
Totong :”Teuing atuh ari kitumah”

Gulung Tikar
Akang :”Cenah di Garut loba pangusaha anu garulung tikar!”
Ayi :”Nya pantes we da ti baheula ge kitu…”
Akang :”Naha?”
Ayi :”Apanan daganganana ge samak wungkul, maenya we teu digulunganmah,
diamparkeunmah bayatak atuh meureun….!!”
Akang :”Dasar rieut…!”

Hese Ngajawabna
Aya pamuda kurang hideng asup ka rumah sakit
Pamuda :”Dokter, saleresna abdi teh udur naon cing?”
Dokter :”Sugan eta….naha bet nanya ka kuring…”
Pamuda :”Ari itu…kunaraon bet teu daramang?”
Dokter :”Nya loba panyababnamah,barareda”
Pamuda :”Ari Dokter nyalira panyawat naon? Naha didieu wae teu damang-damang geuning?

Wajar
Basa aya dua jalma tuna netra keur maraen catur, Si Sadun ngadeukeutan hayang lalajo
Tuna Netra 1 :”Skak….”
Tuna Netra 2 :”Skak ku naon?”
Tuna Netra 1 :”Kubenteng”
Si Sadun :”Etamah lain benteng, kuda da”
Tuna Netra 1 :”Jempe atuh tong pipilueun, wajar we salah saeutikmah, sidik kami mah teu narenjo”

Laporan
Nu lapor :”Lapor, Pa..”
Pulisi :”Aya naon?”
Nu lapor :”Ical konci motor, Pa..”
Pulisi :”Nyieun deui we atuh duplikatna,teu kudu laporan kadieu sagala!”
Nu lapor :”Numawi icalna teh sareng motorna,Pa…!!

Kembung Beuteung
Ade :”Kembung beuteung euy…..”
Udi :”Manehmah tambarakan atuh da barangdahar teh….angin wae didahar…!”
Ade :”Yeuh pek tah atuh jang maneh..” (bari brot..ngabekok)

Cinta Buta
Jajaka :”Ari nu disebut cinta buta teh naon euy?”
Jajaka :”Nu lolong jeung nu lolong… bobogohan”

Nyapih
Bi Aman :”Ih Euceu..kumaha nya itu pun anak mani sesah lirenna enen teh..”
Bi Iam :”Cobian ngangge batrawali. Tapi engke gentosna ulah dipasihan dot, ku gelas we..”
Bi Aman :”Na kunaon pami ngangge dot kitu?”
Bi Iam :”Upami ngangge dotmah sok langkung sesah nyapihna”
Bi Aman :”Justru nganggo gelas langkung sesah ngalirenanana,pun bapa dugi ka pupusna upami ngaleueut teh kedah ngangge gelas wae. Alimeun dipasihan kanu dot teh..”
Bi Iam :”Aeh muhun nya..hehe”

Aya Jarak
Jajaka :”Neng,keresa dijajap ku Akang?”
Mojang :”Mangga,mung aya saratna…”
Jajaka :”Naon saratna?”
Mojang :”Mapahna teu kenging pacaket tapi kedah aya jarak minimal satengah kilometer..”
Jajaka :”Sarua jeung bohong..”

Usaha
Mamang :”Emangmah sok heran ku jaman ayeuna, Jang…eta ningali jelema ku laloba duit, duka meunang timana nya…?”
Alo :”Ih, ari Emang,puguh sami abdi oge. Abdi ge gaduh tatangga…lamun dibumina kadangu aya sora orok ceurik pasti weh isukna atawa elatna 3 poe tiharita pasti meunang duit..”
Mamang :”Alah..boa-boa Jang…”
Alo :”Nu hiji deui mah tatanggi istri, Mang…mulihnateh sok subuh wae bari dijajapkeun ku pameget gentas-gentos. Carogenamah dibumi wae..icalan bubur sareng batagor..”
Mamang :”Nu tadimah munjung boa jang, lamun nu awewe eta boa bondon kitu?”
Alo :”Sanes Mang, nu tipayunmah padamelanana bidan, Mang…pami nu istri tukang batagormah purah kapasar,dijajapkeun ku ojeg…hehehe”
Mamang :”Na ari maneh sujang..ka kolot teh… ***

Sendal Kuring
Di hiji poe juma’ah saberes juma’ahan, si ucok (orang batak nu karek pindah ka bandung) ambek-ambekan da sendalna leungit. Si ucok nanya ka barudak nu keur nongkrong;
Si Ucok: “Heh kau barudak, ninggali sendal kuring teu?”
Barudak: “Sendal nu kumaha bang?”
Si Ucok: “Eta sendal nu karek meuli bieu isuk-isuk”
Barudak: “Wah teu apal bang”
Datang Pa Haji nu karek kaluar ti Mesjid, di tanya oge ku si ucok.
Si Ucok: “Pa Haji, sendal kuring leungit pa haji”
Pa Haji: “Pahili meureun bang”
Si Ucok: “Bah..! Siapa pula eta pa hili?”
Pa Haji: “Eh si abang, Pahili teh Pagentos”
Si Ucok: “Bah..! Duaan jeung si Pa gentos??”
Pa Haji: “Aduh di bejaan teh teu ngarti-ngarti, pa haji uwih ahh…Assalamualaikum..”
Si Ucok: “Bah..! Rek kamana Pa Haji?? Sendal kuring kumaha ieu??”

Budak Angkot
Dina hiji poe, aya ibu-ibu numpak angkot bari ngangais budak. Tapi tisabareng naek angkot, eta budak teh teu eureun ceurik wae, tayohna mah eta budak teh hayangeun nyusu tapi indungna eraeun da puguh angkot teh pinuh.
Tuluy we ku indungna di beberah sina repeh, tapi eta budak kalah beuki tarik ceurikna teh. Nya akhirna mah indungna ngelehan era era oge susuna dikaluarkeun tuluy diasongkeun ka budakna bari tuluy dirungkupan ku samping.
Teu kungsi lila eta budak kaluar nolol tina samping bari pok ngomong ka penumpang sejena “ngalaleueut a ……”
Nuntut Elmu
Hiji poe Bu Mirna guru SD kelas lima keur nerangkeun hal kawajiban nuntut elmu. Sanggeus nerangkeun tuluy Bu Mirna nanya ka barudak kelas lima.
Bu Mirna, “Barudak, ari nuntut elmu teh kawajiban saha? Naha kawajiban Ibu atawa maneh?”
Barudak, “Maneeehh……!” Ceuk barudak saur manuk.
Bu Mirna baeud.

Basa Lemesna

Ua Sas: “Cik, ari lemesna leungeun naon?”
kang Hendri : “Pananganan”
Ua Sas: “Lemesna suku?”
kang Hendri: “Sampeyan…”
Ua Sas: “Tah ayeuna…ari lemesna beas, naon?”
kang Hendri mikir…uleng lila….naon nya?
Ua Sas: “Tipung…!!!!”

EUIS Jeung ASEP

Cik…rek kumaha lamun baraya jadi ASEP terus EUIS bebene ASEP anu rada
mahiwal nyarita jiga kieu :
Tong bendu,!.kang ASEP !..Sanajan urang sami-sami mikanyaah, EUIS micinta kang ASEP,! Tapi dalah kudu dikumahakeun ! Jangji pasini boa moal bisa ngajadi !..Lain EUIS teu nyaah !.Tapi …tali paranti karuhun…kang !.Mangga reungeukeun ! Di kulawedet EUIS mah gulangkep, geura EMANG nikah jeung BIBI, AKI ngadahup ka NINI atuh kitu deui BAPA apan nikah ka EMA ! ari kang ASEP apan…lain baraya EUIS! Hampura kang ASEP !.EUIS..hampura!

SIEUN JEBOL
Meri keur uplek ngobrol jung puyuh.
“Percumah anjeun mah, ngendog teh meni laleutik.” ceuk meri ngamimitian nyarita.
“Tah tempo atuh kuring. Ngendog mah kudu badag kieu.”
Puyuh cicing we teu nembalan.
“Dina urusan ekonomi oge kuring mah tangtu leuwih alus batan didinya. Endog kuring mah bisa di jual sarebu perak. Ari didinya mah ngan bisa dijual saratus perak!” meri nyarita deui.
“Jadi sabaraha bedana endog kuring jeung endog didinya mun dijual?” Puyuh tungtungna nanya.
“Salapan ratus perak atuh!” tembal meri.
“Yeuh, dengekeun! kurng mah pang hoream-horeamna migawe pagawean nu picilakaeun teh.” ceuk puyuh nyarita deui.
“Maksud anjeun naon?”
“Enya, sabenerna mah gampang. Kuring ge bisa ngendog anu gedena sagede endog anjeun. Ngan hoream we.”
“Naha hoream?” meri jadi panasaran.
“nya hoream atuh. Pira ge ngudag duit salapan ratus perak, ari heug bujur kudu jebol mah.” ceuk puyuh bari ngaleos.

WILUJENG SUMPING

Kacaritakeun aya urang Batak nyaba ka Bandung. Beuki dahar jelemana teh. Teu sirikna ampir kabeh restoran jeung rumah makan nu aya di Bandung dianjangan kumanehna.
Hiji mangsa manehna mulang deui ka Medan, jeung ku kabeneran panggih jeung urang Sunda nu keur bubuara di Medan. Saterusna eta dua jelema teh ngobrol ngalor ngidul sual kadaharan.
“Waktu aku datang ke Bandung, hampir semua restoran aku datangi. Bah, enak-enak semuanya. Kalau nanti aku datang ke Bandung lagi, pasti aku akan makan lagi di restoran-restoran itu.” ceuk urang Batak teh.
“Restoran apa saja yang anda datangi?”
“Hampir semuanya lah. Pokoknya semuanya enak-enak.”
“Laksana? Ampera? Ponyo? Sindangreret? Saung Kabayan?”
“Bah! apapula itu? Gak ngerti aku Sindangreret, Kabayan dan lain-lainnya.”
“Lho, itu kan nama-nama restoran terkenal di Bandung?”
“Bah! bukan lah. Aku tahu persis semua restoran Sunda di Bandung namamya.. Wilujeng Sumping.” tembal urang Batak mani yakin pisan

Suing 1
pa guru : “saha jenengan teh, jang ?”
memet : “meme’ nuni’mat..”
pa guru : “halah siah budak teu uyahan nyebut meme’ ka kolot !”
si memet malik ka tukang, napelkeun curuk na suing na, tuluy malik deui bari ngomong ..
memet : “memet nurhikmat, pa guru !”

Suing 2
aya preman suing naek angkot, diukna di lawang deuih, atuh pas mobil maju teh suing na disada kawas hatong “hiiiiiiiiinng !!!”.
preman : “kiwi piw …”
supir : “pabrik kiwi mah tebih keneh A’ “
preman : “piw…kiwi piw…”
supir : “eeeh dibejaan teh, tebih keneh pabrik kiwi mah …”
bari keuheul si preman napelkeun curuk na suing na bari ngajejekeun suku “geblig !!!” terus ngomong…
preman : “kiri anjink !!!”

Suing 3
aya hiji mobil norobos lampu beureum, teulila “priiitt priit !!” dieureunkeun ku pulisi suing .. priwit na nyelap na suing na … tuluy
supir : “aduh pa hampura teu katinggal lampu beureumna …”
pulisi : “mana him..” si pulisi masang beungeut galak..
supir : “kulan pak ?”
pulisi : “hiiim…”
supir : “aduh punten pak abi teu ngartos…”
si pulisi kesel, manehna malik ka tukang, napelkeun curuk na suing, tuluy malik nyentak ka si supir …
pulisi : “Siiiim… goblooog…”

Suing 5

Pa Ustad : Muh …turutan Bapa nya
Emuh : Nya Pa Ustad
Pa Ustad : Alif…
Emuh : Alif
Pa Ustad : ‘Ba…
Emuh : ‘Mpa..
Pa Ustad : ‘Ba….
Emuh : ‘Mpa
Pa Ustad : Sanes Pa,,,tapi ‘Ba…
Emuh : ‘Mpa
Pa Ustad : (Rada ngamaklum)..he..geus tuluy keun we. Ta’
Emuh : Taaa
Pa Ustad : Bentes geuning..?! harkat na ulah panjang teuing. ayeuna ‘Tsa..
Emuh : saaa….
Pa Ustad : (bari ngusap dada,sing sabar aing teh).ayeuna Jim
Emuh : Jip….
Pa Ustad : Jim
Emuh : Jip
Pa Ustad : (kasabaran na beak) Treuk goblog..***

Henteu Bogaeun
Aram nyarita ka Udi, “Karunya ku si Badu, kakara tanggal 3 geus teu bogaeun duit sapuluh rebu sapuluh rebu acan”.
Naha nginjeum kitu ka ilaing?”
“Henteu. Ngan tadi basa dewek rek nginjeum duit ka manehna, cenah teu boga. Duit gajihna geus ambring.

Kabiasaan
“Ari maneh, naon sababna ari ditanya ngawalonna ku nanya deui?
“Naha henteu meunang kitu? Naon sababna?

Teu Kudu Dimandoran
Adil: “Euy silaing mah henteu kira-kira. Pamajikan disina migawe sagala rupa pagawean di imah sorangan bae: nyangu, nyeuseuh, sasapu, ngurus budak…. Ari ilaing kalah ulin teu uni!”
Diwalon, “Da pamajikan dewek mah geus hideng, henteu kudu dimandoran. Geus biasa sagala pagawean ditangkes ku manehna sorangan”.

Tolol
Gapur nyerenteng ka Tasim bari ambek, “Nanaonan maneh teh kamari carita ka dunungan yen dewek tolol?
Tasim, “alah punten bae. Sugan teh sanes rasiah!”

Nu Matak Henteu Dugul
Sastra ngagidig kaluar ti kantor, ditanya ku Bapa Kapala, “Rek ka mana, Sastra?”
“Bade dicukur,” walonna
“Naha dicukur dina waktu ngantor?”
‘Atuda buukna ge apan manjanganana dina waktos dines…..”
“Enya tapi apan henteu kabeh manjangan dina waktu di kantor, keur di luareun kantor oge buuk maneh teh terus manjangan”
“Nu mawi henteu didugulan…..” walonna bari terus ngingkig ka luar

Lamun
Neng Astri nganteuran tuang siang ka ramana anu ti isuk keneh ngedeluk nguseup di Talaga Sangiang.
“Kumaha Pa? Tos kenging sabaraha nguseup teh?” manehna nanya
Diwalon ku ramana, “Lamun anu ieu beunang serta ditambah tilu deui, poe ieu Bapa baris meunang opat…..”

Hayang Teu Gawe
Waktu keur ngilikan model komputer anu anyar, nu dagangna nyarita ka Tisna, “Model enggal teh. Upami ngagunakeun komputer model eta padamelan baris ngirangan satengahna”.
“Enya?”
“Leres pisan”.
“Ari kitu mah meser dua!”

Sumber cerita: Ajib Rosidi, 2008, Seuri Leutik, Kiblat, Bandung

Para Asep

Ku Dhipa Galuh Purba

SALAHSAHIJI ciri has urang Sunda, bisa ditilik tina ngaranana. Upama lalaki, sasarina sok maké ngaran Ujang, Asép, atawa Encéng. Atuh upama wanoja, pasti maké ngaran Enéng, Nyai, Cucu, Euis, Enung, jeung sabangsana.
Keur golongan lalaki, bisa jadi ngaran Asép téh minangka ngaran anu favorit tur loba anu mikaresep. Malah aya anggapan, mun yén anu mibanda ngaran Asép, hirupna sok leuwih walagri. Leuwih meunang pamor jeung meunang géngsi, batan ngaran Ujang atawa Encéng. Sanajan (dina kanyatanna mah) teu saeutik ngaran Ujang anu hirupna suksés. Saperti Ujang Darojatun, Ujang Sutimo, Ujang Didih, jeung sajabana.
Loba pisan ngaran Asép anu bisa makalangan téh. Siga Asép Sunandar Sunarya, dalang sohor saalam dunya. Asép Somantri, Pamaén Persib manten.  Asép GP, tukang wartawan, As(c)ép Zamzam Noor, tukang nyajak. Asép Among, kabogoh Néng Lina. Nepi ka calo sohor di Bunderan Cibiru ogé, apan ngaranna téh Asép Déwa. Hanjakal pisan dina jajaran kabinét mah, asa can kungsi kacaturkeun aya ngaran Asép. Komo deui Présiden mah. Rajeun aya ogé, Asép Soeharto urang Cigorowék, nasibna téh ukur jadi tukang buburuh ngoréd.
*
Kacaturkeun di sisi jalan Cipadung, aya hiji warung sangu anu kaitung ramé. Di hareupeunna ngajeblag tulisan anu unina ‘Warung Sangu Asép’. Kawasna mah nyaluyukeun jeung ngaran anu bogana, nyaéta Juragan Asép. Anéhna deui, sakabéh pagawéna ogé bet ngaranna téh sarua Asép wungkul. Ti mimiti tukang ngaladangan, nepi ka tukang kukumbah, taya hiji ogé anu ngaranna lain Asép.Teuing kabeneran, atawa mémang ngahaja kétang. Sabab basa mangkukna Jang Isud ngalamar gawé, ngaranana kudu dirobah jadi Asép Isud.
Basa Juragan Asép keur ngabaheuhay bari maca koran, kirining téh telepon disada.
“Hallow, sareng saha ieu?”
“Abdi Nénéng,”
Iyah, badé bernyarios sareng saha?” ceuk Juragan Asép, ngadadak cénghar.
“Badé ka Kang Asép,”
“Muhun, abdi nyalira, Néng,”
“Kaleresan atuh…”
“Jodo nya?” panyakit cunihinna mimiti kanceuh deui.
“Jodo-jodo tujuh mulud siah! Buru bayar, urut dipencétan tadi peuting!”
Ngadéngé kitu mah, Juragan Asép reuwas kabina-bina. Gagang telepon dibeubeutkeun. Tuluy ngarongkong gelas na méja. Barang rék antel kana biwir, aya anu ngacleng sajorélatan. Puguh baé gelas téh dibalangkeun. Manahoréng cakcak. Mangkaning Juragan Asép téh kacida ijidna kana ngaran cakcak.
“Asééép…!” Juragan Asép ngajorowok. Teu pati lila, ana burudul téh, sakur pagawéna datang, mani ngaliud hareupeun Juragan Asép.
“Gusti nu Agung! Na maranéh téh kawas anu lieur pisan. Kuring mah ukur nyalukan Si Asép Soyanja, rék ménta dipangnyokotkeun cai,” pokna Juragan Asép bari téténjrag, semu anu keuheul naker. Atuh geus kitu mah, kabéhanana tinglaléos deui, nuluykeun hanca pagawéanna séwang-séwangan.
“Ieu téh alatan kabéhanana ngaran Asép…” gerentes Juragan Asép bari tarangna mani kerung-kerung baé, siga anu keur mikir perkara beurat naker. Tapi teu pati lila, nyéh Juragan Asép seuri sorangan. Kawasna mah geus meunang bongbolongan anyar, pikeun nuntaskeun masalahna.
Sakabéh pagawéna dikumpulkeun, pikeun ngabadamikeun perkara ngaran. Kaputusanna nyaéta sakabéh ngaran pagawéna ukur dimeunangkeun maké ngaran papanjangna wungkul.
“Pokona mah gunakeun last name, ngarti?!”
“Ngartos…” témbalna mani réang. Taya nu bisa baha, sabab geus katelah Juragan Asép mah dunungan diktator. Dina ngajukeun interupsi ogé, geus puguh bakal ditolak. Matak ngarumas ka Asép Jebléh, tukang naheur cai. Ti mimiti poé éta, ngaranana kudu jadi Jebléh.
*
Kirining, telepon disada deui. Barang diangkat ku Juragan Asép, horéng Nénéng deui baé. Tapi untungna Juragan Asép nalék deui kalayan leuwih écés.
“Asép naon ngaranana?” ceuk Juragan Asép.
“Asép Garut rupina mah, juragan. Da sok disarebat Asgar,” témbal Nénéng.
Teu loba catur deui, Juragan Asép nyalukan Asép Garut, tarik naker.
“Garuuut…!” kitu cenah. Bareng pisan jeung mobil kotrima jurusan Bandung –Garut anu kabeneran ngalalar ka hareupeun warung sangu. Puguh baé supir jeung kenékna mani curinghak. Kawantu mobilna kosong kénéh. Mobil kotrima eureun. Jrut, kenékna turun bari tuluy lumpat, nyampeurkeun Juragan Asép.
“Sabaraha jalmi, Pa?” tanya kenék.
“Sabaraha jalmi nanahaon manéh téh!” Juragan Asép muncereng.
“Éh, rék ngajak ribut ieu téh? Can apal ka Asép Guntur?” Kenék ogé malik ambek, asa diheureuykeun ku Juragan Asép. Puguh baé jadi paréa-réa omong. Lamun teu kaburu datang Hansip Baron mah, kawasna bisa tuluy galungan.
*
Ngaganti ngaran ku papanjangna dianggap kurang épéktip deui baé ku Juragan Asép. Temahna kalah ngajadikeun riributan. Anu antukna Juragan Asép nyieun deui aturan anu anyar. Mimiti harita, sakur ngaran pagawéna cukup disingket baé. Kawasna mah kainspirasian ku Nénéng.
Puguh baé Asép Jebléh mah kacida atoheunana. Tapi ningggang ka Asép Mara. Ngaran saalus-alus, kudu  disingket jadi Asma. Matak ngarumas deuih ka Asép Palémbang, anu ngaranna jadi Aspal. Padahal Palémbang téh cenah mah tempat lahir luluhurna.
Kangaranan nyieun kaputusan anu teu pati diluyuan ku pagawéna. Juragan Asép manggih pangalaman goréng deui baé, anu méh sarupa. Bédana ieu mah tumiba ka tukang asin, basa Juragan Asép ngageroan ngaran Asin (Asep Sinta). Tungtungna mah awahing ku rudet mikiranana, Juragan Asép kapoékan. Sakabéh pagawéna di-PHK, kalayan teu méré pasanggon sapérak-pérak acan.
Dina kaayaan sarupa kitu, sakabéh pagawé Juragan Asép ngayakeun démontrasi anu rada rongkah. Malah antukna nimbulkeun karusuhan sagala rupa. Ari mimitina mah Si Asé ngurilingan warung bari mamawa spanduk anu ditulisan; Jangan Putuskan Diriku!’. Si Aspal gugulitikan di tengah jalan, bari nugaran aspal. Si Asma malédogan rumah sakit, anu kabeneran aya di gigireun warung. Si Asmi jeung Si Asti mah kalah malédogan gedong kasenian. Pokona mah pamolah anu anu démontrasi téh, matak pikapaureun.
Teu pati lila, burudul pasukan anti huru-hara datang. Buriak, anu démontrasi bubar.  Tapi Si Asli ditéwak, diduduh jadi propokatorna. Tilu urang pagawé anu nyumput dina jero hong ogé, harita kénéh sarua dicerek. Maranéhna téh taya lian; Si Asoy, Si Asana, jeung Si Asik.
*
Isukna, méh sakabéh koran poéan mani ramé ngawartakeun ngeunaan anu démontrasi. Malah aya hiji koran anu nulis judul ngaran-ngaran pagawé anu ditéwak ku pulisi. Tulisanna ogé mani ngajeblag; ‘Asli dituduh Propokator. Asana Asik dan Asoy ditangkap Polisi.’
Tukang suuk anu kabeneran maca koran, meunang sakedapan mah kalah ngahuleng.
“Teu percaya aing mah. Apan ceuk Si Badar ogé, ari ditéwak pulisi téh sakitu ripuhna. Nya digebugan ku pulisi, nya digebugan ku préman panjara. Boro-boro asik jeung asoy…” kitu gerentesna bari nyoéhan koran, dibagi opat. Tuluy dipaké mungkusan suuk.***

Ambon Sorangan

CAU ambon dikorangan kanyere kapipir pipir, Chu Eng Lay ambon sorangan Nyo Cho Sang mah teu mikir mikir. Dua duana sarua pakeukeuh keukeuh, Chu Eng Lay keukeuh bogoh, kitu deui Nyo Cho Sang keukeuh embung, malahan hate Nyo Cho Sang kalahka ngait ka ko Boen Haw bujang lapuk anu boga pabrik hio diwewengkon Mauk. Abong rupa ko Boen Haw mirip Tao Ming Tse atuh jadi bahan rebutan amoy amoy saantero pecinan. Teu saeutik wanoja anu ditampik sapiasihan, ditolak sapajodogan, kitu deui Nyo Cho Sang ngan ukur bisa ngegel curuk, malahan ayeuna mah tibalik, cau ambon dikorangan kaliki kapipir pipir, Nyo Cho Sang ambon sorangan ko Boen Haw mah teu mikir mikir,sabab hate ko Boen Haw geus kajamparing ku Chi Mei Lan wanoja camperenik, palayan toko elektronik di wewengkon Glodok.
Ayeuna mah karek karasa kumaha rasana ditampik ku awewe, peurih asa digerihan terus dipurulukan ku uyah kidul, teu disangka titadina geuning Chi Mei Lan teh, saeutik oge teu kabrongbroy ku rupa sumawona ku harta banda, sanajan enya ko Boen Haw teh teu dipiceun sasieur mirip personil F4, atawa saliwatan mah mirip Roger Danuarta, kitu deui hartana, bru di Panjalu ngalayah di daerah Bayah, tapi katresna Chi Mei Lan geus kadung dipuntangkeun ka Thai Khu Chiang anu sareretan mirip Ferry Salim pemeran utama pilem Cha Bao Khan. Dasar Thai Khu Chiang kaleuwihan ditaksir ku Chi Mei Lan anu demplon siga bapau eusi daging hayam, eh kalahka naksir Shoe Ming Soei mojang desa asal Pontianak anu karek sabulan ngumbara ka Jakarta.

Sapoe samemeh imlek ngahaja Thai Khu Chiang tandang ka imahna di Petak Sembilan, mawa kueh karanjang jeung jeruk bali sadingkul. Dihandapeun caangna lampu lampion Thai Khu Chiang nembrakeun eusi hatena yen manehna rumasa kapentang gondewana Shoe Ming Soei. Asup akal mun Thai Khu Chiang kapengpeongan tur kabungbulengan, saha lalakina atuh anu teu kabengbat ku kageulisan Shoe Ming Soei,sanajan asal ti padesaan tapi Shoe Ming Soei lir titisan dewi Kwan Im. Sakedapan Shoe Ming Soei ngan ukur ngabetem basa ditanya eusi hatena, Thai Khu Chiang tambah panasaran campur hariwang, boa-boa cintana nogencang. ” Pasihan waktos !” kitu nu kaluar tina biwir ipis Shoe Ming Soei minangka jawabanana.

Teu beak kasabaran ,waktu cia taokai (dahar bareng maleman imlek ) di hotel mandarin, Thai Khu Chiang menta jawaban nu pasti, leungeuna ngasongkeun angfao tanda kadeudeuh anu eusina taya lain konci ruko nu aya dikampung china,diwewengkon kota wisata Cibubur.

“Mangga atuh, ari hoyong kapastian ti abdi mah !” Shoe Ming Soei ngarandeg, ramona nu lentik nyelang heula ngaragamang kana angfao, dua detik angfao teh geus pindah kana tas manehna, geus kitu neruskeun hanca cumaritana. Barang rengse cumarita Thai Khu Chiang lir beusi atah meuleum, ambek pacampur jeung reuwas, reuwas nandingan dibentar gelap tengah poe ereng-erengan. Ambek lantaran angfao geus pindah tempat, atuh reuwas lantaran Shoe Ming Soei wakca balaka yen manehna kalahka bogoh ka Barongsai.
Cau ambon dikorangan kanyere dijieun bongsai, Thai Khu Chiang ambon sorangan, Shoe Ming Soei mah kalahka ngudag barongsai. Ciaaaaaaatt!

10 Jurus Jetu kanggo nu bade Nganjang

Kahiji
Upami bade angkat seuseup heula menyan tilu kali sareng kocrotkeun minyak sinyongnyong tiluhur sausap rambut tihandap sahibas dampal. Kade hilap tataros heula kanu tiasa meh caina herang laukna beunang. Mun saur panarosan kedah ngalangkung kana jandela omat kedah diturutkeun, komo dina palebah ngaler ngidulna mah, lamun cek pitunjuk kedah ngaler omat angkat kedah ngaler heula sanaos bumi bebene aya dikidul.
Kadua
Diutamikeun nganggo anggoan anu seueur pesakna, kanggo persiapan bilih susuguhna rada euyeub, diantawisna opax, gegeplax, raginang, wajit, angleng, bubuy boled, jrrd, Anu maksadna, supados sobat bongoh….. susuguh eta tiasa ngalih kana pesak.
Katilu
Dianjurkeun pisan nganggo kendaraan roda opat, margi upami naek ojeg bilih “golep” rugrug atanapi acak-acakan kadedetkeun helm. Langkung sae upami “mercy” dipipir nganggur tiasa dianggo.
Kaopat
Teu kenging cacandakan mangrupi koper, margi bilih disangki dobel profesi janten tukang rebab atanapi tukang sulap.
Kalima
Upami tos dugi dipayuneun bumi simanehna, tenjrag bumi tilu kali bari mapatkeun ajian ” sijaran goyang ” sareng kade hilap nyiapkeun gas airmata, bilih anu ngabageakeun the anjing nu gaduh bumi.
Kagenep
Samemeh kelebet tengetkeun heula saha nu pangpayuna mapag, upami ramana omat ulah waka kalebet, margi bisa tibalik jadi ngapelan (nganjangan) ramana.
Katujuh
Upami ramana ngiring nimbrung, ajak we ngobrol soal politik ngeunaan Bank Century dituntungan titah ngajawab tarucing ieu…Bentukna kotak tapi diragap geunyal…pasti anjeuna langsung ngabengbeos teu bisaeun ngajawab.
Kadalapan
Kade….! upami nuju nganjang teu kenging maca novel margi sanes di perpustakaan, sareng bilih kajonjonan teu karaos si manehna ngaguher tibra gigireun.
Kasalapan
Teu kedah ningalian jam, margi jam nuju nganjang mah teu berlaku. Anu berlaku dehem ramana. Dehem kahiji nandakeun batas apel (nganjang) tos seep bari teu tiasa diisi ulang. Dehem kadua tandana urang kedah tos singkil di lawang panto. Dehem katilu urang kedah tos aya diburuan. Dehem kateterusan, ambek geus nyedek tah sibapa teh.. siap-siap make helm. Bisi dialungan Kohkol !
Kasapuluh
Upami bade nego perkawis perpanjangan waktu, siapkeun “angfao” anu paling saeutik eusina gobanan. Pas ngelol gancang ajak sasalaman bari selipkeun sakadang angfao. Kontan ramana galehgeh someah bari nyarios kieu…… “Ongkoh…ongkoh wae jang bapa mah tos teu kiat bade leleson ….!”

Sakitu wilujeung nyobian, kanggo nu bade mindo. Duka tah upami mintelu atanapi mipapat mah.
Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...